• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Tatahar Nyanghareupan Lawan

*) Aweuhan Mimbar

Hadirin Rohimakumulloh!

Puji katut syukur urang sanggakeun ka Alloh Nu Maha Ghofur, nu kalayan rahmatna urang sadaya masih dipaparin umur katut ma’murna, nepika urang sadaya dina taun ayeuna masih bisa nyaksian pirang-pirang kajadian nu parenting, nu aya patalina jeung nasib umat manusa, utamana umat Islam nu aya di nagri urang kénéh.

Nu matak nyugemakeun pikeun urang salaku umat Islam nyaéta katingalina sumanget jihad di kalangan barudak ngora, dina wanda demokrasi, teu sirikna kiwari loba barudak ngora nu manggung makalangan pikeun jadi pamingpin, boh di tingkat lurahna, camatna, bupatina, gupernurna. Mudah-mudahan ku makalangna generasi ngora kahirupan jeung nasib umat Islam mingkin aya dina karaharjaan.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Urang salaku umat Islam, teu diwilah-wilah naha kalangan ngora atawa kalangan kolot, salawasna diperedih ku Alloh sangkan ngabuktikeun kaimanan urang ku pirang-pirang pangorbanan nu sifatna “materi”. Harta katut jiwa urang kudu siap pikeun dijual ka Alloh, minangka bukti tina iman nu sabenerna.

Urang sadaya diperedih ku Alloh sangkan urang ngutamakeun kacintaan urang ka Alloh sareng ka Rosul-Na. Sawangsulna teu kagolongkeun kana golongan jalma nu iman ka Alloh, upama kacintaan ka Alloh jeung ka Rosul-Na dinomerduakeun atawa dinomertilukeun, sedengkeun cinta kana harta atawa jabatan dinomerhijikeun. Sakumaha pidawuh Rosul.

“Teu kagolongkeun jalma nu iman, satungtung manéhna can micinta Alloh katut Rosul-Na leuwih tibatan micinta ka nu séjénna”.

Jalaran kitu, urang sadaya perlu ngaronjatkeun kakuatan iman urang pikeun nyanghareupan rupa-rupa gogoda jeung totondén. Boh totondén nu jolna ti jero haté urang sorangan atawa totondén nu jolna ti luar diri urang. Demi umat Islam pangpangna nu bener-bener iman ka Alloh katut ka Muhammad SAW minangka Rosul jeung Nabi pamungkas, tangtu salilana ogé bakal nyanghareupan pirang-pirang godaan jeung tantangan.

Sakurang-kurangna godaan jeung tantangan nu mangrupa godaan nu bakal bisa ngancurkeun diri jeung pasukan umat Islam, éta aya lima rupa. Sakumaha nu diuningakeun ku Rosul SAW dina haditsna nu diriwayatkeun ku imam Abu Nu’aim. Nu unggelna;

 “Saban jalma mumin bakal nyanghareupan lima pasualan nu pohara rongkahna. Kahiji, saurang mumin bakal nyanghareupan “kahasud” ti jalma mumin deui. Kadua, jalma mumin bakal nyanghareupan kaceuceub ti jalma munapék. Katilu, jalma mumin bakal nyanghareupan ‘peperangan’ jeung jalma nu kapir, kaopat, jalma mumin bakal nyanghareupan ajakan sasarna ‘syétan’ jeung nu kalima, jalma mumin bakal nyanghareupan ‘hawa nafsu’ nu salilana ngalawan kana dirina sorangan”.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Lima rupa gogoda jeung tantangan nu ditétélakeun ku Rosul tadi, ku urang kudu disanghareupan kalawan pinuh ku kayakinan, yén urang bisa ngaréngsékeunana kalawan sampurna.

Urang kudu tatahar pikeun nyanghareupan kahasud ti jalma nu mumin deui. Mémang kadéngéna ogé asa teu pantes aya mu’min kahasud ku jalma mu’min deui. Tapi dumasar kana sajarah, umat Islam asa teu kungsi reureuh jeung réngsé tina papaséaan katut pacéngkadan jeung umat Islam sorangan.

Ulah ningali ka jaman nu geus jauh ka tukang, di urang kénéh, di Indonesia, éstu teu aya hiji ogé gerakan perjoangan umat Islam nu teu diwuwuh ku paséa jeung dulurna nu sa-agama. Diwuwuh ku pacéngkadan paham, boh dina widang agama, atawa dina widang pulitik geus jadi kanyataan nu teu bisa dibantah.

Mémang, biasa, hasud éta ngayuga ku ayana perbédaan. Di mana geus béda pamadegan, biasana sok asa pangbenerna kana pendapatna, anapon pendapat jeung pamadegan batur mah salawasna dipandang salah. Di mana geus silih salahkeun jeung silih agulkeun, ti dinya mimitina bijil hasud ka nu béda pamadegan.

Upama geus hasud, teu mustahil mawa kana pacéngkadan jeung papaséaan. Jalaran kitu, salila béda pendapat dina sagala perkara, pangpangna dina urusan agama jeung pulitik masih kénéh ngancik jeung aya, sifat hasud papada umat bakal terus hurung jeung ngagedur.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Nya kitu deui umat Islam bakal nyanghareupan ‘kaceuceub’ ti jalma-jalma munapék. Lain ogé nu munapék ari teu dengki jeung ceuceub mah ka Islam jeung umatna, demi kasangtukang tina ayana gerakan munapék éta tina kaceuceub. Ari nu mikaceuceub ka Islam jeung umatna nyaéta jalma kapir. Jalaran jalma kapir teu mampuh pikeun ngaruksak jeung ngawut-ngawut Islam kalawan langsung, nya maranéhna pura-pura jadi jeung ngaku umat Islam. Maksudna sangkan bisa ngaruksak Islam ti jero. Hasilna, mémang bisa kabuktian.

Dina widang agama maranéhna geus bisa nyieun hadits-hadits palsu nu lain saeutik jumlahna. Maranéhna geus bisa ngajurung hiji jalma sangkan ngaku jadi nabi sanggeusna Nabi Muhammad saw. Ayat-ayat al-Quran maksud jeung tujuanna disaliwangkeun. Jeung réa-réa deui.

Dina widang pulitik, maranéhna geus metik hasil ngala buahna ku cara ngadu dombakeun umat Islam jeung papada dulurna sorangan. Ti jaman nabi tug nepi ka kiwari, jalma-jalma munapék mustahil bisa ludes, batan béak atawa leungit, malah kalahka nambahan. Sangkan umat Islam nu iman ka Alloh katut Rosul-na, pangpangnanu siap jihad dina jalan Alloh tangtuna ogé moal katipu.

Demi Rosul parantos maparin ka urang sadaya ciri-ciri jalma munapék, nyaéta dimana ngomong sok bohong, dimana jangji sok jalir, di mana di amanatan sok hianat jeung dimana pacéngkadan sok licik.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Nu katilu, umat Islam moal reureuh-reureuh dina nyanghareupan jalma-jalma kapir nu salilana merangan ka umat Islam. Komo deui upama umat Islam aya dina kaayaan ‘minoritas’ di tengah-tengah maranéhna nu mayoritas, tinangtu umat Islam bakal diperangan ku maranéhna. Naha ku cara diusir atawa dibantéy. Sakumaha nu kungsi ngabeledug di Ambon jeung dikapulowan Maluku séjénna. Tapi upama maranéhna aya jeung hirup ditengah-tengah umat Islam nu mayoritas maranéhna ngarasa tenang tengtrem jeung aman.

Di Jawa Barat, umat Islam mayoritas, jalma kafir minoritas, umat Islam teu téga upama kudu ngabantéy nu béda agama. Tapi sok sanajan kitu kabuktianana, umat Islam nu ngarasa mayoritas ulah kajongjonan. Demi teu mustahil kajadian nu saperti karandapan ku dulur-dulur urang di Ambon atawa Maluku engkéna bakal karandapan ku urang.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Kaopat, umat Islam salilana bakal nyanghareupan gogoda syétan nu mawa kana kasasaran. Syétan sakumaha nu diuningakeun ku Alloh SWT, moal petot-petot pikeun ngagoga manusa sangkan kabaud kana jalan nu sasar. Jalan atawa pagawéan nu dianggap alus jeung bener, padahal numutkeun agama mah salah jeung goréng. Dianggap sunah padahal bid’ah. Dianggap tauhid padahal syirik.

Kiwari loba pisan gerakan-gerakan umat Islam ngaliwatan golongan atawa jama’ah nu mawa kana kasasaran jeung kamurtadan. Nu di dongéngkeun bajoang pikeun nanjeurkeun syaréat Alloh, tapi dina prakna geus wani ngamomoré jeung ninggalkeun sholat. Nu dicaritakeun jihad di jalan Alloh, tapi ngahalalkeun ngabadog.

Nu dicaritakeun “berpolitik” Islami pikeun ngadegkeun daulah jeung nanjeurkeun khilafah, tapi dina kanyataanana ngadukung kana sagala program kapir. Ti jaman Adam nepika kiwari jeung nu bakal datang, syétan gawéna saukur nyasarkeun manusa. Jalma nu bodo jeung teu mibanda iman atawa imanna ipis tangtu bakal kapincut ku syétan.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Nyakitu deui jalma mumin salilana bakal nyanghareupan, malah bakal perang jeung nafsu nu aya dina dirina sorangan. Mémang teu sakabéh nafsu nu aya dina diri manusa éta goréng jeung ngajurung kana picilakaeun. Aya nafsu nu hadé nu disebut nafsu mutmainnah. Tapi dina jaman kiwari, jaman nu loba tantangan jeung gogoda, teu saeutik jalma nu cilaka alatan nafsuna sorangan.

Ceuyahna pamingpin bangsa nu kabaud kana KKN éta alatan nyembah kana hawa nafsu nu nyangkaruk dina dirina. Sarakah, hawek jeung kadedemes éta ngarupakeun bukti tina “penyembahan” manusa kana hawa nafsuna. Demi nafsu éta mibanda sifat teu ngarasa cukup, teu ngarasa sugema jeung sagala henteu sejenna, nu ngajurung kana kaleuleuwihi jeung sifat “individualis” sarta “égois”. Teu aya rasa nyaah, héman kabatur. Malah ka nu jadi anak istrina atawa ka salakina soranga bisa leungit perhatianna. Balukarna nimbulkeun krisis dina sagala widang kahirupan.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Pikeun ngungkulan pasualan-pasualan di luhur, urang sadaya diparéntahkeun ku Alloh sangkan ngayakeun persiapan. Sakumaha nu diuningakeun dina surat al-Anfal : 60.

“Jeung pék geura tatahar pikeun ngayonan maranéhna , mangrupa kakuatan nu kadada kaduga ku maranéh, pasukan kuda nu disayagikeun ku maranéh nepika bisa ngageumpeurkeun musuh Alloh jeung musuh maranéh.”

“Persiapan” nu ku urang kudu diayakeun, pangpangna pikeun nyanghareupan gerakan munapék, nu salawasna ngaruksak ti jero barisan umat Islam, demi jalma munapék ayana dilingkungan, upama ceuk basa kiwarina mah, ayana dijero partéy Islam. Numutkeun pidawuh Rosul, umat Islam moal ancur ku bencana alam, moal éléh ku nu kapir, nepika umat Islam bisa dikawasa ku nu kapir. Tapi umat Islam teu meunang jaminan ti Alloh pikeun salamet tina gerakan atawa “infiltrasi” jalma munapék, nu bisa ngadu dombakeun umat Islam jeung sasamana.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Nasib umat Islam, nyaéta umat Muhammad SAW, moal saperti umat atawa kaom baheula. Dihancurkeun ku Alloh ngaliwatan bencana alam jeung bisa ditalukeun ku musuh-musuhna, nepika aya dina jajahan lawan. Tapi aya hiji kakurang pikeun umat Muhammad, nyaéta Alloh teu ngajamin bakal salamet tina akibat kacampuran ku munapék.

Akibat tina kacampuran ku nu munapék, nu geus bisa lantaran biasa ngaruksak umat ti jero, nya umat jadi hancur tur lebur, teu aya kakuatan, lantaran teu aya sabilulungan jeung papada dulurna. Umat Islam geus teu pada hayang ngahiji sabengkeutan jeung papada umat Islam sorangan. Umat Islam geus teu hayang ngahiji dina hiji partéy, malah leuwih ngarasa maju jeung modern upama ngagunduk jeung ngahiji jeung partéy sekuler, ngarasa mundur jeung kuno upama ngagunduk dina partéy Islam. Pikiran sarupa kitu éta balukar tina pangaruh jalma-jalma munapék nu aya tur deukeut jeung umat Islam. Nu aya dina sapartéy ogé, teu weléh silih curigaan, silih fitenah jeung silih tunjuk lorék, silih siku jeung silih cakar.

Éta kabéh balukar tina kaasupan ku jalma jeung pipikiran nu munapék. Balukarna, nepika kiwari perjoangan umat Islam lain kuat, malah tambah lemah, lain ngahiji sabeungkeutan tapi paburantak jeung pacéngkadan. Padahal perjoangan téh lain kakara sataun atawa dua taunan.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Jalaran kitu, kawajiban pikeun urang, teu aya deui kajaba kudu ngarekepkeun barisan sangkan teu aya lolongkrang asup syetan jeung golongan munapék kana barisan umat Islam.*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: