• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Balad Allah

* Aweuhan Mimbar

Khotib : Ust. Alma’ Muhsin El-Harist

Saba’da urang manjatkeun puji katut syukur ka Alloh nu kalayan kakawasaanana, urang masih tiasa makalangan dina énggoning ngahontal ridlo katut maghfiroh-Na. Sholawat miwah salam mugia salawasna dilungsurkeun ka junjunan urang Nabi Muhammad SAW, para sahabatna, katut jalma-jalma nu nuturkeun tapak lacakna dugi ka yaumil qiyamah jaga.

Dina énggoning mapag taun 2009 minangka waktu Pemilihan Umum, boh pemilihan Umum Presiden atawa Legislatif, kiwari partéy-partéy nu hayang makalangan dina Pemilu éta geus mimiti rentul narémbongan, nawarkeun daganganana, boh ku cara terang-terangan atawa susulumputan. Urang salaku umat Islam minangka mayoritas di ieu nagri, dina milih jeung ngadukung hiji partéy, tinangtu lain saukur ningali ka pamingpin atawa ketuana wungkul. Tapi ogé kudu bisa merhatikeun kana dasarna, tujuanana, jeung program-programna.

Nyakitu deui, teu cukup ku merhatikeun kana dasar jeung tujuanana wungkul, tapi ogé kudu merhatikeun saha nu mingpin éta partéy. Margi upama teu taliti saperti kitu mah, hariwang bisi kagolongkeun kana golongan jalma nu jauh tina kauntungan jeung kasalametan boh di dunya atawa di akhérat jaga.

Biasana, jalma nu dagang partéy éta teu bina ti nu dagang barang, teu aya saurang ogé nu dagang, ngagogoréng kana barang daganganana sorangan. Sok sanajan barang nu didagangkeunana téh écés bau, haseum, butut jeung ramijud, ari ditawarkeunana mah tetep alus baé. Alatan hayang dibeulian. Nyakitu deui jeung nu “dagang” partéy. Sangkan meunang simpati jeung dukungan ti rahayat loba, nya maranéhna geus teu éra deui pikeun ngawadul jeung gedebul. Jalaran kitu, poma ulah gurung rusuh, sosologoto, ukur-ukur jeung iker-iker heula dasar, tujuan jeung nu jadi pamingpinna.

Upama urang napakuran ayat 22 surat Al-Mujadalah, nya urang baris manggihan sikep jeung sifat “balad Alloh” atawa hizbulloh, nu ku urang wajib dijadikeun ukuran pikeun nguji jeung meunteun partéy nu aya kiwari, boh ka nu heubeulna atawa ka nu kakara rék makalangan.

Hizbullah nyaéta golongan nu sikep jeung sifatna téh teu simpati, moal ngadukung, moal ngajadikeun balad atawa batur bajoang ka jalma-jalma nu écés ngamusuhan Alloh katut Rosul-Na, sok sanajan maranéhna téh bapa, anak, dulur atawa kulawargana. Nu jadi pendukung golongan Alloh mah nyaéta jalma-jalma nu ngutamakeun Islam saluhureun tina bangsa, kulawarga, dulur jeung baraya. Tegesna Islam, minangka agama, dijadikeun dasar, tujuan jeung cita-cita partéy.

Sagala rupa nu teu bau-bau kana Islam, sok sanajan sabangsa, saturunan, sanagara moal rék diutamakeun, saluhureun kautamaan Islam. Komo deui jalma nu béda agama, nu jelas-jelas teu ngaku ka Nabi Muhammad SAW minangka Rosul Alloh, turta nuding ka Alloh kagungan putra. Jalma nu sarupa kitu tong boroning diangkat tur dipercaya jadi pamingpin atawa ngabantu, nu puguh mah bakal ditalingakeun. Demi maranéhna geus dipandang minangka jalma kapir mungguh Alloh SWT.

Jalma nu jadi balad Alloh, sok sanajan moal ngutamakeun bapa, anak, dulur atawa baraya, upama téa mah maranéhna téh écés ngamusuhan Alloh katut Rosul-Na, ieu teu ngandung harti mopohokeun jeung ngalalaworakeun toléransi.

Numutkeun pamadegan balad Alloh, sok sanajan béda aqidah, béda agama, hubungan kamanusaan boh jeung bapa, dulur, atawa baraya éta tetep kudu diraksa. Hadé hubungan jeung papada manusa teu kahalangan ku béda agama. Dina hal ieu nu jadi pendukung Hizbulloh mah moal mopohokeun conto ti Rosululoh SAW.

Kumaha hadéna Rosul ka jalma-jalma nu béda agama, kumaha toléransina Rosul ka musuh-musuhna, nu mangrupa musuh agama. Pon kitu deui para sahabat, tabi’in katut ulama-ulama salaf séjénna.

Para sahabat, tabi’in, jeung ulama salaf, ogé umat Islam Indonesia salaku mayoritas, teu kungsi mibanda kreteg haté hayang nyacampah ngarurucah, ngekeyek komo jeung nandasa, jeung ngusir ka dulur-dulurna nu béda agama. Béda jeung di nagri nu umat Islamna minoritas, saperti India, Thailand, Filipina, jeung réa-réa deui, maranéhna éstu telenges kabina-bina ka umat Islam nu minoritas.

Dina urusan aqidah, milih jeung ngangkat pamingpin, ngadukung jeung simpati ka partéy, balad Alloh geus pasti bakal tetep ngutamakeun nu sa-aqidah, sa-iman. Moal rék ngutamakeun jeung ngadukung, milih pamingpin jeung partéy nu béda aqidah jeung agamana. Sakumaha nu diuningakeun ku Alloh dina surat al-Maidah : 56. Nu unggelna

Dina ayat bieu, langkung écés deui baé, yén upama urang hayang aya dina kaunggulan, bisa ngéléhkeun musuh-musuh urang, nya teu aya cara kajaba urang kudu ngadukung jeung milih jadi balad Alloh, hizbulloh.

Ciri-ciri golongan nu merjoangkeun Alloh katut Rosul-Na, saluhureun nu séjénna, maranéhna siap pikeun ngaragragkeun pilihan, dukungan, bébéla jeung simpati ngan saukur ka Alloh katut Rosul-Na jeung ka jalma-jalma nu iman. Moal rék ngadukung jeung milih pamingpin katut partéy nu teu merjoangkeun nanjeurna Al-Quran katut Sunnah Rosul sangkan jadi ugeran hirup manusa dina sagala widang.

Jalma-jalma nu ngadukung partey nu merjoangkeun ajegna syaréat Islam éta lain golongan émosional, tapi jalma-jalma nu rasional. Nyaéta pikeun milih jeung ngadukung hiji partéy téh lain dumasar kana émosi, tapi dumasar kana dalil jeung hujah nu kuat tur bisa dipertahankeun bebeneranana numutkeun agama.

Urang minangka jalma nu iman, nu salawasna hayang aya dina kaunggulan, wajib ngeunteung kana prilaku Rosululloh SAW. Naon nu jadi cukang lantaranna Rosul katut para sahabatna salamina aya dina kaunggulan, nepika musuh-musuh jadi ngarasa rempan tur honcéwang?

Rosul katut para sahabatna salamina misahkeun antara hak tina batal, tauhid tina syirik, sunnah tina bid’ah, halal tina haram. Dugika Rosul teuneung merangan nu batal, syirik, kufur jeung bid’ah sok sanajan nu jadi pendukung rupa-rupa kabatilan téh dulur, sabangsa jeung salembur ti bubudak.

Saperti dina Perang Badar, nu ku urang kafir Barat disebut “perang saudara”. Saha nu disanghareupan ku Rosul katut para sahabatna? Lain sasaha, lain deungeun, lain nu béda bangsa, tapi baraya kénéh. Nepika aya anak ngalawan bapana, alo ngalawan pamanna jeung saterusna. Saliwat mah bisa dituding perang saudara, tapi upama dilenyepan kalawan maké uteuk nu cerdas tur pikir nu jujur, pasti baris kaharti, yén éta perang téh lain perang saudara sakumaha tuduhan urang Barat tapi perang antara nu haq jeung nu batal. Jalaran kitu, salilana aya dina kaunggulan jeung mibanda kawibawaan.

Lantaran sikep jeung sifat ti para pendukung partéy nu bajoang sangkan syaréat Islam bisa nanjeur sakitu tegesna, nya Alloh kalayan disarengan ku ridlo-Na maparin kakiatan nu pohara rongkah, boh lahirna atawa batinna, nepika maranéhna leber ku wawanén, teu ngarasa gimir, sok sanajan kudu nyangharepan musuh nu rongkah. Sakumaha nu diuningakeun ku Alloh. QS. Fushshilat : 30

“Saéstuna jalma-jalma nu nyebut, “Pangéran abdi sadaya téh Alloh”, tuluy maranéhna istiqomah (teguh pengkuh tangtunganana), tanwandé Malaikat turun ka maranéhanana (bari nyarita), “Poma salira sadaya ulah risi, ulah nalangsa, sarta mugi salira sadaya sukabungah ku swarga nu kantos dijangjikeun ku salira”.

Sok sanajan jumlah pasukan rongkah, pakarang ranggéténg, bekel cukup, élmu ngeunaan perang ogé dipibanda, tapi upama teu aya pitulung ti Alloh mah hamo bisa unggul. Sawangsulna sok sanajan pasukan teu sabaraha lobana turta pakarang ogé saayana, bekel jeung élmu perangna héngkér, tapi upama meunang bantuan ti Alloh mah insya Alloh bakal aya dina kaunggulan.

Jalaran kitu, balad Alloh éstu teu ngutamakeun jumlah pasukan, upama pasukan jeung pendukungna nu loba téh teu dibarung ku kualitas boh lahiriyahna atawa batinna, pisik jeung méntalna. Rata-rata sapanjang sajarah, para pendukung hizbulloh mah iman katut Islamna kacida pisan kuatna, diwuwuh ku kataqwaan ka Alloh, nepika para malaikat karep ngadeukeutan pikeun ngabantu.

“Jeung sing saha jalma nu milih Alloh jeung Rosul-Na jeung jalma-jalma nu ariman jadi pamingpin, nya saéstuna maranéhna téh panganut agama Alloh nu pasti meunangna.” *

 

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: