• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

TARÉKAH ISTIQOMAH DINA BAJUANG DI JALAN ALLOH

* Ambara: KH. Athian Ali M. Da’i, Lc,MA.

KAWILANG baha urang salaku muslim pikeun bisa ngaraksa prosés lalampahan hirup sangkan tetep aya di jalan nu dipikaridlo ku Alloh. Demi manusa can karuhan bisa salamet upama saukur ngandelkeun kana iman jeung amal sholéh wungkul. Bekel iman jeung amal sholéh can bisa ngajamin dirina tetep dina kaistiqomahanna. Masih dimungkinkeun dirina bisa kaluar tiNA jalan Alloh disababkeun ku pirang-pirang lantaran.

Sangkan bisa kukuh pengkuh dina tangtungan atawa istiqomah aya di jalan Alloh atawa bajoang di jalan Alloh, nya urang kudu satékah polah nyiptakeun dina kahirupan urang, jalma-jalma nu siap pikeun negor urang nalika urang mengpar tina jalan Mantenna. Ieu perluna urang hirup silih élingan dina bebeneran téh. Urang kudu bisa nyiptakeun dina lingkungan hirup urang jalma-jalma nu siap silih wasiatan dina bebeneran.

Upama urang napakuran surat al-Fushshilat ayat 30-35, kapaham yén jalma nu bener-bener mibanda prinsip dina hirupna yén Pangéranna téh ngan wungkul Alloh, tuluy maranéhna istiqomah, nya maranéhna pisan nu bakal dijamin ku Alloh bakal salamet. Jadi teu cukup saukur nyepeng deleg kana prinsip, tapi ogé kudu dibarengan ku istiqomah dina éta prinsip. Jadi aya syarat manéhna kudu istiqomah dina prinsipna. Pamahaman yén Pangéranna téh Alloh éta lain saukur yakin yén Alloh téh aya atawa Dzat-Na téh aya. Moal aya gunana upama urang yakin kana ayana Alloh tapi teu yakin kana pirang-pirang aturan-Na. Moal aya hartina kayakinan urang yén Alloh téh mibanda aturan, tapi urang teu tukuh pengkuh ngalaksanakeun aturan-Na. Naha bener urang geus nétélakeun Robbunalloh?

Jalma-jalma nu bakal salamet mah nyaéta jalma-jalma nu yakin yén saukur Alloh wungkul nu mibanda hak pikeun ngatur ieu hirup jeung ku aturan Alloh pisan manéhna hirup jeung saukur Alloh wungkul nu jadi tujuan hirupna. Jalma nu istiqomah saperti kieu pisan nu bakal meunang jaminan ti Alloh, ku mangrupa turuna malaikat nu mawa iber pikeun nengtremkeun haté maranéhna, nu moal rémpan jeung hariwang dina ngayonan ieu kahirupan ogé sieun nyanghareupan kahirupan ahérat jaga. Jeung tepikeun ka maranéhna pangbubungah ngeunaan sawarga nu dijangjikeun ka maranéhna.

Pangbubungah ngeunaan kahirupan sawarga pikeun jalma-jalma nu istiqomah ieu bakal ditepikeun ku malaikat nalika hiji jalma rék sakaratul maot, sawangsulna kaayaan nu goréng pikeun jalma-jalma nu teu iman nalika sakaratul maut manéhna bakal didatangan ku malaikat nu kejem nu bakal nyiksa dirina.

Dina kayakinan urang, salila urang tukuh pengkuh dina tangtungan atawa istiqomah aya dina jalan Mantenna, nya urang kudu tenang demi nu bakal maparin panyalindungan ka urang téh éta Alloh SWT

Minangka hiji conto, nalika umat Islam siap-siap pikeun nyanghareupan perang Badar, ngadak-ngadak Umar bin Khottob sasauran, upama lain alatan kayakinan yén urang téh aya di pihak nu bener numutkeun Alloh jeung jalma-jalma nu musyrik téh éta golongan sasar numutkeun Alloh, saha nu wani diantara maranéh pikeun maju ka medan perang. Padahal waktu harita kakuatan maranéhna mangtikel-tikel upama dibanding jeung umat Islam. Dihiji sisi jumlah tentara teu saimbang, salian ti éta pakarang ogé maranéhna mah leuwih unggul.

Upama lain karana kayakinan yén Alloh pasti bakal maparin panyalindungan ka urang saha nu wani pikeun maju ka pangperangan. Ieu disaurkeun ku jalma ku kawentar wani saperti Umar bin Khottob. Kayakinan anjeuna pasti dina posisi nu bener numutkeun Alloh nya kaom muslimin prung maju ka pangperangan, jeung ahirna Alloh maparin kameunangan ka kaom muslimin harita.

Sawangsulna Alloh ogé maparin conto dina Perang Uhud. Nalika sabagian ti umat Islam geus teu tukuh pengkuh dina tangtungan atawa istiqomah deui dina bebeneran nya teu aya deui jaminan panyalindungan ti Mantenna. Buktina pasukan umat Islam harita loba nu gugur. Karna harita sabagian ti umat Islam teu to’at deui kana intruksi Rosul. Pangajaran nu kawilang penting tina tragédi perang Uhud nu bisa dicokot ku urang nyaéta, sok sanajan sabagian umat Islam teu istiqomah nya balukar goréngna bakal leuwih gede tumiba kana kahirupan umat Islam sakumna. Dina konsép hirup berjama’ah, laku lampah sabagian jalma Islam nu teu istiqomah bisa ngabalukarkeun kaancuran urang sakabéhna.

Sangkan hirup kumbuh urang tetep aya dina kelir nu hadé, nya urang kudu ngajak nu séjén sangkan babarengan hirup di jalan Alloh (da’wah). Jadi, jalma nu paling mulya di jalan Alloh mah nyaéta jalma nu daék da’wah. Tugas da’wah éta lain tugas da’i atawa kiyai, tapi tugas pikeun sakumna jalma mu’min. Tuluy milampah amal sholéh. Urang kudu satékah polah ngagedurkeun sumanget da’wah ka lingkungan nu pangdeukeutna jeung urang pikeun diajak kana jalan Alloh. Anu dimaksud ku panétélaan Alloh dina ayat nu hartosna, “Henteu sarua antara nu hadé jeung nu goréng”. Ieu mibanda maksud Alloh nengtremkeun haté jalma-jalma nu milampah hadé sangkan tetep isitqomah dina kahadéan, teu kapangaruhan ku kateubeneran jalma séjén.

Poma maranéh ulah ngarasa rugi alatan nyieun hadé, karana Alloh moal ngalalaworakeun kahadéan maranéh sok sanajan sajuta jalma teu ngajénan kana amal maranéh. Upama téa mah nalika urang milampah hadé kabatur tapi dibales ku cara nu teu hadé, nya balas sikep goreng batur téh ku cara nu hadé. Demi nu kieu baris ngaleuleuskeun haté maranéhna jeung ngabalikeun maranéh kana jalan nu bener.

Sipat-sipat hadé éta moal dipaparinkeun ku Alloh kajaba ka jalma-jalma nu sabar tur istiqomah jeung moal dikaruniakeun kajaba ka jalma-jalma nu meunang kauntungan nu gedé, “Jeung éta (kurnia) téh moal dipaparinkeun salian ti ka jalma-jalma nu sabar, jeung éta téh henteu dipaparinkeun salian ti ka nu boga bagja nu agung”. (Alma’/BD).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: