• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Umat Loba Diatik ku Atikan Pulitik Sekulér

* Ambara HM Daud Gunawan

NU kabandungan ku kuring, umat Islam dina atikan pulitik téh éta kabagi kana tilu hambalan.

Kahiji, golongan anu mibanda kasangtukang atikan pulitik bari icikibung tur makalangan, boh di Orpol atawa Ormas, nepika bag-bagan pulitikna téh éstu ngagolotrok.

Kadua, alamiah, nyaéta golongan pulitikus nu icikibung tur aktif di pirang-pirang ormas atawa orpol kalawan daria bari diwuwuh ku kaparigelan nu geus ngancik dina dirina, sok sanajan dirina téh saukur wedalan sakola handap, saperti SMP atawa SMA. Pulitikus alamiah ieu naratas hambalan kalungguhanana éstu tina hambalan nu panghandapna terus naék nepi ka hambalan pangluhurna bari pengkuh atawa istiqomah.

Prosés berpulitik dirina éstu dimimitian tina hambalan panghandapna, upama dina organisasi pormalna mah ti mimiti tingkat ranting naék ka anak cabang, ti anak cabang ka cabang, ka wilayah terus nepi ka kahambalan pangluhurna. Manéhna parigel dina ngungkulan oge bisa ngahaminan pasualan-pasualan nu disanghareupan ku diri katut masyarakat atawa bangsana.

Katilu, golongan pulitikus nu boga bakat atawa kaparigelan nu bener-bener geus ngancik dina dirina bari ngarojong kana karepna pikeun ancrub makalangan dina widang pulitik kalawan pengkuh ogé diwuwuh ku resep maca buku-buku atawa lingkungan sabudereunana.

Golongan pulitikus nu mibanda bakat ieu bakal ngayuga jadi golongan negarawan nu parigel dina ngagéroh kahirupan bari mihak ka rayat. Golongan pulitikus saperti kieu tara mibanda sikep “kutu luncat” atawa mencla menclé. Pulitikus nu mibanda bakat ieu baris ngigelan pirang-pirang pasualan kalawan daria tur pengkuh dina sikep. Pulitikus negarawan ieu bakal loba ngabéla tur ngaheulakeun kapentingan rayat batan dirina, dalah kumaha ogé ari loba mikiran kana kapentingan rayat mah geus tangtu kapentingan dirina ogé bakal kaperhatikeun.

Jadi, pulitikus negarawan éta kawilang beurat, demi nalika paadu hareupan jeung lawan nu bener dina kaputusan jeung pamadeganana mangka dirina kudu siap ngabenerkeun ka pihak nu jadi lawanna.  

 

SACARA ,pormalna pendidikan pulitik umat Islam téh lemah. Nu jadi kasangtukang kalemahanana:

Kahiji,  umat Islam lolobana teu mibanda atikan pulitik anu muser tur jelas aturanana, ogé leuwih loba diatik ku atikan pulitik sekulér, nepika aya pameredih ti sawatara pasantren di Cianjur, nalika Déwan Da’wah Jawa Barat ngayakeun silaturrahim, nu ngaharepkeun sangkan ahli pulitik Islam getol ngayakeun kagiatan atawa palatihan jeung ngiriman buku-buku siyasah atawa pulitik minangka rujukan atawa keur atikan dina énggoning nyitak barudak-barudak ngora atawa santri sangkan parigel tur beunta dina widang pulitik, demi kiwari kalolobaan pasantrén ogé poékeun tur jauh dina bag-bagan atikan pulitikna.

Upama téa mah aya sabagian umat Islam nu mibanda kaparigelan tur kasangtukang atikan pulitik, tapi demi maranéhna ogé loba anu kaeurad ku pulitik sekulér. Nu jadi kasangtukang kaeuradna kaom pulitisi Islam kana cangreudan sekulér éta, alatan léngkah paripolahna dina pulitik téh teu ditatapakan ku ajén-ajén aqidah Islam nu bener tur lempeng.

Kadua, nu dipibanda ku umat Islam dina bagbagan pulitik ieu nyaéta kurang pokus dina pulitik Islam-na kalawan langsung, pulitik Islam masih dicampur adukkeun jeung pulitik sekulér, contona; naon pangna partéy-partéy Islam éléh galungan, sabab kaumuman ummat Islam boga anggapan yén dina Islam teu diajarkeun bag-bagan pulitik kalawan écés. Padahal, upama urang jujur tur boga karep pikeun neuleuman ajaran Islam kalawan jero, mangka urang baris manggihan, yén sakabéh kagiatan boh kagiatan dina widang ibadah mahdlohna atawa ibadah séjénna, éta euyeub ku ajén-ajén pulitik.

Conto séjénna, nalika urang milih pamingpin, apan kudu ngawengku kana kriteria anu tangtu, lain saukur asal milih.

Satemenna pamingpin maranéh téh ngan wungkul Alloh, Rosul-Na, jeung jalma-jalma anu ariman, nu ngadegkeun sholat jeung nyumponan zakat jeung maranéhanana téh nu sumujud (ka Alloh)” (QS. Al-Maidah: 55).

Dina ayat di luhur, dijentrékeun ku Alloh cara-cara milih pamingpin, sakaligus jeung kriteria pamingpin nu hadé pikeun mingpin.

Katilu, loba nu boga anggapan, yén Islam téh saukur ngatur perkara-perkara anu sipatna sérémonial atawa ibadah mahdloh wungkul. Padahal, dina Islam sistim musyawarah baé geus diatur kalawan écés tur jelas.

Musyawarah upama ku urang dilandikeun kana lembaga nagara teu béda jeung DPR-MPR. Ku sabab dina widang pulitik geus kaancikan sekulér, nu mangrupa nyokot kaputusan dumasar kana jumlah sora nu loba, antukna sistim musyawarah nu diajarkeun ku Islam, nu mangrupa kaputusan jeung katangtuan ditangtukeun ku bebeneran, lain ku jumlah, jadi mingkin teu dipiwanoh ku masarakat atawa ku kalangan pulitisi.

Sok sanajan kiwari nu sistim nu diagem ku bangsa Indonesia téh mangrupa demokrasi, ieu ogé teu kudu ditolak atawa dipahing, tapi ku urang kudu dijadikeun alat pikeun ngahontal tujuan. Upama téa mah alat geus aya dina leungeun urang, mangka kadituna urang bakal bisa ngarukal rekol alat tadi luyu jeung katangtuan ajaran nu diagem ku urang nyaeta Islam. Sistem demokrasi éta bisa dijadikeun alat da’wah lain tujuan da’wah.

 

SANGKAN ummat Islam kahareupna aya dina kaunggulan tur nyinglar tina kalemahan katut kahengkeran dina widang pulitik mangka urang kudu:

Kahiji, gura-giru nyitak kader pulitik ku cara ngayakeun jeung ngaronjatkeun atikan pulitik Islam nu nyoko kana kapentingan ummat dina hambalan pormal, saperti sakola luhur atawa di pasantren-pasantren, bari teu leupas tina papagon aqidah nu lempeng tur bener. Nepika ngayuga manusa-manusa pulitisi nu loba ngaheulakeun kapentingan ummat batan kapentingan pribadi, dalah kumaha ogé ari geus mentingkeun kapentingan ummat mah kapentingan pribadi oge bakal kabawa.

Kadua, ngagedurkeun palatihan-palatihan pulitik ngaliwatan widang nu teu pormal, ku mangrupa kagiatan-kagiatan atawa palatihan-palatihan di ormas-ormas atawa organisasi kapamudaan. Ogé terus-terusan nganepikeun pamahaman pulitik ka masarakat atawa ummat ngaliwatan majelis ta’lim atawa khutbah-khutbah Jum’at jeung sabangsana, bari pepek tur diwengku ku ajén-ajén Islam, nepi ka ummat “beunta pulitik”. (Wawancara Alma/BD).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: