• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

‘NAGARA ISLAM’ GEUS TEU PAYU

LILA teu cengkat kaluhur, ngadak-ngadak guyur béja, 17 anggahota jeung pangurus kelompok NII KW IX ditahan ti 23 April di Mapolda Jabar. Numutkeun Kabid Humas Polda Jabar, Kombes Pol. Dade Achmad, ka pers di Bandung, kelompok aktivis nu “rék ngadegkeun nagara di jero nagara” ieu ditéwakna ti dua tempat parekrutan jeung pangbaéatan, di kawasan Perumahan Bumi Cihanjuang Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat jeung di Perum Budi Asri Cihanjuang Cimahi Jabar. Maranéhna nu asalna ti pirang-pirang kota di Jawa Barat, saperti Bogor, Sukabumi, Subang, Sumedang, jeung nu séjénna téh, dianggap ngarumpak sababaraha pasal KUHP ngeunaan “makar”, kalawan maksud sangkan sakabéh atawa sabagian wilayah nagara lésot ka pihak musuh atawa misahkeun sabagian ti wilayah nagara, jeung atawa “makar” pikeun ngagulingkeun pamaréntah.

Ti maranéhna, pulisi ogé ngarampas tilu unit sapedah, opat mobil, jeung 13 sapédah motor. Salian ti éta, eutikna aya 10 gambar atawa poster hasil sitaan pulisi. Poster éta eusina foto, kagiatan, jeung struktur organisasi nu aya tulisan “Ma`had Al-Zaytun” Indramayu.

Ditéwakna 17 anggahota/pajabat NII KW IX –landianna MS, Juh, AY, DM, UA, DS, AM, Mu, Ip, De, Sug, Ahd, AG, On, Ob, Ri, jeung As— éta ngajadikeun Polda Jabar ngudag jeung moro aktor katut “tokoh utama”-na. Numutkeun Kapolda Jabar, Irjen Polisi Susno Duadji, pihakna masih néangan tokoh éta gerakan di sababaraha tempat.

Isu NII KW IX éta lain perkara anyar. Ti béh ditu kénéh, sababaraha pihak meredih ka pamaréntah, sangkan bener-bener nindak éta kelompok nu saukur ngaruksak citra aktivis Islam katut umat Islam téh. Leuwih jauhna, balukar tina ayana maranéhna téh mingkin ngahésékeun umat Islam nu bener-bener ngaharepkeun nanjeurna Islam di ieu nagri. Sabab, métode atawa modus operandi gerakan NII KW IX dipeunteun geus jauh méngpar tina ajaran Islam nu bener.

Panyimpanganna téh –nepika mayoritas umat Islam nyebut maranéhna téh minangka “aliran sasar jeung nyasarkeun”— di antarana kaunggel tina doktrin ajaran maranéhna, misalna:

1. Sakabéh jalma nu teu aub kana kelompok maranéhna dianggap lain urang Islam (kafir).

2. Ngahalalkeun getih sakabéh jalma nu teu aub atawa milu kana kelompok maranéhna, nepika ngabom massal nyawa manusa téh halal.

3. Ngahalalkeun hak milik jeung harta pakaya sakabéh jalma, satungtung éta jalma eu milu kana kelompok maranéhna, sabab diangggap kapir. Ngarampog, ngarampas, nipu, ngajambret jeung nyumputkeun barang batur éta hukumna halal ka sing saha baé ogé.

4. Ngawajibkeun baé’at ka pingpinan nu waktu, cara jeung balukarna atawa konsekuénsina kawilang rasiah pisan. Turta kawajiban pikeun ngarasiahkeun baé’at.

5. Kawajiban mayar upeti nu disebut ku pirang-pirang istilah, boh zakat, infaq, pajeg, kiffarat atawa nu séjénna.

6. Kadang-kadang teu ngawajibkeun sholat, kalawan alesan fase perjoangan maranéhna masih marhalah Makkah. Padahal, kawajiban sholat mah justru geus aya saprak turunna wahyu.

7. Target rékrutmen anggahota anyar nyaéta barudak ngora nu keur néangan jati diri atawa identitas ka-Islaman, misalna kalangan mahasiswa anyar di kampus-kampus.

Numutkeun Ketua Forum Ulama Umat Indonesia (FUUI), KH. Athian Ali M. Da’i, NII nu ayeuna mah mangrupa “rekayasa pulitik” pikeun ngarusak gerakan Islam, malah aya indikasi maranéhna rék ngamurtadkeun umat Islam.

Geus loba korban nu tobat jeung ngabolékérkeun kasasaran kelompok NII KW IX jeung kelompok nu saperti kitu di pirang-pirang daérah. Bulan Maret 2007 misalna, opat mahasiswa Universitas Islam Indonesia (UII) Yogyakarta ngaku kungsi milu aub ka hiji kelompok nu boga tujuan ngadegkeun Nagara Islam Indonésia (NII). Tapi, saperti dibéwarakeun situs http://www.uii.ac.id, sok sanajan ngagunakeun implik-implik Islam, manéhna manggihan pirang-pirang kajanggalan nu kawilang loba dina kapercayaan jeung ajaran maranéhna, misalna sering ménta ka para pangikutna sangkan masrahkeun sajumlah duit atawa barang berharga nu ku maranéhna disebut minangka Shadaqah Musyahadah.

Éta duit téh cenah mah bakal digunakeun keur kaperluan “hijrah”, “nebus dosa”, jeung réa-réa deui, nu lolobana mah teu matak kaharti ku uteuk nu waras. Kajanggalan séjénna mah nyaéta NII ngajarkeun yén sakabéh duit katut harta banda nu aya diluar NII éta teu sah karna milikna jalma kafir (karna di luar anggahota maranéhna), nepika halal pikeun dicokot ku cara naon baé ogé. Malahan, harta pakaya nu jadi kolot ogé halal pikeun dipaling jeung dibohongan. Ieu kelompok boga markas di Jawa Barat ku sebutan “Kota Madinah II”.

Di Bandung, sababaraha korban NII KW IX kungsi datang ka Polda Jabar, pikeun ngadesek sangkan neruskeun pangaduan maranéhna taun 2000 nu teu jelas juntrungna. Jumlah korban NII KW IX di Bandung nu milu ngalaporkeun kasus téh lobana 50 urang. Dikira-kira masih kénéh loba korban NII KW IX séjénna nu acan kadata. Salah saurang korban nétélakeun, di ieu kelompok aya itungan dosa nu kudu ditebus ku duit atawa harta banda séjénna. Maranéhna ngitung dosa tina mandi baé gedéna Rp 25 juta.

Saurang anggahota kudu nyumbang ratusan ribu nepika jutaan rupia pikeun “biaya hijrah”. Saba’da kitu, saban bulanna anggahota diwajibkeun pikeun setor dana Rp 400 ribu.

Ngaruksak Perjoangan Islam
 

 

Ku ayana NII KW IX jeung sarua kitu, diduga dihaja dikukut atawa “dipelihara” ku pihak-pihak lian minangka “buffer” atawa nu ngahalangan kana laju perjoangan umat Islam dina nanjeurkeun syaréat Islam di ieu nageri. Sabab, perjoangan pikeun nanjeurkeun ajén-inajén Islam nepika “negara Islam” (Islamic State) di ieu nageri mémang teu kungsi eureun, mimiti ti nu terang-terangan nepi ka nu susulumputan (gerakan Islam “bawah tanah”), mimiti ti jalur ékonomi nepika pulitik.

Nu écés, NII KW IX nu diyakinkeun museur di Pasantren Al-Zaytun Indramayu Jawa Barat, saeutik ogé lain perjoangan murni gerakan ngadegkeun nagara Islam. Salian ti éta, maranéhna téh taya mantra-mantra atawa lain rundayan ti perjoangan SM Kartosuwiryo. Justru NII KW IX mah saukur ngaruksak citra NII nu diproklamasikeun taun 1949 di Jawa Barat.

Dumasar kana data-data nu dipibanda “BD”, isu NII dihudangkeun deui di jaman rezim Orde Baru pikeun ngahalangan laju perjuangan umat Islam. Malahan, nguniangna deui NII téh dimusawarahkeun ku para tokoh NII bareng jeung Kolonel Pitut Soeharto katut réngrénganana di markas Inteljen militer Senopati. Duanana ogé aya dina kordinasi Ali Murtopo-Soeharto.

Ali Murtopo saterusna ngagarap sumber-sumber daya nu bisa dijadikeun basis underbouw kakuatan ABRI-GOLKAR waktu harita, saperti Islam Jama’ah, Jama’ah Muslimin, Ahmadiyah, jeung Aliran Kepercayan (Kejawén).

NII nu tadina paéh jeung ancur jatidirina atawa éksistensina, ku tilar dunyana Kartosoewirjo katut Qahhar Mudzakkar, dipulas ku Ali Murtopo jadi segér, malah aktif. “NII baru” ieu ngamangpaatkeun sarana pendidikan Pasantren Al-Zaytun Indramayu.

Numutkeun iber-iber “BD”, tokoh sentral NII Al-Zaytun, Abu Toto, katohyan sering kaluar asup imah Soeharto di Cendana. Saking deukeutna, Tutut ogé teu honcéwang pikeun datang ka Haurgeulis Indramayu nalika diperedih ku Abu Toto pikeun “meletakkan batu pertama” dina awal pangwangunan Ma’had Al-Zaytun taun 1997.

Hudangna NII KW IX éta mibanda peran nu kawilang gedé dina nurunkeun ajén-inajén katut citra perjoangan kaom Muslim pikeun ngalarapkeun syaré’at Islam di ieu nageri, sakaligus nyieun isu nagara Islam atawa syaré’at Islam “tidak laku dijual” ka masarakat.

Salian ti NII KW IX, isu-isu kaislaman saperti “radikalisme” jeung “ékstremisme” ogé milu numpurkeun popularitas isu nagara Islam di ieu nagri. Antukna, kalangan pulitisi atawa parpol Islam ogé geus teu mibanda kawani pikeun nyoarakeun kuduna ngalarapkeun syaré’at Islam, komo deui ngajadikeun minangka “negara Islam”.

Isu radikalisme ieu hudang bareng jeung rungkadna rezim Orde Baru. Aya sawatara paham, hudangna isu “Islam radikal” éta mangrupa buah tina gerakan réformasi. Saméméh réformasi, dina kakawasaan Presidén Soeharto nu otoritér, loba gerakan Islam nu saukur bisa bergerak di “bawah tanah” (underground). Tapi, dina jaman kabébasan, maranéhna kalawan ajeg hudang ka luar pikeun némbongan.

Sawaréh ti antara maranéhna milu perang di Ambon katut Poso. Sawaréh deui mah milu ngancurkeun tempat hiburan ku cara terang-terangan. Sawaréh deui hayang ngawasa atawa memonopoli rohangan publik ku cara ngeliran kelompok nu boga karep mintonkeun Islam dina wanda séjén.

Terus Nanjeur atawa Éksis
 

 

Umat Islam moal kungsi reureuh pikeun bajuang nanjeurkeun syaréat Islam di wewengkon dunya mana baé ogé. Komo deui ditambah ku kayakinan, poé kiyamah moal acan datang, saméméh datangna Imam Mahdi minangka pamingpin umat nu aya dina panyalindungan pamaréntahan Islam.

Para aktivis Islam atawa mujahid da’wah bakal terus bajoang, upama perlu ngarayap susulumputan deui, demi perjoangan nanjeurkeun agama Alloh. Juru titén pulitik Denny JA meunteun, ieu aktivis Islam téh mibanda daya tahan nu kawilang luar biasa. “Upama ngarandapan bancangpakéwuh atawa loba para tokoh penting orhanisasi nu dibérok, remen aya tafsir nu ngabungahkeun haté maranéhna sorangan. Sagala rupa kanalangsa éta ditapsirkeun minangka cocoba pikeun jalma nu ariman. Mingkin luhur imanna, bakal mingkin gedé cocoba nu karandapan ku dirina,” saurna. “Maranéhna nampik pikeun nyingkir tina dunya publik, kajaba upama éta téh saukur taktik pulitik sawatara waktu di lapangan”.

Demi juru titén séjénna, nyaéta Dr. Farish Ahmad-Noor, hiji panalungtik Zentrum Moderner Orient Berlin jeung dosen terbang Universitas Sunan Kalijaga Yogyakarta, meunteun gerakan Islam “garis keras” di Indonésia kiwari téh keur leuleus atawa “cooling down“. Dina mangsa nu bakal datang, pokna téh, gerakan Islam nu dilakukeun para inteléktual katut akadémisi Muslim kiwari sorana mingkin harus jeung tarik. “Masa depan perjoangan Islam bakal leuwih loba dikadalikeun ku para inteléktual jeung akadémisi muslim,” saurna saperti dicutat Antara.

Hiji tokoh kahot Masyumi, M. Isa Anshary, taun 1951 nétélakeun, “Henteu aya hiji Muslim ogé, bangsa naon jeung di mana waé ayana, nu teu mibanda cita-cita Darul Islam. Saukur jalma nu geus bejad moral, iman jeung Islam-na, nu teu satuju pikeun nanjeurna Nagara Islam Indonesia. Hanjakalna jalan jeung cara merjoangkeun idiologina aya di pasimpangan jalan jeung pasulangkrah. Jalan simpang nu jauh. Nu hiji bajoang dina wates-wates hukum, sacara legal jeung parlementer, nya éta Masyumi. Nu séjénna deui mah bajuang ku alat pakarang, ngadegkeun nagara jero nagara, nya éta pisan Darul Islam” (Majalah Hikmah, 1951). Wallahu a’lam. (ASM Romli, tina pirang-pirang iber).

Copyrights © Majalah Bina Da’wah.

2 Responses

  1. Alhamdulillah, makin banyak umat yang berhati-hati terhadap NII Zaytun.

    Salam,
    Mantan NII KW 9
    http://niikw9.wordpress.com/

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: