• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

DAULAH ISLAM: AGÉNDA POLITIK UMAT

madinaLAPORAN Utama BD anu ayeuna dimaksudkeun minangka tadzkiroh pikeun urang, hususnya para calég jeung umumna umat Islam, pikeun naratas jalan kana Daulah Islam atawa Darul Islam, sacara konsitusional. Koncina, rempeg tur sauyunan ogé nyadarkeun umat Islam ngeunaan kawajiban ngalaksanakeun ajaran Islam sapuratina.

Daulah Islam ééta ngarupakeun agénda pulitik umat Islam. Éta agénda kudu alias wajib diperjuangkeun ku para pamingpin umat di pamaréntahan atawa parlemén. Laun tapi pasti, satapak demi satapak, ajaran Islam kudu dilumakukeun di ieu nageri sapuratina. Lamun teu ditarékahan saperti kitu, numutkeun Syekh Yusuf Al-Qaradhawi dina Min Fiqhid-Daulah Fil Islam (Fiqhud Daulah dalam Perspektif Al-Quran dan Sunah, 1997:23), sakabéh umat Islam dosa.

Istilah “Nagara Islam”, “Daulah Islam”, “Khilafah Islam”, malah “Syaréat Islam”, geus lamokot ku rupa-rupa landian goréng ti golongan kapir jeung munapék. Malah, pamaréntah Inggris mah diiberkeun bakal ngalandi atawa méré cap “ektremis” pikeun umat Islam Inggris nu ngadukung kana ide pikeun ajegna Khilafah jeung nanjeurna Syaréah Islam.

Daulah Islam jeung sajabana éta saukur hiji ngaran, hiji babasan istilah, pikeun wewengkon nu ngalumakukeun ajaran Islam dina sagala widang kahirupan. Ti sakuliah dunya, kiwari acan aya hiji ogé nagara anu bisa disebut Daulah Islam.  Indonesia ogé acan manjing pikeun disebut Daulah Islam, utamana karana kadaulatan (kekuasaan tertinggi) di ieu nageri lain milik Alloh SWT, tapi milik rahayat (démokrasi).

Urang ngarasa atoh nalika ngadéngé béja ahéng ti Pakistan, yén saprak 17 Februari 2009, masarakat Lembah Swat (Swat Valley) sapuk pikeun ngalumakukeun Syaréat Islam. Ngalumakukeun syaréat Islam ieu di rojong ku pamaréntah Pakistan demi ngayugana kadaméan, kaadilan, jeung karaharjaan di wewengkon kasebut. Urang bandungan kamekaranana tur urang ogé mibanda harepan bisa lumangsung kalawan lancar. Anu écés, Amerika Serikat dina hal ieu kacida pisan ambekna ka Pakistan.

Perjuangan ngajadikeun ieu nageri minangka Daulah Islam (Nagara Islam, Syariat Islam, Khilafah, atawa naon baé lah istilahna mah)– ulah eureun di tengah jalan. Di hambalan “suprastruktur” pulitik, para pajabat jeung pulitisi Muslim kudu mibanda kapengkuh jeung pancén kaislaman anu kuat pikeun nanjeurkeun kalimah Alloh, di antarana ngeliran kawijakan nagara ku ku ajén-inajén Islam.

Di hambalan “infrastruktur”, kasadaran umat ngeunaan wajibna ngamalkeun Islam sagemléngna éta kudu terus dimekarkeun jeung digedurkeun, disagala rupa widang kahirupan, kaasup widang pulitik. Saluyu jeung hal éta, pamahaman nu bener ngeunaan bag-bagan Daulah Islam atawa syaréat Islam di kalangan masarakat non Muslim ogé kudu dimekarkeun, yén Daulah Islam mah henteu ngancam jiwa maranéhna; yén Daulah Islam ngajénan kana kayakinan maranéhna, malahan méré panyalindungan kana jiwa jeung harta banda maranéhna, satungtung maranéhna ogé henteu ngamusuhan Islam jeung kaom Muslimin. Wallahu a’lam. (ASM. Romli/BD Maret 2009).*

* Ieu seratan saukur pangjajap Laporan Utama BD edisi 348/Maret 2009. Salengkepna seueur seratan sanesna oge wawancara sareng tokoh-tokoh Islam di Jawa Barat di BD edisi cetak. Mangga ngalanggan. Hatur Nuhun.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: