• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Ciri-Ciri Tobat Nashuha

Ambara: KH. Athian Ali M. Da’i

TOBAT éta nu nangtukeun jeung henteuna urang asup ka sawarga. Kecap tobat éta sering dipungkas ku dua sipat Alloh nu Maha Jembar ku Pangampura tur Maha Murah. Upama teu aya dua sipat Alloh Anu Maha Miheman tur maha Jembar ku pangampura, écés manusa moal mungkin bisa asup ka sawarga-Na sok sanajan mibanda amal nu loba tur tétéla.

Anu jadi pasualanana tobat nu kumaha nu bisa ditampi ku Alloh téh, sahingga tinekenan kana nu dimaksud nyaéta asup ka sawarga bari meunang pangampura jeung kahéman ti Alloh SWT?

Aya genep syarat nu kudu dicumponan ku saban jalma nu hayang tobat, tur ditampi tobatna ku Alloh SWT, nyaéta;

Kahiji, kudu sadar tur ngarasa kaduhung ku dosa-dosa nu geus dilakukeun.

Sadar jeung kaduhung ku pirang-pirang dosa nu geus dilakukeun, saperti sadar jeung kaduhungna Adam katut Hawa, éyang urang baheula. Saperti nu diriwayatkeun dina hiji hadits, nalika Adam katut Hawa ngarempak papagon Alloh ku mangrupa ngadahar buah Huldi, langsung sadar yén maranéhna téh geus ngarempak aturan jeung papagon Alloh ogé langsung kaduhung. Hal éta ku urang tiasa kaaos dina surat al-A’rof:23.

Pok duanana tamada, ‘Duh Gusti Pangéran abdi sadaya! Rumaos pisan abdi duaan parantos nganiaya diri abdi. Kumargi kitu upami Gusti henteu kersa ngahapunten abdi duaan, sareng Gusti henteu maparin rahmat ka abdi duaan, tanwandé abdi duaan kalebet jalma nu rugi”.

Zholim, kaniaya, éta lawan tina adil. Adil nyaéta nempatkeun hiji perkara lain dina tempatna, saperti maké kopéah dina sirah, sapatu dina dampal suku jeung réa-réa deui.

Nalika hiji jalma nyorang kahirupan bari patojaiyah jeung aturan katut papagon Alloh, éta sarua jeung geus zholim. Jalaran kitu upama urang kiwari di Indonésia hayang mibanda pamingpin nu adil, écés teu aya demi hukum Alloh teu ditanjeurkeun. Cindekna saban laku lampah nu ngarempak aturan Alloh éta kaasup zholim atawa kaniaya, naha zholim dina katégori dosa, musyrik atawa kapir. Demi musyrik éta ogé disebut zholim sakumaha nu disaurkeun ku Luqman ka nu jadi anakna, “Yeuh anaking! Omat hidep ulah nyakutukeun (naon baé ogé), ka Alloh, karana saéstuna ari syirik téh kaasup éstuning kazholiman nu pohara gedéna” (QS. Luqman: 13).

Kadua, kudu ngalobakeun dzikir jeung istighfar

Anu jadi hambalanana nyaéta Ali Imron ayat 135, nu hartosna; “(anu takwa téh) nyaéta jalma-jalma nu milampah kajahatan atawa nu nganiaya dirina, buru-buru inget ka Alloh, sarta terus ménta dihampura tina dosa-dosana, jeung saha deui nu bisa ngahampura dosa, salian ti Alloh. Jeung maranéhna henteu tonggoy milampah (kagoréngan), da maranéhna nyaraho”.

Demi istighfar téh ucapan urang saperti “Astaghfirullohal azhiim alladzii laailaaha illaa huwal hayyul qoyyuum wa atuubu ilaika”. Aya dua hadits nu dua-duana ogé shohéh, ngariwayatkeun yén Rosululloh istighfar dina sapoéna téh 70 kali. Dina hadits lain 100 kali dina sadinten sawengina. Jadi antara 70 sareng 100 kali, éta téh Rosul nu parantos di mashum, mustahil milampah dosa, naha keur naon atuh Rosul terus maca istighfar saloba kitu? Itung-itung nyindiran urang wé, “Rosul nu teu kungsi milampah dosa, saban poé maca istighfar 100 kali, anakitu mah urang kudu sabarakali tah maca istighfar dina saban poéna?

Aya bentuk istighfar nu kalintang dipikacinta ku Alloh SWT, nu disebut Sayyidul Istighfar, nyaéta:

Allohumma anta robbii, laa ilaaha illaa anta, kholaqtanii wa ana ‘abduka wa ana ‘alaa ahdika, wawa’dika mastatho’tu abuu- ulaka binimatika ‘alayya wa abuu-u bidzambii faghfirlii fainnahuu laa yaghfirudzdzunuuba illaa anta”.

Katilu, ‘Azam nyaéta niat nu buleud jeung tékad nu kuat.

Nalika ngalaksanakeun tobat ka Alloh SWT, manéhna mibanda niat nu buleud teu aya nu totolan, jeung tékad nu kuat saperti ku ucapan; “Ya Alloh abdi moal deui-deui ngalakukeun ieu dosa”. Minimalna nalika ngalaksanakeun tobat.

Kaopat, Kudu ngabuktikeun yén dirina téh sadar tur kaduhung ku ngaronjatkeun iman jeung amal sholéh.

Jadi hiji jalma teu cukup saukur ku sadar jeung kaduhung, loba dzikir jeung istighfar, jeung diwuwuh ku niat nu buleud, tapi ogé tobatna téh kudu dibuktikeun ku ngaronjatkeun iman jeung amal sholéh, upama téa mah saméméh tobat téh aranglangka ngalaksanakeun tahajud, nya kudu jadi getol tahajud, upama korét jadi béréhan. Jadi aya ronjatan iman jeung amal antara saméméh jeung sanggeusna tobat. Nu jadi hambalanana ku urang tiasa diaos dina surat al-Furqon ayat 70-71,

Kajaba jalma-jalma nu tobat, nu iman tur ngalampahkeun amal sholéh. Nya pikeun maranéhna mah Alloh bakal ngaganti kajahatan maranéhna ku kahadéan. Jeung Alloh Maha Jembar Pangampura tur Maha Asih. Jeung sing saha nu tobat tur ngalampahkeun amal sholéh, nya saéstuna manéhna enya-enya tobat ka Alloh”.

Jadi ngabuktikeun yén dirina téh bener-bener tobat ku cara iman jeung milampah amal hadé. Anu dimaksud ku iman jeung amal hadé atawa sholéh dina ayat di luhur nyaéta ngaronjatkeun iman jeung amal sholéh nu dilakukeun ku dirina.

Kalima, tobat teu dilakukeun nalika sakarotul maut datang.

Demi upama tobat dilakukeun nalika sakaratul maut datang, éta taya hartina, sabab dina saat sakarotul maut mah tos teu aya deui ujian pikeun kaimanan, ogé sakabéh tabir alam ghoib geus dibuka. Nalika sakabéh tabir atawa tutupan alam ghoib dibuka mustahil aya jalma nu teu daék tobat. Sakabéh jalma bakal langsung tobat upama pirang-pirang kajadian nu bakal tumiba jeung karandapan ku dirina geus ditémbongkeun ka dirina.

Contona saperti Fir’aun. Fir’aun éta manusa eusleum nu ngaku jadi pangeran nu dibéré pirang-pirang pépéling ku Alloh masih tetep nampik. Nalika ngudag-ngudag Nabi Musa katut jalma nu ariman ka tengah laut nu beulah, sedengkeun Fir’aun katut bala tentarana masih ditengah laut jeung cai ngahiji deui, harita nalika sakaratul maut datang ka manéhna, dibukakeun ka manéhna tabir alam ghoib, katingagali ku dirina golongan malaikat nu rék nyiksa dirina, tur manéhna ogé nyaho bakal jadi pangeusi naraka jahannam, nya harita manéhna nyalukan; “Ayeuna mah kuring bener-bener iman ka Pangéranna, nu teu aya deui Pangéran anging Mantenna, sakumaha nu diimanan ku Bani Isroil jeung kuring ayeuna mah kaasup golongan jalma nu sumerah diri”. Jadi, nalika sakaratul maot datang, nya lawang tobat geus ditutup.

Kagenep, upama dosa téh salian ti ka Alloh ogé aya pakaitna jeung sasama, nya leuwih tiheula kudu ngaréngsékeun heula urusanna jeung sasamana.

Nu jadi hambalanana nyaéta surat Ali Imron ayat 135, dina éta ayat dosa dibédakeun antara dosa faahisyah jeung dosa ngazholim diri sorangan. Jadi, dosa téh aya nu disebut faahisyah, saperti, nipu, maling, ghibah, ngarampog, maténi, zinah, korupsi jeung réa-réa deui, ieu dosa lain saukur ka Alloh wungkul tapi ogé dosa ka sasama, demi aya jalma atawa pihak séjén nu dirugikeun ku dirina. Jeung pangloba-lobana jinis dosa téh ayana dina hambalan nu ieu.

Sedengkeun dosa ngazholim mah nyaéta dosa nu upama dilakukeun téh nu rugina saukur diri jalma nu ngalakukeunana, nu séjénna mah teu kajiret, saperti nu dilakukeun ku Nabi Adam katut Hawa nu nuang buah Huldi, demi teu aya nu dirugikeun saurang ogé ku dosana. Atawa hiji jalma teu ngadegkeun sholat, shaum, nu rugi téh saukur dirina sorangan.

Prosés tobat tina dosa zholim ka diri sorangan saperti dosa teu ngalakukeun sholat, teu shaum éta kawilang gampil, kari dirina ka Alloh langsung, sedengkeun dosa fahisyah mah teu bisa kitu, upama hiji jalma nganyenyeri nu jadi tatangga, upama rék tobat leuwih ti heula kudu ngaréngsékeun heula jeung nu jadi tatanggana, saba’da kitu kakara ngadu’a atawa tobat ka Alloh.

Jalaran kitu, dosa fahisyah mah leuwih baha tur beurat batan dosa ngazholim ka diri sorangan, demi dosa fahisyah mah aya pakuat-pakaitna jeung hak jalma séjénna. (Alma’/BD).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: