• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Ciri-Ciri Musuh Alloh

* Ambara: KH. Athian Ali M. Da’i

SABENERNA saméméh ngabeledugna kasus Monas 1 Juni, ku ayana iklan di opat koran, saperti dina Koran Tempo sakaca, sakumaha nu katingali langsung ku kuring, ngeunaan rencana aksi di Monas, kuring geus nétélakeun ka babaturan, Alhamdulillah, maranéhna geus némbongan diri, mudah-mudahan umat Islam bisa ngawilah-wilah, mana nu haq jeung mana nu batal.

Pikeun kuring mah ku sagebruganana maranéhna dina hiji wadah nu disebut AKKBB (Aliansi Kebangsaan untuk Kebebasan Beragama dan Berkeyakinan), ieu ngarupakeun hikmah jeung karunia ti Alloh nu kawilang gedé, demi salila ieu umat Islam terus-terusan dibingungkeun ku pirang-pirang tarékah jeung ucapan nu holna ti jalma-jalma nu ngaku umat Islam kénéh.

Saba’da urang nyaho ka manusa-manusa nu ngaku umat Islam nu kiwari sagebrugan dina golongan nu disebut AKKBB, nya urang kudu mibanda sikep keras saperti kerasna ulama-ulama urang baheula ka golongan kafir, demi maranéhna geus némbongkeun sikep nukang nonggong jeung ngamusuhan hukum Alloh SWT. Saur Alloh sasar, maranéhna tetep nampik teu narima. Anu hiji bener-bener geus sasar, nu lainna deui ngabéla nu sasar, nya jadi sarua sasarna.

Jalaran kitu, sikep urang kudu sarua baé ka golongan nu jiga kitu mah, malah kudu mibanda sikep ati-ati nu leuwih gedé, demi salila ieu apan urang hésé nyanghareupan maranéhna, alatan maranéhna loba nyamuni dina baju Islam-na, jeung umat Islam ogé loba nu nyangka yén maranéhna téh golongan muslim, nu mibanda pamikiran béda. Ceuk kuring mah lain masalah pamikiran, Ahmadiyah nu sasar teu kudu dipikiran jeung dipadungdéngkeun deui, da geus écés sasarna.

Upama dina al-Quran ditétélakeun yén umat Islam téh mibanda sikep keras (asy-syiddaau ‘alal kuffar), nya keras nu ngamungkinkeun urang pikeun milampah sikep keras, jadi upama asy-Syiddaa-u téh ku wanda ucapan, tulisan, jeung opini. Nya urang ogé kudu keras dina panétélaan saperti tadi. Upama sasar, nya sebut wé sasar. Tapi dina hiji mangsa mah sikep keras dina wangun pisik téh bisa dibutuhkeun.

Jalaran kitu, keras dina nyanghareupan kasus Monas, ceuk kuring mah geus cukup ku cara nyieun wates nu écés tur keras antara hak jeung batal, kadituna umat ogé bakal bisa meunteun mana nu jadi musuh Alloh jeung mana nu jadi dulur sa-iman.

Nu jadi musuh-musuh Alloh SWT, éta écés aya nu mibanda ‘jiwa besar’ pikeun umaku kana kakafiranana, urang hormat ku kategesan maranéhna, yén maranéhna geus némbongkeun diri minangka musuh Alloh jeung musuh bebeneran, nu ku urang disayangkeun mah justru karakterna golongan munapék, maranéhna teu mibanda kawani pikeun nyebutkeun dirina kafir, maranéhna nyumput disatukangeun pangakuanana, nalika aya di golongan muslim hayang diaku muslim, nalika aya digolongan nu kafir, maranéhna ogé hayang diaku sabagé baladna.

Nu écés nu jadi musuh Alloh salawasna bakal nampik kana bebeneran nu datangna ti Alloh, saur Alloh bener, ceuk maranéhna mah salah, saur Alloh éta golongan téh sasar, ceuk maranéhna mah henteu bari dibela bébéakan. Ti baheula, urang salawasna bakal adu hareupan jeung golongan nu nampik kana bebeneran nu datangna ti Alloh, nalika urang adu hareupan jeung golongan nu ngamurtadkeun umat Islam, maranéhna aya dijajaran panghareupna pikeun ngabéla manusa nu ngamurtadkeun dulur-dulur urang.

URANG nétélakeun yén generasi ngora urang akhlaqna geus bejad tur diruksak, nepika urang nungtut sangkan pamaréntah ngesahkeun Undang-Undang Pornografi jeung Pornoaksi, maranéhna ajeg aya dihareup pikeun nampik UU Pornografi jeung Pornoaksi disahkeun.

Urang ngabutuhkeun UU Sisdiknas sangkan barudak Islam nu sakola di sakola Kristen dimurtadkeun, maranéhna ogé aya dijajaran nu hareup pikeun nampik éta RUU Sisdiknas sangkan teu di Undang-Undangkeun, nu nepika kiwari can réngsé. Jadi, maranéhna sok adu hareupan jeung bebeneran.

SKB ngeunaan Ahmadiyah nu kiwari dilumakukeun ku pamaréntah, ceuk kuring mah henteu nyumponan kana tungtutan urang. Urang nungtut sangu dibéré hui. Nu ku urang ditungtut téh Ahmadiyah dibubarkeun, lain dibekukeun. Demi upama dibekukeun mah sacara organisasi masih dianggap aya jeung meunang panyalindungan ti pamaréntah.

Nu jadi cukang pamaréntah tetep méré panyalindungan ka pirang-pirang aliran sasar saperti LDII jeung sajabana kaasup Ahmadiyah, taya lian kajaba pikeun kapentingan pulitik. Ahmadiyah sok sanajan lain keur kapentingan pulitik jero nagri, tapi kapentingan pulitik luar, jalaran kitu nu paling kuat neken pamaréntah sangkan teu nyaram jeung ngabuburak Ahmadiyah téh taya lian anging nagara saperti Amerika jeung Inggris.

Amerika, ti awal mula ogé geus kanyahoan boga talajak hayang ngacak-ngacakjeung ngabuburak umat Islam, ku cara ngamangpaatkeun golongan munapék tadi. Ari nu jadi kapentingan Inggris, geus tangtu, demi Ahmadiyah mah ngarupakeun jieunan maranéhna, jalaran kitu maranéhna satékah polah neken pamaréntah sangkan teu nyaram Ahmadiyah. (Alma’/BD. Dimuat dina Bina Da’wah Edisi 340 – Juli 2008).*

One Response

  1. salam. menurut abdi mah, umat islam tidak harus keras, tapi harus tegas terhadap siapapun. keras tidak equal dengan tegas. ketegasan adalah keberanian untuk berkata apa yang menjadi pilihan murni kita bukan karena keterpaksaan. orang yang keras tidak selamanya tegas. jadi saya lebih memilih ketegasan daripada kekerasan. sekian

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: