• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

NGABUNTUT BANGKONG

Pedaran : Ki Edas

BUNTUT ngarupakeun daging atawa tulang anu jadi, atawa nonjol dina awak. Cungcurungan mun di manusa mah. Mun di hayam mah tunggir ngaranna téh. Anu disebut buntut, biasana mah panjang ngagebay, kawas pecut, saperti buntut oray, buntut maung, buntut ucing, buntut singa, buntut gajah jeung sajabana. Tapi ogé aya buntut anu parondok, saperti manuk atawa hayam. Anu kaciri buntut dina hayam atawa manuk mah nyaéta buluna.

Bangkong, ngarupakeun sato anu bisa hirup di dua tempat, di darat jeung di cai (amfibi). Kulantaran boga sipat kitu nepikeun ka jadi masalah dina ngeunaan kahalalanana. Naha bangkong téh haram atawa halal? Kana masalah ieu aya anu boga pamadegan yén upama hiji sato bisa hirup di dua alam, tah sato téh haram, cenah. Tapi, upama urang nalungtik kana ayat al-Quran, bangkong mah teu kaasup sato anu diharamkeun.

Dina al-Quran mah, anu écés diharamkeun téh saukur opat rupa, nyaéta bangké, getih (anu ngocor, marus), daging babi, jeung peupeuncitan anu ditujukeun lain karana Alloh (QS.2:173). Dina ayat séjénna disebutkeun peupeuncitan anu henteu nyebut Asma Alloh nalika mencitnya. Sato anu dipeuncit lain karana Alloh disebutna nusub, atawa berhala téa (QS.5:3), sarupaning peupeuncitan keur parépéh. Saperti hajat laut, anu huluna di labuhkeun ka laut.

Ngaruat jembatan atawa gedong, dimana huluna diruang dina lahan pibangunaneun, jeung anu séjénna. Peupeuncitan anu kitu mah sanajan maca bismillah dina nalika ngagérésélkeun bedog kana beuheungna éta sato, tetep baé dagingna mah haram. Lantaran paniatanana pikeun nyuguhan sétan atawa jurig jarian sangkan répéh, teu ngaganggu. Pon kitu deui dina hadits Nabi SAW teu kacatur bangkong haram. Nya ari resep mah mangga téh teuing.

Keur jadi buruyna kénéh buntutna panjang ngegebay, nepika wandana lir gegendir. Tapi sanggeus robah jadi bangkong buntutna buntulu. Kulantaran teu katingali téa nya bangkong disarebut teu buntutan. Dina babasan ngabuntut bangkong, kecap nga hartina saperti, atawa nyarupaan. Jadi kecap ngabuntut bangkong téh pihartieunana buntu, saperti buntut bangkong. Tah kumargi kitu naon baé masalah anu teu aya jucungna, teu aya tungtungna, alias buntu laku sok disebut ngabuntut bangkong.

SABABARAHA taun anu geus kaliawat umat Islam ngagedurkeun paniatan pikeun ngabubarak jeung ngabasmi kama’siatan alatan ngumbar orat, anu geus sumebar di sakuliah jagat nusantara ieu. Nerekebna nu ngumbar orat, lain baé tulisan jeung gambar dina koran, majalah atawa tivi, tapi ogé ngabungkeuleuk, ngajirim nyolok mata buncelik saperti anu dilakukeun ku para artis téa. Misalna Inul, jeung konco-koncona. Hal ieu bisa ngaruksak akhlak bangsa, utamana barudak ngora. Kukituna perlu aya undang-undangna geusan jadi payung pikeun ngabasmina. Éta paniatan téh disaluyuan ku wawakil rayat di DPR. Pikeun ngabuktikeun éta paniatan nya DPR-RI nyieun panitia khusus (Pansus) pikeun nyusun rancangan undang-undang anti pornografi jeung pornoaksi téa. Anu disebut RUU-APP.

Tapi nepi ka kiwari éta RUU-APP téh bet teu embol-embol. Kawas nu tilelep kana leuwi anu kacida pisan jerona, nepikeun ka umat Islam hésé rék ngajaitna. Mémang ari kana kahadéan mah sok loba gogodana. Nya dina hal ieu ogé kitu, lantaran aya jalma nu teu panuju tur ngahalang-halang téa. Anu teu satujuna salian ti non muslim téh ogé aya ti golongan anu ngakuna mah Islam, nyaéta golongan Islam sekulér téa. Maranéhna mani saroson-soson dina bajuangna pikeun nampik éta undang-undang téh. Dibélaan toh pati jiwa raga katinggalna téh.

Tapi urang teu kudu hélok, demi kajadian modél kieu lain saukur jaman kiwari wungkul tapi ti béh ditu kénéh ogé geus aya. Saperti Pir’aon anu nangtang Nabi Musa as, Abu Jahal jeung Abu Lahab anu ngahalang-halang kana da’wahna Nabi Muhammad SAW. Maranéhna kacida pisan ceuceubna kana nanjeurna agama Alloh téh. Nya kawasna téh nepi ka yaumil akhir ogé Dajjal-Dajjal sabangsaning Pir’aon atawa Abu Jahal jeung Abu Lahab téh moal ngurangan. Lantaran sétan baka ngokojoan jalma-jalma anu sarupa kitu. Alloh SWT ngandika ka urang dina ayat 121 surat al-An’am. “Yén sétan sok ngaharéwosan balad-baladna sangkan ngabantah jalma anu bajuang nanjeurkeun agama Islam. Upama urang nuturkeun kana kahayang maranéhna tanwandé urang bakal kaasup golongan jalma musyrik.

Lajeng dina ayat 122-na ditétélakeun yén Gusti Alloh parantos ngajadikeun jalma-jalma kapir ngarasa bener kana naon anu dipilampah ku maranéhna. Hal ieu luyu jeung manusa anu ngusahakeun sangkan UUAPP téh teu lahir ngarasa pamadeganana bener. Malah UUAPP nu salah lantaran geus ngarumpak HAM cenah.
Tapi ari su’udzon mah, tina ngabuntut bangkongna RUU-APP téh teu perlu. Sok sanajan kiwari geus katohyan yén bisa lahirna hiji undang-undang anu di garap ku DPR téh alatan ku ngocorna duit ka Senayan, cenah. Malah hal ieu téh geus lumangsung ti taun 1970 kénéh, cenah.

Di antarana anu masih kénéh haneut tur keur jadi paguneman KPK nyaéta bocorna duit pangleuleueur ti Bank Indonésia keur biaya ngarobah (amandemen) undang-undang BI, jeung mémérés hutang manusa anu ngagerejud duit nagara nu ngaliwatan BLBI (Bantuan Likwidasi Bank Indonésia). Pikeun umat Islam anu masih kénéh percaya kana bakal ayana poé kiamah mah, moal waranieun pikeun kudu sumar-semir atawa cucak-cocok, sugak-sogok mah.

Demi kalakuan kitu téh pasti kudu dipertanggung-jawabkeun dipayuneun Gusti Alloh. Kitu deui kana nyangka ayana duit panyocok sungut ti anu anti RUU APP ogé anu ngocor ka Senayan téh teu kudu jadi émutan. Lebah dinyana mah urang pasrahkeun wé ka Gusti Alloh, margi Mantenna Anu Maha Uninga mah kana sagala rupi kajantenan di ieu alam dunya. Tapi mugia waé atuh ngabuntut bangkongna RUU-APP téh lain alatan duit anu teu ngocor, tapi acan kagarap wé panginten, alatan loba teuing sanghareupaneunana.*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: