• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Jalma Munapék Paling Sangsara Hirupna

AMBARA: KH. ATHIAN ALI M. DA’I

DINA ayat-ayat awal Quran Surat Al-Baqoroh (1-8), Alloh SWT maparin gambaran yén dina kahirupan di dunya téh aya tilu golongan manusa anu nangtukeun sikepna kana bebeneran, nyaéta mumin, kafir, jeung munapék.
Golongan kahiji diécéskeun dina tilu ayat (ayat 3, 4 jeung 5); golongan kadua dijelaskeun dina dua ayat (ayat 6 jeung 7); jeung golongan katilu diécéskeun dina tilu welas ayat (ayat 8 nepika 20). Masih loba deui ayat-ayat dina Al-Quran anu ngécéskeun ngeunaan ciri-ciri tilu golongan manusa kasebut.
Jalma munapék nyaéta jalma nu nyoba-nyoba nyumputkeun kakafiranana. Maranéhna pura-pura iman, batinna kafir, tapi sacara lahiriyah maranéhna mintonkeun kaimanan. Kalintang pentingna urang apal kana ayana golongan munapék ieu, demi maranéhna bisa jadi jalma anu leuwih gedé bahayana batan golongan kafir. Disangka saperti jalma nu deuheus atawa batur saperjuangan, padahal maranéhna satékah polah nubles ti jero.
Dina ngayonan maranéhna jelas leuwih hésé, demi maranéhna dina pameunteun umat Islam awam masih dianggap mumin, padahal leuwih rongkah bahayana upama dibanding jeung jalma nu bruk-brak ngaku kapir. Kalintang rongkah bahaya jalma munapék anu aya disabudereun urang, dugika Alloh maparin pangéling leuwih lega dibanding nalika ngajelaskeun ciri jalma mumin atawa kafir.
Kalintang héséna urang pikeun nganyahokeun kana ayana golongan munapék demi kabisa manusa mah ukur dina hambalan anu johir, nembrak saperti ucapan, sikep jeung laku lampahna. Sedengkeun kana perkara anu nyangkaruk dina haté urang hamo bisa nyaho sok sanajan urang leuwih deuheus hubunganana jeung manéhna.
Jalaran kawatesna manusa, nya Alloh SWT kalayan sifat Rohman katut Rohim-Na ngajelaskeun ka urang ciri-ciri jalma munapék, sangkan urang bisa ngamahamkeun tur ati-ati ka maranéhna. Alloh SWT mukakeun panutup ka urang ngeunaan ciri-ciri maranéhna (QS. 2 : 8). Dina ieu ayat ditegeskeun yén golongan munapék mah teu segan-segan pikeun ngaku iman sok sanajan haténa jauh patojaiyah jeung anu diomongkeunna.
Munapék éta kabagi kana dua hambalan, nyaéta munapék dina akidah jeung muamalah. Munapék dina akidah kagolongkeun munapék gerot, nu ngajadikeun hiji jalma geus kaluar tina beungkeutan Islam (kafir) ku pura-pura iman, nyebutkeun ku sungutna mumin padahal haténa kafir. Sedengkeun munapék muamalah mah digolongkeun kana munapék leutik anu teu matak ngagugurkeun akidah tapi kaasup kana dosa badag.
Hakékatna jalma anu paling sangsara hirupna di dunya jeung di akhérat éta golongan jalma munapék, sabab maranéhna mibanda dua kapribadian. Dina pameunteun jalma iman maranéhna saolah-olah mumin, di golongan kapir maranéhna dianggap dulurna. Di dunya dosa jeung ma’siat anu dilakukeun ku maranéhna masih bisa disamunikeun, tapi di akhérat jaga sakabéh laku lampahna bakal dibokérkeun lain ukur ka dirina tapi ogé ka sakumna manusa, kajaba dosa jeung ma’siat anu parantos dihampura (QS. Al-Fushshilat : 0-21).
Dua sikep atawa kapribadian ieu ngarupakeun ciri kahiji golongan munapék anu ku Alloh disaurkeun. Sedeng ciri kadua tiasa diaos dina QS 2:9.  Ku sikep midua ieu maranéhna ngamaksud rék nipu Alloh jeung jalma nu ariman. Ieu ayat nuduhkeun kacida pisan bodo jeung ceuleupeungna pola pikir maranéhna, naha mungkin bisa nipu Alloh?
Upama jeung sasama mahluk atawa jalma mumin masih dimungkinkeun bisa ditipu jeung dibobodo, tapi Alloh Anu Maha Uninga malah rék ditipu ogé. Ieu sarua jeung nipu diri sorangan. Kacida ceuleupeungna sikep golongan munapék.
Dina ayat séjén, nyaéta surat Muhammad ayat 30,  Alloh maparin jangji ka jalma nu ariman pikeun ngabokérkeun kamunapékan jalma munapék. Dina ayat di luhur (QS. Muhammad : 30) diisaratkeun yén jalma munapék mah sering ngedalkeun ucapan anu genah kana manah tur tiis kana ceuli anu eusina ngandung maksud jahat nu ngarugikeun perjoangan Rosululloh SAW. Nya Alloh mukakeun rusiah maranéhna anu buruk tadi. Ciri-ciri maranéhna bisa ditempo diantarana tina pameunteu beungeut jeung lésan nu heurasna.
Pon kitu deui dina ayat séjénna Alloh nembrakeun kamunapékan jalma-jalma munapék, sakumaha anu kaunggel dina Surat Al-Munafiqun:1. Alloh ngandika: Upama jalma-jalma munapék daratang ka hidep, maranéhna bakal nyarita, “Kaula saréréa nyakséni yén andika téh Rosul Alloh”, padahal Alloh uninga yén hidep téh (Muhammad) bener-bener Rosul-Na, jeung Alloh nyakséni yén jalma munapék téh jalma anu enya-enya barohong.
Alloh midangkeun ciri golongan jalma munapék ieu dina énggoning nyalametkeun jalma nu ariman, demi upama teu aya pituduh ti Mantenna urang bakal hésé pikeun nganyahokeun kaayaan jalma munapék tadi. Maranéhna ngahalalkeun sagala cara, bisa pura-pura ibadah saperti anu dilakukeun ku urang. (Disadur tina lembar kajian Syakhshiyah Islamiyah FUUI/ Alma’/BD).*

One Response

  1. upami hoyong terang kumaha ciri jalma munapik teh kumaha? di artikel di luhur teu dijelaskeun kumaha saenyana dina kahirupan urang, yen hiji jelma teh munapik? hatur nuhun

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: