• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

‘Pulitik Alat Ibadah, Da’wah, jeung Jihad’

*) Wawancara HM. Rizal Fadhilah

Kumaha Rosul ngalakukeun pendidikan pulitik ka para sahabatna?

Aya sababaraha hambalan nu dilakukeun ku Rosululloh dugika ngajadikeun umatna atawa para sahabat punjul. Rosulullah ngajadikeun para sahabat téh cerdas dina ma’na utuh. Jadi lain saukur ngadidik para sahabat jadi pinter, tapi ogé ngajadikeun maranéhna minanda “kapekaan” haté. Nu dina basa Al-Quranna mah ditétélakeun, yatluu ‘alaihim aayaatihi, wa yuzakkiihim wa yu’allimuhumul kitaaba wal hikmah. Upama digabung mah nya hikmah, dibacakeun ayat-ayat nepika bisa dipahamkeun ku uteuk, jadi cerdas, ogé ngaberesihkeun haté maranéhna.

Jadi, pendidikan Nabi SAW éstu lengkep, dicerdaskeun uteukna, diberesihkeun haténa, nepika amal-amal sholeh nu dilakukeunna ogé konkrit. Jadi sukuna téh ditungtun ku uteuk jeung haté, nepika maranéhna téh mibanda sikep zuhud, amanah, sholéh, tur mibanda akidah nu luhung, wani, ogé mibanda tanggung jawab.

Dina wanda pulitik Rosul henteu ngajar para sahabatna pikeun mibanda élmu nu loba tur lega dina hambalan kamasarakatan atawa ka nagaraan wungkul, tapi ogé sifat-sifat méré panyalindungan, sambung rasa, pamingpin jeung nu dipingpin. Ieu ku Rosul dibangun di Madinah nalika anjeuna jadi pamingpin.

Sok sanajan gerakan nabi téh gerakan da’wah Islam, tapi nu disanghareupan jeung dilawan téh taya lian nyaéta kakawasaan pulitik kaom Qurésy, nepika nu diwangun téh kakuatan pulitik. Saba’da aya di Madinah, éta kakuatan téh mingkin dikuatan ku sistim pendidikan, sangkan masarakat sacara pulitik kuat, nya tadi ngawangun kacerdasan pikiran, meresihan haté, jeung teuneung ludeung dina wanda amal sholeh.

 

Naon baé prinsip-prinsip pulitik dina Islam téh?

Kahiji, tangtu baé ngamahamkeun yén pulitik téh raket hubunganna jeung kakawasaan, minangka amanah, nu engké dina poé kiamah baris jadi karugian jeung kasangsaraan, kajaba pikeun jalma nu nyokotna téh ku cara nu bener. Jadi, sok sanajan sacara syaréat éta kakawasaan téh ti manusa, tapi sacara hakékat éta téh ti Alloh nu maparin amanah ka éta jalma. Manéhna téh lain saukur mibanda tanggung jawab ka rayat wungkul, tapi ogé ka Alloh.

Kadua, ngarebutna ku jalan nu bener, cara-carana bener, henteu ngahalalkeun sagala cara, ogé pantes dina nyepengna. Sakabéh jalma dimeunangkeun pikeun ngasongkeun diri, tapi pantes jeung henteuna diri urang éta ogé kudu diiker-iker jeung di ukur-ukur. Demi pidawuh Rosul, upama hiji jalma dipasrahan jabatan bari henteu ahli, nya tunggu waktu kahancuranna. Jadi tetep kudu pantes, ahli atawa profesional dina widangna, demi upama henteu mampuh bakal keuna ku sakauran Nabi Muhammad SAW.

Katilu, nyaéta haq. Hartina carana bener, nu sacara proporsi kuring bisa, meunang urang ngasongkeun diri saperti Nabi Yusuf, sok serenkeun ka kuring jabatan bendahara, demi kuring mah pantes tur bisa nyepeng éta jabatan. Saba’da kakawasaan aya dina dampal leungeun, éta kudu dialokasikeun kalawan adil. Jadi lain saukur mikirkeun pendukung, partéy, golonganna wungkul, demi dina Islam mah sikep kitu téh dicaram.

Nalika urang jadi pamingpin, nya urang kudu bisa mohokeun aspék-aspék golongan. Urang Barat leuwih pinter nyarita, “leungitkeun loyalitas ka partéy nalika kudu boga loyalitas ka nagara’.

 

Kumaha ulama, pulitisi, katut parpol-parpol Islam ngalaksanakeun pungsi pendidikan pulitik ka umat?

Urang ngabandungan, yén masarakat urang téh ti baheula ogé acan kuat sacara pulitik. Kakawasaan téh masih domain di pamaréntah, nu disebut ulama, tokoh, katut partéy éta aya disatukangeun pamaréntahan, sok sanajan nu disebut partéy pulitik kiwari geus jadi jembatan.

Jalaran kitu, pungsi pendidikan pulitik téh, kahiji, tetep bajoang pikeun nguatkeun masarakat, yén masarakat téh hiji kakuatan. Jadi lain kakuatan pulitik nu ‘tersentralisasi’ di pamaréntahan, tapi ogé masarakat. Jalaran kitu, pendidikan pulitik téh kudu diarahkeun pikeun nguatkeun kadudukan masarakat, di jerona ormas, OKP éta kabéh dikuatkeun, nu dina basa pulitikna mah nyaéta demokratisasi tea, nyaéta nguatkeun posisi kadaulatan rayat.

Kadua, kabéh nu ditataan di luhur nu dipernahkeun dina partéy Islam upamana, éta kudu diakséskeun kana ibadah, jihad, da’wah. Kakawasaan, politik eta kabéh kudu diaksés, diarahkeun ka ibadah, da’wah, jeung jihad. Pulitik kudu diakses atawa diarahkeun. Ku cara kitu, pulitik saukur salah sahiji alat ibadah dina harti nu lega, ogé alat da’wah jeung alat jihad. Tah éta ngarupakeun tugas para pamingpin pulitik, ulama, jeung partéy Islam, kumaha carana ngajadikeun pulitik minangka alat ibadah dina wanda nu lega.

Kiwari mah nu kabandungan téh sabalikna nyaéta ibadah, da’wah jeung jihad téh jadi alat pulitik. Ieu ngarupakeun tugas jeung tanggung jawab urang salaku umat Islam sacara bener dina raraga ngahudangkeun jeung ngagedurkeun pendidikan pulitik tadi. (Alma/BD).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: