• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

AKHLAK RAMIJUD BALUKAR PANGARUH PAHAM ANU SALAH

Ambara: Prof. Dr. KH. Miftah Faridl
Ketua Majelis Syuro Dewan Da’wah Islamiyah Jawa Barat.

miftah-faridlTARÉKAH anu kudu dilakukeun tur disanghareupan ku umat Islam kiwari téh nyaéta ngabénténgan umat tina pangaruh-pangaruh sékulérisme. Salian ti pangaruh-pangaruh Barat anu nyasarkeun umat Islam, ogé pangaruh-pangaruh nu tumuwuh di tengah masarakat Islam sorangan, saperti bentuk syirik, bid’ah, jeung khurofat.

Anu holna ti Barat éta mémang kudu leuwih talingakeun kalawan ati-ati, demi maranéhna asup ngaliwatan jalur akademis, jalma-jalma nu palinter tapi matak ngabalukarkeun bahaya nu rongkah, sabab maranéhna geus merenahkeun agama saperti urang Barat nu meunteun agama minangka ‘ritual’ wungkul anu teu bina ti agama kristen di garéja, luar ti éta kabéh sekuler, paham sarupa kieu bisa ngabalukarkeun bahaya nu rongkah pikeun umat Islam.
Akhlak Islam mah lain saukur akhlak nalika nikah atawa maot wungkul, tapi sakabéh réngkak paripolah kahirupan téh éta kudu diwengku ku Islam, boh dina kulawarga, masarakat katut nagara éta kudu sagemléngna Islami. Pidawuh Rosul, “Kaula henteu di utus anging pikeun nyampurnakeun akhlak”. Hartina jaman harita ogé aya masarakat nu akhlakna hadé, lajeng disampurnakeun ku Nabi Muhammad SAW, di antara akhlak anu disampurnakeun ku Rosul téh saperti sikep silih mikahéman tur mikanyaah, ngaleungitkeun prakték-prakték ékonomi ribawi, atawa prakték judi nu kiwari keur digedurkeun deui ku sistim sekuler.
Jadi, lamun baheula aya tarékah ti sabagian masarakat nu hayang ngahirupkeun “panca agama”, tapi ditampik ku sakumna pihak, lain baé umat Islam tapi ogé ti luar Islam, nya meureun dihariwangkeun harita aya anu disebut “sinkritisme”, jadi ku “panca agama” jalma bakal ngamahamkeun sakabéh agama éta bener. Écés paham saperti kitu moal bisa ngabina akhlak, tapi sabalikna, kalahka ngahianat kana agama masing-masing.
Ngabina akhlak mah justru akidah agamana kudu dikuatan sangkan dina nalika ngalaksanakeun akhlak nu hadé téh éstu tulus ikhlas nyumponan panggero akidahna. Lamun hiji jalma ti umat Islam jadi jujur, ieu alatan panggero agama nu diagemna, tur Alloh ogé maparin paréntah sangkan mibanda sikep jujur, upama henteu jujur, tinangtu di akhérat bakal jadi jalma nu rugi atawa  cilaka téa.
Ku ayana krisis moral ieu sakuduna mah bisa ngayugakeun agama anu mingkin kuat tur pengkuh, nyaéta akidah jeung akhlak anu kuat tur hadé. Kiwari loba jalma nu ngamahamkeun yén akhlak nu hadé téh nyaéta hadé dina hambalan ibadah ritualna wungkul, ieu ogé bener, jalma nu mibanda akhlak mah kudu sholat, tapi ogé kudu jujur, santun, rancagé, sopan, disiplin, sabab ieu ngarupakeun akhlak Islam, nu saur Nabi di luhur; “Kaula diutus taya lian anging pikeun nyampurnakeun akhlak”.

ANU kudu diheulakeun dina énggoning ngabénténgan umat tina budaya jahiliyah atawa Barat ieu taya lian anging akidah tauhid éta kudu jadi tatapakan anu poko jeung utama. Ulah leupas tina akidah. Naon baé nu dilakukeun ku urang, boh bisnis atawa anu séjénna éta ulah leupas tina beungkeutan sumanget tauhid, yén nu ngamilik mutlak éta saukur Alloh wungkul, sedengkeun sagala rupa perkara anu di urang éta saukur titipan jeung amanah ti Alloh.
Nalika urang nyawalakeun kakawasaan, nya urang kudu yakin yén Anu Maha Kawasa téh éta ukur Alloh, kakawasaan nu aya dina leungeun manusa mah éta ngarupakeun katangtuan jeung ujian ti Alloh, jalaran kitu urang teu kudu mitenah, ngancurkeun anu séjén. Upamana urang hayang jadi bupati atawa anu séjénna, nya urang dipahing pikeun mitenah atawa ngancurkeun nu jadi lawan urang, sawangsulna urang diperedih sangkan satékah polah usaha kalawan hadé tur rancagé atawa anu séjénna. Nalika henteu nyangking kakawasaan atawa jadi pamingpin ogé ulah ngarasa minder, sabab Alloh anu ngaturna jeung nu séjén-séjénna.
Pon kitu deui dina hambalan pendidikan, akidah tauhid éta kudu tetep ngajanggélék dina sikep, yén urang téh wajib ikhtiar usaha satékah polah, prosés. Anu nangtukeun hasil mah mung Alloh SWT. Ulah leutik burih, pegat harepan, pédah anak atawa jalma anu diatik jeung dididik ku urang henteu sholéh kalahka toléh, karana anu dipeunteun ku Alloh mah prosésna, usahana, anapon hasilna mah mung Alloh anu nangtukeun. Nya kitu deui dina pendidikan kulawarga kaasup dina hambalan sakabéh perjuangan umat Islam kudu yakin, yén Islam téh agama Alloh, pasti diunggulkeun ku Alloh sabab kagungan Alloh, urang mah saukur satékah polah nanjeurkeun. Ieuh aya lahan, lolongkrang ti Alloh SWT sangkan urang milampah amal, tah amal éta anu bakal dipeunteun ku Alloh.
Lamun sakabéh sikep jeung laku lampah nu dilakukeun ku urang éta ditatapakan ku tauhid, tinangtu bakal ngayugakeun sikep ikhlas, teu kudu mikabenci, pegat harepan, demi digawé terus kalawan ikhlas, ieu ngarupakeun akhlak nu kawilang penting dipibanda ku urang saréréa.
Jalaran kitu, kalintang pentingna pikeun ngabebenah deui ieu akhlak, ceuk kuring mah naon baé pangajaran nu dideudeulkeun ka nu jadi anak didik, dijerona tetep kudu ngawengku atawa aya muatan pendidikan akhlak. Lamun dina palajaran agama ngajarkeun pikih, ulah saukur ngajarkeun fikih wungkul tapi ogé kudu aya pesan-pesan moralna, saperti nalika ngajarkeun bab wudlu, wudlu minangka ajaran beberesih, kasucian jeung anu séjénna, ieu mibanda pesan moral anu mangrupa cinta lingkungan demi kudu aya cai nu beresih. Pon kitu deui ibadah sholat éta aya pesan moral nu mangrupa nalika hiji jalma ngalaksanakeun sholat, nya kudu jadi leuwih hadé, disiplin, ngajénan waktu, jeung disiplin ka pamingpin. Ibadah shaum, éta mibanda pesen moral nu tétéla, nyaéta kasholéhan sosial nu mangrupa kudu mihéman ka nu sok lapar, ogé kudu nyaah ka nu sok kakurangan pangan jeung anu séjénna.
Ceuk kuring mah ngawangun akhlak téh éta lain saukur kawajiban para ustadz, demi kiwari aya kesan saolah-olah ngawangun akhlak téh éta kawajiban para mubalég, ustadz, ajengan atawa kiyai, moal mungkin bisa tinekenan, sabab kawajiban ngabina akhlak mah ngarupakeun kawajiban sakumna pihak. Palajaran naon baé anu disodorkeun éta nyangkem pesan moral, boh langsung atawa henteu langsung, malah nalika ngajarkeun olah raga baé kudu midang nu disebut kajujuran, sportif, ulah licik. Jadi kiwari urang kudu ngagedurkeun deui gerakan moral nu kiwari katempona mimiti melempem.
Pikeun ngamimitianana taya lian anging ti diri urang sorangan, kulawarga, katut lingkungan, nepika sakumna pihak bagerak ti mimiti pamingpin nu pangluhurna nepika anu panghandapna.
Upama kiwari urang ngabandungan kaayaan akhlak urang jadi ramijud, éta alatan pangaruh paham jeung pangarih nu salah, kapentingan materi, jeung napsu urang sorangan nu ambisius. (Alma’/BD).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: