• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Problematika Da’wah

* Laporan Utama

UPAMA dihubungkeun jeung kanyataan ku kabandungan ku lobana gerakan (formal) da’wah, hususna kiwari, sakurang-kurangna mah aya tilu agénda pasualan penting sahubungan jeung kanyataan ku masih héngkérna tingkat ‘aprésiasi’ masarakat muslim utamana dina widang sosial pulitik minangka hiji hambalan penting kahirupan bermasarakat jeung nagara. Tilu agenda kasebut nyaéta;

Kahiji, Pasualan nu aya pakuat pakaitna jeung cara-cara atawa pola-pola dina ngamekarkeun da’wah anu dilakukeun ku para da’i, boh ku pribadi-pribadina atawa kalembagaanana.

Kadua, Pasualan anu aya pakuat-pakaitna jeung wanda eusi da’wah anu ditepikeun dina saban kasempatan da’wah dilakukeun.

Katilu, Pasualan anu aya pakuat-pakaitna jeung pentingna dirumuskeunna hiji tarékah séjén dina ngawanohkeun Islam sacara sampurna.

Pasualan-pasualan di luhur saolah-olah nuduhkeun yén da’wah anu dilakonan salila ieu téh masih paanggang jeung kahirupan masarakat sapuratina. Padahal sacara sosilologis da’wah Islam éta ngarupakeun hiji hambalan anu henteu bisa dipisahkeun tina hambalan-hambalan sosial séjénna, hususna dina gempungan mayoritas anu padumuk muslim. Contona, kasus pamilihan umum anu geus dilaksanakeun dimana umat Islam milu aub dijerona. Pikeun sabagian juru titén, pangalaman ti saprak diwangunna partéy-partéy nepika pangitungan sora hasil pamilu, nuduhkeun kana kaayaan umat Islam anu cukup prihatin. Bukti kasebut lain saukur nuduhkeun kana acan sabeungkeutanna kakuatan pulitik umat, tapi ogé nuduhkeun kana masih héngkérna tingkat kapadulian umat dina ngawangun hambalan anyar luyu jeung ajén-inajén da’wah.

Malah, dina tingkat anu tangtu, umat téh dikorowotan musibah pacéngkadan. Demi bédana tujuan pulitik katohyan acan bisa dijadikeun eunteung kabébasan jeung demokratisasi, tapi leuwih dikeliran ku sumanget séwag-séwangan anu henteu nguntungkeun. Padahal di sisi séjén mah umat Islam téh sacara jumlah ngarupakeun poténsi anu kawilang rongkah, hususna dina ngadalikeun prosés parobahan, boh sacara struktural atawa kultural. Numutkeun data BPS Jawa Barat, misalna, tina jumlah padumuk 40.896.320 dina taun 1997, 39.387.400 diantarana pangagem agama Islam. Ieu nuduhkeun yén éta téh potensi umat kasebut sakaligus nuduhkeun kana kakuatan pulitik anu dipintonkeunna, nya 96 %-na kakuatan téh dicepeng ku umat Islam. Tapi dina prungna mah, saperti anu nembrak dina jumlah sora, henteu nuduhkeun kana posisi kakuatan pulitik anu nguntungkeun.

Sok sanajan dina ngamahamkeun pakta kasebut masih méré isarat anu béda-béda antara hiji golongan jeung anu séjénna, tapi kedal hiji panalék anu narik ati pikeun dikedalkeun nyaéta; naha aya pangaruhna antara tarik jeung lobana kagiatan-kagiatan da’wah jeung gambaran écés umat Islam saperti diluhur? Panalék anu saterusna anu mungkin baé bisa dikedalkeun marengan kana patalékan di luhur; naha da’wah téh nganggap penting kana agenda pulitik umat? Atawa, naha da’wah ogé geus milu ngigelan kana ‘tema-tema’ pulitik nepika sikep pulitik umat jadi déwasa tur bisa di didik.

Pentingna ngedalkeun patalékan-patalekan kasebut, demi salian ti ngarupakeun alat kontrol pikeun ngaji ulang kagiatan da’wah, ogé dina kanyataanna mah patalekan-patalekan tadi téh nuduhkeun kana problematika da’wah anu masih kuat napel dina kalolobaan masarakat. Da’wah katingalina masih kénéh gagal méré wawasan pulitik umat, demi da’wah dina umumna masih bagerak dina hambalan ajaran ritual formal wungkul. Diwuwuh ku hambalan-hambalan séjénna anu ogé milu ngeliran kana pola kahirupan masarakat, hususna umat Islam.

Disagedengeun ti éta, jumlah umat Islam sakumaha anu disebutkeun di luhur katingalina masih keneh acan bisa kaayoman ku para juru da’wah sacara maksimal. Sabab sacara jumlah atawa kuantitatif, babandingan jumlah antara umat jeung para juru da’wah masih kawilang anggang jeung teu saimbang. Di Jawa Barat baé, numutkeun catetan BPS, dina taun 1997, pikeun ngayoman masarakat muslim nu jumlahna leuwih ti 40 yuta urangna, saukur 32.205 urang alim ulama, 37.670 urang mubaligh,98.729 khotib,472 tanaga panyuluh agama, jeung 2.605 guru agama. Ieu hiji ciri yen pelayanan bimbingan kaagamaan téh masih kénéh acan saimbang. Kaasup dijerona masih kawatesna jumlah da’I dina ngabina umat.

Jalaran kitu, proses parobahan masarakat anu lumangsung minangka akibat tina modernisasi kahirupan, jigana acan bisa dikungkulan ku gerakan da’wah anu salila ieu dilakonan, utamana ku para da’i. Gempuran media masa anu leuwih loba nyiarkeun iber-iber anu kurang malahan henteu nguntungkeun dina ngabina umat, ahirna bisa ngeserkeun peran-peran sosial para pingpinan agama. Kagiatan da’wah ‘konvensional’ anu saukur ngandelkeun media tradisional, salianti henteu bisa ngoét kabutuh masarakat modern, ogé sacara pasti bakal leungiteun fungsi sosial kaagamaan anu bisa diperankeunna. Nepi ka balukar tina ngaronjatkeun kualitas da’wah henteu sabanding jeung gerak parobahan sosial anu lumangsung di tengah masarakat, nya dina giliranna mah bisa ngadorong pikeun ngalahirkeun problem-problem sosial anu mingkin rumeuk tur lega. (Dikutip tina buku “Refleksi Islam” karangan Dr. KH. Miftah Faridl).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: