• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

GERENTES HATE

CEUK sawangan mah hawa pulitik bakal karasa beuki ngahéab panas ti saprak awal taun 2009 M/1430 H. Anu jadi cukangna, para calég (calon anggota législatif) mingkin tarik tur harus ngalakukeun kompanyé pulitik. Ayeuna baé kelebat partéy, spanduk, jeung poto-poto calég geus euyeub minuhan pirang-pirang patempatan jeung sisi jalan raya.
Dina kampanyeu kiwari aya perkara anu anyar, nyaéta spanduk atawa baligo anu eusina ngaran, logo partai, jeung poto calég. Calég anu kabeneran dianugrahan beungeut kasép atawa geulis, wajib syukur, demi kakasépan atawa kageulisan, éta disatengahing masarakat nu nganut pulitikna masih “tradisional”, milu nangtukeun hiji jalma dipilih atawa henteu.
Upama téa mah wajah caleg téh “standar”, malah “pas-pasan”, tangtu baé ulah leutik burih, ogé ulah percaya diri anu kaleuleuwihi pisan. Ulah tarik teuing némbongkeun poto, sabab bisa jadi, gara-gara wajah calégna anu kurang kasép/geulis, hiji simpatisan partéy “luncat” tur pindah ka partéy séjénna.

Urang mémang ulah meunteun hiji jalma tina beungeutna. Alloh SWT ogé kitu. Dina hiji hadits disebutkeun, satemenna Alloh henteu nempo kana kakasépan atawa kana kabeungharan hiji jalma, tapi Alloh bakal nempo kana haté jeung amalna.

Masalahna, haté jeung amal pulitisi katut parpol urang mah loba anu geus kabokér “kurang amanahna”. Yakin, masarakat dikuciwakeun ku gawé parpol katut kader-kaderna anu jadi anggahota legislatif. Katohyan, maranéhna leuwih loba mentingkeun dirina sorangan katut golonganana, tinimbang bener-bener bajuang pikeun rahayat. Jalaran kitu, tong anéh upama “golongan putih” (golput) terus aya dina saban Pemilu.

Malahan, alatan kahariwang golput mingkin undak, malah bisa “meunang“ dina Pemilu, Ketua MPR Hidayat Nurwahid nepika ngusulkeun sangkan MUI ngaluarkeun fatwa anu ngaharamkeun Golput. Di hiji sisi, ieu usulan téh nuduhkeun kana “eungapna” pulitisi dina nyanghareupan Pemilu 2009. Tapi di sisi lainna, ieu ngarupakeun hiji bukti, ulama (agama) bakal dimangpaatkeun deui ku para pulitisi, demi kapentingan pulitik maranéhna. Leungeun ulama saukur bakal digunakeun lamun nguntungkeun pulitisi atawa pamaréntah!
Leuwih jauhna, naha henteu aya usulan “fatwa wajib” pikeun dilarapkeunana syaréat Islam? Sakuduna mah MUI téh didesek pikeun ngaluarkeun fatwa dilumakukeunana syariat Islam dina sagala widang, kaasup dina widang pulitik! Naha aya henteu pulitisi anu boga wawanén gedé pikeun nyoarakeun atawa ngusulkeun “fatwa haram” ngagunakeun sistim demokrasi Barat?
Golongan putih sabenerna kungsi midang atawa ngajaul dina kakawasaan Orde Baru pamungkas. Harita mah, sering digunakeun minangka eunteung tina rasa teu sugema ku kakawasaan Golkar anu rongkah anu bisa ngutah ngatah kahirupan katatanagaraan anu ngarojong kana kapentinganana, sakaligus ngajadikeun kabébasan pulitik masarakat urang jadi ngabelegbeg teu cékas. Kiwari mah, hudangna Golput téh lain alatan kakuciwaan anu ditémbongkeun ka hiji partéy wungkul, tapi ampir ka sakabéh partéy pulitik anu makalangan.
Golput éta fenomena kota. Jalma-jalma anu asup kana Golput téh umumna kalangan terpelajar di kota-kota gedé anu ngarti atawa “melék pulitik”, rasional, tur kritis kana pirang-pirang kaayaan pulitik nasional.  Upama dibandingkeun jeung masarakat désa anu jumlahna leuwih ti 80% jeung leuwih loba anu ngagunakeun hakna sacara emosional tur irasional, nya kakuatan Golput téh teu matak pikahariwangeun.
Justru fenomena Golput bisa jadi kauntungan pikeun parpol anu meunang dukungan ti massa irasional anu nyaliara di desa-desa saperti PDIP jeung Golkar. Nya di dieu anu kudu ditalingakeun téh, gerakan Golput justru bisa jadi kontraproduktif demi nguatan posisi partéy anu justru loba dikritik minangka anu teu bisa dipercaya.
Fenomena jeung wacana Golput sabenerna jadi tangtangan séjénna pikeun kalangan pulitisi sangkan bisa ngabebenah citra jeung kinerja di mata publik. Lamun kalangan pulitisi panik, gelisah, malahan rempan, nya sahanteuna éta ngarupakeun “hukuman” atawa sanksi sosial-psikologis balukar tina laku lampah maranéhna nu salila ieu sulaya jeung nguciwakeun rahayat.

HAWA pulitik ogé bakal mingkin ngahéab panas ku rentulna prakték-prakték “pulitik duit” (money politic). Tegesna, sogok (risywah) téa!
Sakumna jalma pasti hayang duit. Malahan, hiji jalma anu sok ceramah ogé bisa kukulutus nalika panitia tablig akbar henteu ngamplopan dirina saba’da réngsé ceramah. Hiji jalma anu idealis-kritis ogé bisa “dilumpuhkeun” ku duit. Aksi démonstrasi bisa ngabeledug kalawan rongkah tur gampang ku dorongan duit. Hiji perkara anu katingali sampurna tur mulya, bisa rungkad ajénna nalika katohyan “UUD” (Ujung-Ujungna Duit). Landian “UUD” malahan bisa jadi “stigma” pikeun ngabakutet malah mareuman karakter hiji jalma anu idealis atawa hiji lembaga anu kritis.
Urang ogé pati bakal satuju, urang butuh duit pikeun nyorang ieu kahirupan. Tapi urang ogé kudu sapuk, ngala duit téh kudu ku cara anu normal, beresih, atawa henteu ngarempak papagon aturan. “Pék téangan nafakoh bari henteu ngorbankeun harga diri atawa kahormatan diri,” kitu wéjangan wijak ti Nabi Muhammad SAW.
Sakumna jalma éta geus aya rejekina, kari diusahakeun ku cara anu mulya, profesional, jeung alakadarna luyu jeung katangtuan anu lumaku. Naon hartina loba duit lamun téa mah –misalna—dilandi palacur, “palacur beneran” atawa “palacur pulitik”. Naon hartina lubak libuk ku harta pakaya lamun téa mah saban poé dirurucah jeung dicacampah masarakat alatan KKN. “Buat apa hidup mewah kalau akhirnya susah… Saperti Para Koruptor,” cék grup band SLANK harus dina hiji laguna. Hina pisan diri urang, di mata manusa jeung dina pameunteun Alloh SWT. Na’udzubillah!
Matak rujit! Jigana kecap anu pas dina nyindekkeun fenomena mahabuna money politics di ieu nageri, di dunya perpulitikan urang. Utamana nalika rék pamilihan kepala daerah, nyusun anggaran, atawa netepkeun pajabat eksekutif, jeung netepkeun calég.
Para calég atawa calon-calon kepala daérah bisa ngadak-ngadak ngajaul tampil minangka jalma nu béréhan pisan dermawan, ku “silaturahmi” jeung ngabagi-bagikeun duit ka sakumna pihak.
Rentulna OKB (Orang Kaya Baru) éta ngarupakeun kanyataan lain di jaman réformasi. Alam démokrasi anu ngamungkinkeun hiji jalma ngadak-ngadak meunang gajih yutaan rupiah alatan jadi anggahota déwan. Acan deuih tina “limpahan upeti” ti kalangan pangusaha atawa calon éksékutif anu “meuli suarana”. Kusabab teu ridlo kani’matan (baca: ujian kani’matan jeung jabatana) téh leupas, nya manéhna ngalakukeun “sagala cara” pikeun mertahankeunana.
Musibah rongkah, pulitik duit geus ngajadikeun kalolobaan (upama henteu sakabéhna mah) susulur rahayat ngalakukeun “salingkuh pulitik”, sulaya ka rahayat, tur leuwih ngutamakeun kapentingan dirina sorangan katut golonganana batan ngarorés nasib rahayat.
Susulur rahayat saukur ngadeukeutan rahayat nalika kampanyeu. Janji-janji (palsu) merul ngabudal ti para juru kampanyeu atawa calon anggahota législatif.  Saolah-olah bener yén maranéhna téh bakal jadi susulur rahayat tur nyoarakeun aspirasi masarakat. Saprak anégléng calik dina korsi hipu di legislatif, parantos teu aya deui kapentingan pikeun ngadeukeutan deui rahayat. Maranéhna ngagaur vokal, kritis, idealis, jeung saperti bener minangka susulur rahayat, saukur sakali-kalina, éta ogé “saukur omongan wungkul” atawa alatan didodorong massa démonstran!
Pulitik duit éta ngarupakeun bentuk “komunikasi pulitik” sakaligus “pendidikan pulitik” anu goréng patut di kalangan pulitisi urang. Pulitik duit éta ngarupakeun musuh rahayat, sok sanajan rahayat ogé butuh duit. Alatan cekokan duit, para wakil maranéhna leuwih mihak ka golongan jalma anu ngawurkeun duit batan ka golongan anu méré sora atawa méré kapercayaan. Istilahna, “Maju tak gentar membela yang bayar!”.
Ah, ku duit sagalana mémang bisa diatur. “Hanya cinta sejati yang tidak bisa dibeli dengan uang,” ceuk sinetron urang.

AYEUNA urang miéling ganti taun 1429 ka 1430 Hijriyah. Geus tangtu, momentum tina ganti taun téh salah sahiji hikmahna nyaéta “tadzkiroh”, sakaligus “update” sumanget anu terus kudu ngagedur dina diri saban muslim, nyaéta sumanget hijrah.
Hijrah salawasna kudu aya dina diri saban Muslim, dina harti pindah tina kondisi iman anu lemah kana iman nu kuat;  tatahar tina kondisi ukhuwah anu lemah jadi kuat; pindah laku lampah goréng kana amal sholéh; ogé –kawilang rongkah—nyaéta pindah ti Darul Kufur ka Darul Islam.
Darul Kufur éta hiji kaayaan di mana sistim Islam henteu dilumakukeun, atawa anu dilarapkeun téh ukur sabagianna wungkul (parsial), saperti sistim ibadah-ritual wungkul, tapi sistim pulitik katut hukum éta masih ngagunakeun sistim Thogut, anu leuwih kawéntar ku sistim demokrasi téa. Écés, urang masih aya dina wewengkon Darul Kufur, tur kudu gura-giru pikeun hijrah ka Darul Islam, nyaéta ngalarapkeun sistim Islam dina sagala widang. Tarékah hijrah ka Darul Islam éta kudu terus diihtiaran, boh évolusi, gradual, sahambalan demi sahambalan, upama perlu révolusi!
Urang keuna ku kawajiban syar’i pikeun ngajanggélékeun Darul Islam, sakumaha Nabi katut para sahabatna di Madinah baheula saba’da hijrah. Tarékah hijrah éta bisa dilakukeun ku milih jeung merenahkeun pulitisi-pulitisi Muslim anu siap bajoang demi ajegna syiar Islam di parlemén. Anu jadi pasualanna, naha aya calég atawa parpol anu bajoang demi ajegna Darul Islam di ieu nageri? Upama henteu aya, geuwat ayakeun! Lamun geus aya, pilih tur rojong! Dosa urang upama ngantep ieu nageri terus-terusan aya dina kondisi Darul Kufur.
Sistim ékonomi Islam, perbankan katut asuransi, geus ditarima dunya minangka sistim ékonomi panghadéna. Malahan urang kapir ogé narima kalawan daria minangka sistim ékonomi anu kawilang stabil. Kumaha jeung sistim pulitik katut hukum Islam? Hayu urang sawalakeun, sosialisasikeun, sistim “pulitik syariah” jeung “hukum syariah”, dua sistim Islam anu masih dimomorékeun kaom Muslimin, jeung leuwih milih sistim pulitik jeung hukum warisan penjajah kapir Walanda. Wallahu a’lam. (ASMR/BD).*

One Response

  1. ass. wr. wb manawi aya artikel anu judulna “bodo alahbatan kebo” ?

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: