• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Teu Kaur Buluan

* Pedaran: Ki Edas

MOAL aya nu teu apaleun kana nu ngaran bulu mah, demi kabéh manusa baroga bulu. Kaistiméwaanna bulu nyaéta dina soal rupa-rupa ngaranna. Di mana éta bulu jadi ngaranna séjén deui. Geura ieuh urang tataan.

Upama bulu téh jadina dina sirah, ngaranna buuk, lemesna rambut. Di luhureun panon, halis. Luhureun biwir, kumis. Dina gado, janggot. Dina pipi nu ngajedig, godég. Jeung nu séjén-séjénna. Nu écés mah sanajan béda-béda ogé ngaranna tapi tetep bulu-bulu kénéh.

Sasatoan loba nu mibanda bulu. Ieu bulu gunana sabagé simbut, sangkan awakna teu katirisan. Baju meureun upama di manusa mah. Tapi disagédéngeun ti éta, bulu bisa ngarupakeun hiasan. Alusna manuk atawa hayam, salian ti sorana, ogé buluna. Buluna nu mulus, warna warni matak narik kana ati. Matak pikaresepeun tur pikalucueun. Nepikeun harga manuk aya nu ngajuta, cenah. Cing saha nu resep ka manuk nu turundul, teu buluan? Kawasna moal aya. Lantaran kitu, kakayaan milik manusa ogé sok disarebut bulu. Jalma jegud, beunghar, disebut jalma buluan. Sabalikna jalma sangsara, balangsak, burindil, saperti hayam nu didudutan buluna, sok disarebut jalma teu buluan.

Babasan Teu Kaur Buluan, nyaéta teu kaur boga pakaya. Kakayaanna teu ngari, naha balas keuna ku musibah nu terus-terusan, saperti dipaling, kahuruan, kacaahan, atawa dijualan keur nedunan hawa nafsuna. Teu buluanana bisa baé alatan dipaké mayaran hutang. Hutang nu teu punah-punah téa. Hutangna salaput hulu. Teu weléh diponcongok, jeung di iintip ku nu ngahutangkeunana. Upama kaciri buluan geuwat didudut.

Conto séjénna. Urang apal, yén nagara urang téh kaasup nagara beunghar, sagala rupa aya, naon baé jadi. Rék tutuwuhanana, rék hasil tambangna, kayaning emas, pérak, minyak tanah, gas jeung réa-réa deui. Tapi kakayaan nu sakitu réa téh henteu matak rayatna buluan. Kalolobaanana bet diangkut ka luar nagri.

Mangga wé ambengan ka pabrik entéh. Entéh nu alusna, dipisahkeun kanggo ménak di nagara deungeun. Nu disadiakeun pikeun bangsa urang mah entéh nu pangbututna.

Pon kitu deui hurang alias udang, nu galedéna, sarta parungkil dagingna mah, jang batur. Keur urang mah tuh nu berenyit jeung barurukna. Naon pangna kitu, lantaran hargana teu kabedag ku rayat. Boro-boro bisa meuli entéh nu hadé, atawa hurang nu girinyih, jang meuli béas pikeun ganjel beuteung ogé geus entét-entétan. Duitna dipagorényangkeun. Parebut jeung pangabutuh séjén. Duit meunang buburuh diwewejét. Boro-boro bisa nabung kawas batur di bank, anggur mah pakaya nu geus aya gé nungtutan parindah ka loak. Teu Kaur Buluan.

Kitu deui ku ayana kawijakan pamaréntah pikeun naékkeun harga BBM, nya barang-barang kabutuh sapopoé ogé galaréhgéran, pating térékél naraék kawas monyét. Bari upama geus naék apan sok sawan kuya, teu barisaeun tarurun. Antukna jadi BBM (Beuki Burindil jeung Masakat)

Duka naon atuh nu nyangkaruk dina pikiran panguasa urang kiwari nu maksa pikeun naékkeun harga BBM téh? Naha teu arapaleun kitu, yén BBM téh lir ibarat panyakit sasalad, nu baha pikeun diubaranana? Panyakit nu amburatél tatalépa? Tadina mah saukur aya béntol dina beuheung sagedé kacang kadélé. Ku dokter ngadon dicokél. Geus kitu datang nu ngajendil sagedé kaléci, terus dioperasi. Jebul deui nu ngajendul dina punduk, terus disempog. Na atuh teu sawatasa lila pecenghul rentul ngajarendol lebah tikoro. Teu bisa barang dahar, nu ahirna teu walakaya, perlaya teu katulungan. Duit ledis, nyawa titis, kulawarga ngalengis. Teu Kaur Buluan.

BBM mah teu meunang diheureuyan. Demi upama BBM ditaékkeun atuh beuki balatak nu malarat téh. BBM mah kawas kangker, susah diubar-aberna. Kumaha rék teu kitu atuh, sabab BBM téh lir ibarat nyawa, kabéh gumantung kana BBM. Sakabéh pangabutuh teu barisaeun laleumpang sorangan, kudu baé diangkut. Kudu baé ngaliwat angkutan, nu sok nyedot BBM, téa. Tukang délman naékkeun ongkos angkut. Padahal kuda mah tara nginum solar atawa bengsin. Jawabna téh, “Enya kuda mah tara nginum solar, tapi harga parab kuda, saperti boléd, hampas tahu, ongok, bakatul, pan ngilu naraék!” cenah bari nyengir kuda. Tuh, pan kitu!

Téori pamaréntah mah mémang benerna. Upama BBM henteu ditaékkeun APBN bakal kalengger. Sabab subsidi BBM barareuhan, beukah ngarékahan. Jadi carana taya lian iwalti kudu diamputasi, cenah. Nyaéta naékkeun harga BBM téa.

Padahal, ku pikiran sim kuring nu bodo, naha panyakit nu ngalantarankeun APBN babareuhan téh, maké kudu naékeun BBM? Naha teu bisa kitu upama pangaluaran APBN dikurangan? Misalna baé, biaya keur arulin, dikabiri. Biaya keur balakécrakan gogonjakan ngadu bako di paro. Biaya adu renyom marebutkeun paisan kosong disunat. Atawa upama tadina sok barang tuang tilu kali sapoéna, atuh ayeuna mah wayahna saukur dua kali. Upama biasana barang tuang sareng saté katut daging Kentucky, diganti wé ku dagé Jayanti. Komo atuh upama gegedénna kersa diparotong gajihna mah, éta mah langkung saé. Upama lalamunan ieu bisa dilaksanakeun, insya Alloh moal rambat kamalé, moal ngadon nyangsarakeun rayat. Supir angkot, jeung kusir sado teu boga alesan pikeun naraékkeun ongkos. Pabrik-pabrik moal ngekeyek buruh, komo jeung nga-PHK-keun atawa nutup pabrikna mah. Atuh PKL ogé moal nambahan. Rayat walatra, moal nepi ka Teu Kaur Buluan.

Tapi kanyataanana geus kieu, nya urang kari sabar baé, sarta teu liren ngadu’a sareng sholat. Madep ka Mantenna, margi mung Mantenna nu baris nyarengan ka nu salabar téa mah (QS. 2:153). [Dimuat dina Majalah Bina Da’wah Edisi 340 – Juli 2008].*

One Response

  1. kang aya bulu nu teu acan ka sebat naun tah 1 deui……….
    heheh naunya?

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: