• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

‘NII Asli Kiwari Geus Teu Aya’

Wawancara Hedi Muhammad

(Sekretaris Forum Ulama Umat Indonesia)

 

AYA dua jinis NII, aya nu di sebut “NII Idiologis” jeung “NII gadungan” nu disebut NII  KW IX. “NII Idiologis” numutkeun mantan Kuasa Usaha Tertinggi, Abdul Fatah Wiranataku, ka FUUI jeung publik nétélakeun, yén NII nu asli mah geus teu aya dikieuna. Nu aya mah justru NII gadungan nu diugakeun ku intelijen pikeun ngaruksak citra NII nu sabenerna. Cohagna mah pikeun ngawut-ngawut jeung ngaliarkeun pitnah ka NII sabenerna.

Kumaha NII gadungan KW IX dipingpin ku Abu Toto alias AS Panji Gumilang, sakumaha nu diécéskeun ku Ust. Irfan S. Awwas, minangka ketua NII asli, yén ti awal mula ogé Abu Toto téh disagédéngeun ti jieunan intelejen, ogé NII nu dipingpinna téh sasar numutkeun ajaran Islam, turta geus bukti ngayugakeun paham jeung pameunteun yén NII mah goreng saperti nu katohyan kiwari. Ieu ngarupakeun bagian tina konpirasi musuh Islam pikeun nyiptakeun paham yén NII mah hiji wanda nu goréng patut, teu Islami, ngahalalkeun sagala cara jeung pameunteun goréng séjénna.

Nagara Islam atawa DI éta jauh geus aya tur diproklamirkeun, éta jelas resmi, écés aya. Jeung kudu dikanyahokeun yén nalika Darul Islam jeung SM Kartosuwiryo ampir meunang tur unggul. RI harita gawe bareng jeung AS, nepika dikirim pirang-pirang pakarang perang kaasup baju saragam nu alus, éta pakta sajarah. Naha kuring nyebut ampir meunang, demi urang kudu inget, yén SM. Kartowuiryo éta pahlawan nasional. Pasukan nu dipingpinna bener-bener pasukan profesional, demi asalna ogé pasukan Angkatan Bersenjata Republik Indonesia. Ngan anjeuna teu satuju jeung paburantakna nagara jadi nagara serikat.

Terus dipindahkeunana ibu kota ti Jakarta ka kota sejenna. Kartosuwiryo ningali, ngan Islam wungkul nu bisa ngaraketkeun jeung mertahankeun kasatuan jeung persatuan bangsa. Jadi, konteksna, Kartowuiryo justru hiji jalma nu kudu dipihormat sumangetna dina ngabéla nagara kesatuan jeung persatuan. Manéhna hudang ngalawan Sukarno, éta balukar ti Sukarno nu ngijinkeun Nagara Sarikat.

Indonesia harita bengkah jadi sababaraha nagara bagian. Jadi, upama urang rék ngadurenyomkeun nasionalismé, sabenerna mah nu leuwih nasionalis mah Kartosuwiryo batan Sukarno. Demi nalika para pajabat jeung inohong pulitik séjénna satuju ka Sukarno jeung Nagara Sarikat, di mana Indonesia jadi béngkah paburencay, Kartosuwiryo makalangan miharep kasatuan ieu nagri.

Alatan idena ditampik, nya nyarita malik hadé, upama Indonesia teu bisa ngahiji, tur nu séjénna ogé diidinkeun pikeun ngadegkeun nagara bagian, nya kuring ogé nungtut sangkan Jawa Barat jadi nagara bagian di mana syaréat Islam ditanjeurkeun.

Jalaran kaayaan nagara Indonesia harita jadi Nagara Sarikat, nepika bengkah jadi sababaraha nagara, nya geus tangtu nagara nu diwangun ku Kartosuwiryo téh teu kaabus nagara jero nagara. Jadi, sabenerna nu ditungtut ku Kartosuwiryo téh éta mémang hiji nagara dina konteks kesatuan Negara Indonesia, demi nagara-nagara sejen ogé rentul hudang. Indonesia waktu harita ngawengku kana sabara puluh nagara bagian. Masing-masing bagian éta nagara.

Tah, Jabar ogé harita téh nagara, jadi Kartosuwiryo boga hak tur wajar waktu harita mah. Upama téa mah harita Indonesia téh nagara kesatuan nu utuh, tuluy Kartosoewirjo ngadegkeun nagara Darul Islam, ieu bisa kaharti. Ieu mah ngawangun nagara di jero nagara nu disebut nagara bagian, demi harita nagara Indonesiana ogé nagara serikat, wanda Indonesia harita téh teu bina ti Amerika Serikat kiwari, ngaranna Indonesia Serikat. Saterusna Indonesia diutuhkeun deui ngaliwatan pirang-pirang jalan nu panjang syaréatna jalan Muhammad Natsir (alm), nu keukeuh ieu ogé tokoh Islam kénéh.

Nu kudu digurat badag mah naon nu ditetelakeun ku Ust. Abdul Fatah Wiranatakusuma, Ketua Kuasa DI TII asli, mantén nu kungsi ngabaéat Daud Beureuh paréntah Kartosuwiryo, yén NII atawa Darul Islam nu asli mah geus teu aya deui. Nu aya kiwari mah NII gadungan, nu écés geus bukti tong boroning ngalaksanakeun tindakan Furqon, dalah gedong-gedong pendidikanna waé dingaranan ku ngaran inohong-inohong nu geus écés kabuktian koruptor, aya gedong Suharto, gedong ieu jeung anu séjénna. Jalaran kitu, loba pihak nu nétélakeun bughot ka Abu Toto alias Panji Gumilang. Pupuhu-pupuhu NII heubeul cenah mah geus nétélakeun bughot ka Abu Toto.

Lamun téa mah kiwari loba masarakat, kaasup dijerona masarakat Muslim, upama ngadéngé kecap NII téh ngabirigidig, ieu ngarupakeun kaonjoyan intélijén jeung NII nu makalangan téh NII nu ngaruksak syaréat, ngafirkeun, jeung nipu nu jadi kolot. Wajar upama urang teu suka jeung NII modél kitu, malah ahéng upama suka ka nu jiga kitu.

Ieu mibanda hiji target pikeun numpulkeun idéalisme ngeunaan nagara Islam. Padahal, nagara Islam téh nagara nu tong boroning ceuk HAM, dalah numutkeun UUD 45 pasal 29 sah demi di jerona aya referendum, komo numutkeun hukum internasional mah. Pék ajukeun sacara pulitis, strategis, aya koridorna pikeun nungtut ngaberlakukeunna nagara Islam.

Tah alatan ngayugana stigma yén NII téh goréng patut, pikasieueun, antukna kapotong, jalaran kitu urang negeskeun yén NII nu kiwari keur najeur téh NII gadungan, moal mungkin NII nu sabenerna mah teu ngawajibkeun sholat. NII nanahaon teu ngawajibkeun sholat? (Alma/BD).*

Copyrights © Majalah Bina Da’wah.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: