• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Hikmah Ibadah Qurban

athian* Ambara: KH. Athian Ali M Da’i, Lc, MA.

SAJATINA upama urang leukeun neuleuman tur ngaguar hikmah nu kacangkem dina ibadah, utamana ibadah Qurban, tanwandé baris euyeub ku hikmah nu bisa dikoréh tur diala ku urang, di antarana Alloh SWT kersa maparin hiji pépéling ka sakumna jalma mumin, yén dina nalika nyorang alam kahirupan dunya, ieu moal sepi tina prosés perjuangan jeung pangorbanan.
Sadar atawa henteu, saban mumin hakékatna mah ditungtut pikeun bajuang jeung kurban. Bisa jadi, dina poé ‘Idul Qurban, hiji mumin sacara syaréat kurban ku cara meuncit sato kurban dina wanda hiji domba atawa sapi, nya teu nutup kamungkinan isuk jaganing géto mah manéhna ditungtut pikeun ngurbankeun eusi dompétna, boh nu mangrupa harta pakaya pikeun nulungan pakir miskin atawa ngabantu sasama nu keur nandangan kasusah.
Bisa jadi deui, dina poénan kurban sabagian tiantara urang saruka-bungah kurban ku meuncit hiji sapi atawa domba, tapi teu nutup kamungkinan isuk pagétona mah manéhna ditungtut sangkan daék ngurbankeun waktu, tanaga, pikiran, matéri, atawa perasaanana. Malah mandar, leuwih beurat deui mah, mungkin ditungtut pikeun siap ngurbankeun hiji perkara anu kawilang mahal tur gedé ajénna pikeun ukuran kahirupanana, nyaéta kudu ridlo nandonkeun atawa ngurbankeun nyawana sorangan demi hiji perjuangan hirup di jalan-Na.
Upama urang napakuran sajarah kahirupan para Rosul Alloh, écés baris dikanyahokeun yén kahirupan para Rosul téh teu aya nu sepi tina perjuangan jeung pangurbanan. Padahal, 25 Rosul éta ngarupakeun utusan-Na nu justru dipilih langsung ku Alloh SWT, upama diukur jeung diiker ku logika, sakuduna mah hirupna para Rosul pinilih téh éta sarwa genah tur diistimewakeun ku Alloh SWT. Tapi, dina kanyataanana, kahirupan maranéhna téh euyeub ku cocoba jeung ujian anu nungtut perjuangan jeung pangurbanan. Ti waktu ka waktu hirup maranéhna salawasna dibarengan tur dituturkeun ku ujian jeung totondén.
Pék geura ku urang lenyepan kahirupan para Rosul nu kaunggel dina Al-Quran diguar dina sajarah, utamana perjuangan jeung pangurbanan Nabi Ibrahim a.s. nu aya pakaitna jeung moméntum Idul Adha. Éstu kawilang beurat tur baha ujian jeung cocoba anu katampi ku Nabi Ibrahim nalika anjeuna diparéntah ku Alloh sangkan siap ngurbankeun hiji perkara nu kawilang mahal keur ukuran dirina, nyaéta meuncit nu jadi anak pituin, Ismail a.s., nu sakian puluh taun didama-dama lahirna.
Saméméh prung ngalaksanakeun ieu paréntah Alloh SWT, Nabi Ibrahim cumeluk ka nu jadi anakna, Ismail (QS. Ash-Shooffat : 102). Ieu ayat maparin hiji pangajaran jeung hikmah anu kalintang luhung. Alloh ngajarkeun ka urang ngaliwatan Nabi Ibrahim, yén hiji jalma éta mibanda kawajiban pikeun ngajénan hak anu séjén sok sanajan ka diri nu jadi anak sorangan. Dina diri Ibrahim teu ngancik saeutik ogé sikep ‘sok kumawasa, asa anu pangakangna’ nepika sakarep ingsun dina ngalaksanakeun papagon Alloh SWT. Padahal waktu harita kadudukan jeung kalungguhanana téh sabagé Nabi katut Rosul nu meunang paréntah langsung ti Alloh SWT.
Ayat di luhur upama ditempo tina sisi kaimanan mibanda hikmah, pikeun jalma nu mumin henteu aya pilihan séjén upama dirina disanghareupkeun kana paréntah Alloh SWT kajaba ngahiap ku ucapan ‘sami’naa wa atho’na’, abdi sadaya nguping paréntah Gusti tur abdi sadaya siap pikeun ngalaksanakeunana.

NABI Ibrahim parantos ridlo tur ikhlas pikeun ngurbankeun nu jadi anakna demi nyumponan paréntah Alloh katut agamana, cik kira-kira kumaha sikep urang upama ieu paréntah téh tumiba ka diri urang? Naha urang réla tur ikhlas bajuang ku ngurbankeun perkara nu kawilang gedé ajénna demi kapentingan agama? Atawa malah meureun sabalikna urang mah leuwih réla ngurbankeun agama pikeun kapentingan jabatan, kakawasaan, kulawarga jeung golongan?
Sakuduna mah urang bisa nyokot pangajaran nu kawilang luhur ajénna tina kisah Nabi Ibrahim anu dijadikeun tonggak sajarah Idul Adha atawa Idul Qurban. Demi nu jadi pasualanana, moméntum Idul Qurban éta lain saukur meuncit sato kurban dina bentuk hiji sapi atawa domba wungkul, tapi coba lenyepan sajarah peristiwa kurban tadi.
Ku ngalaksanakeun kurban éta bisa ngadorong diri saban mumin pikeun mibanda karep jeung cita-cita ogé satékah polah usaha demi ajegna bebeneran Alloh SWT dina hirup kumbuh masarakat jeung nagara.
Geus waktuna peristiwa kurban téh leuwih dima’naan lain saukur ku meuncit sato kurban, tapi leuwih ti kitu kudu bisa nyokot ma’na nu kaunggel dina éta paréntah Alloh SWT.
Ngaliwatan sumanget kurban, kuduna mah ngajadikeun urang mingkin siap pikeun bajuang jeung kurban, demi ajegna sendi-sendi bebeneran katut kaadilan di satengahing kahirupan masarakat jeung nagara. Ku sumanget kurban, urang kudu siap pikeun bajuang jeung kurban merangan kamungkaran. Ogé teu kurang pentingna urang kudu siap pikeun nyanghareupan sagala risiko nu bakal karandapan tur tumiba ka diri urang, upama kaom nu ngadukung kamungkaran atawa kama’siatan tadi ngarasa kagareuwahkeun kadudukanana.
Ku cara ngantep kamungkaran atawa kama’siatan tumuwuh tur nyaliara di satengahing kahirupan masarakat, nya siap-siap baé pikeun nampi bebendu Alloh SWT dina pirang-pirang bentuk adzab nu moal ukur tumiba ka jalma nu zholim wungkul, tapi jalma nu iman ogé bakal ngarasakeun balukarna.
Mudah-mudahan Alloh SWT maparin jalan nu hadé ka urang sadaya, saba’da urang satékah polah bajuang jeung kurban kalawan maksimal dina nanjeurkeun nu ma’ruf, dina waktu nu sarua urang ogé bajuang jeung kurban pikeun merangan sagala rupa kamungkaran jeung kama’siatan nu ngorowotan jeung ngaruksak kana sendi-sendi kahirupan nu diberekahan tur dipikaridlo Alloh SWT. (Alma’/BD)*

One Response

  1. Alhamdulillah..ageung manfaat pisan,nyunkeun widi kanggo di copy, haturnuhun

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: