• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

NGALANGGENGKEUN UKHUWAH ISLAMIYAH

Ambara: Dr. K.H. Miftah Faridl.

SALAH sahiji pasualan umat jaman kiwari nu kudu jadi perhatian jeung dikungkulan ku urang saréréa kalawan daria nyaéta pasualan ukhuwah Islamiyah. Demi ukhuwah Islamiyah, mangrupa akhlak Islam nu jadi tatapakan nu kawilang penting masarakat Islam saba’da tauhid, ngaésakeun Alloh Swt. Ukhuwah atawa tataliwarga éta mangrupa ciri utama hiji masarakat Islam ogé munggaran tina hiji pangwangunan jeung nu pangraket penting tina kasatuan jeung persatuan umat. Salian ti éta tataliwarga ogé mangrupa prasarat penting dina ngajanggélékkeun harkat jeung martabat ogé kakuatan sakaligus ngarupakeun syarat pikeun ngahontal kasuksésan jeung kameunangan umat Islam. Ukhuwah jeung tataliwarga éta wasilah utama pikeun Izzul Islam Wal Muslimin, jalan pangdeukeutna pikeun meunang pangampura katut Ridlo Alloh SWT. Nu jadi cukang regas tur anggangna tataliwarga ieu diantarana tahap kaélmuan jeung kakayaan diantara urang saréréa. Perbédaan ijtihad, pamahaman, pamanggih jeung pamadegan ogé sakapeung jadi cukang pikeun nganteurkeun urang kana kurang dalitna hubungan diantara urang nu antukna ngaganggu kana tataliwarga urang sadaya. Hakékatna éta kabéh aya dina jiwa jeung méntal urang nu can bisa sagémbléngna tur daria dina énggoning ngalaksanakeun ajaran Islam ngeunaan tataliwarga. Pidawuh Alloh,  “Jeung mumin katut muminat, sabagian ti maranéhna nulungan nu sabagianana deui. Maranéhna nitah ngajurung milampah ma’ruf jeung negah milampah munkar, sarta ngadegkeun sholat, nyumponan zakat, jeung taat ka Alloh, katut ka Rosul-Na. Maranéhna téh ku Alloh baris dipaparin rohmat, karana Alloh téh Maha Gagah tur Maha Wijaksana”. (QS Attaubah. 71) Dina hiji hadits Rosululloh SAW. maparin hiji gambaran nu kalintang éndah, dina ngalarapkeun tataliwarga, sakumaha dawuhanana, “Misilna jalma-jalma mumin jeung mumin séjénna dina silih pikanyaah, pikahéman téh lir ibarat hiji awak, upama salah sahiji anggahota awak aya nu nyeri, mangka anggahota nu séjénna ogé milu muriang”. (HR Bukhori Muslim) Sagala rupa nu didawuhkeun ku Rosululloh SAW éta lain saukur papaés pidato jeung kelir omongan wungkul, tapi mémang geus dibuktikeun tur dipraktékkeun dina kahirupan anjeunna katut para sahabatna sapopoéna. Dawuhan Rosululloh SAW éta mangrupa gambaran tina masarakat nu diwangun ku anjeunna waktu harita, nu tangtuna ogé kudu jadi kanyataan dina masarkat Islam kiwari. Kalintang éndahna tataliwarga nu diwangun ku Rosululloh SAW katut para sahabatna baheula. Maranéhna parantos bisa nyingraykeun rérégéd panatisme golongan jeung asal katurunan.  Béda palebah harta pakaya teu matak ngajadikeun maranehna ngalaman konplik sosial, teu matak pindah pileumpangan, sombong alatan harta jeung pakaya ogé iri dengki pédah nu séjén boga harta pakaya. Padahal maranéhna ngahiji jeung ngabeungkeut dina wangunan ukhuwah ieu mibanda kasang tukang pamahaman, pendapat, sosial ékonomi jeung watek katut témpréman nu rupa-rupa. Ukhuwah lain dina harti kudu sapamadegan dina sagala urusan. Kitu deui lain kudu ngahiji dina hiji wadah organisasi, boh ormas atawa pulitik, ogé lain kudu sarua rasa jeung rata dina widang ékonomi jeung kakayaan. Aya sababaraha jalan pikeun ngawujudkeun ukhuwah ieu diantarana,Kahiji, Urang kudu siap pikeun nyingraykeun pendapat diri sorangan tur nuturkeun pendapat nu séjén, upama pendapat nu séjén téh ditatapakan ku al-Quran katut Hadis shohéh, bari pendapat urang mah teu didadasaran ku dalil nu bisa dipertanggung jawabkeun.  …… Upama maranéh pasalia paham ngeunaan hiji perkara, geura pulangkeun éta perkara téh ku maranéh ka Alloh jeung ka Rosul-Na….. (An-Nisa: 59) Upama téa mah dina gempungan diskusi teu bisa ngaréngsékeun pasualan kalawan tuntas alatan pasalia paham, jeung masing-masing pihak ogé mibanda alesan nu diyakinkeun bebeneranana luyu jeung pituduh syara, ku kituna urang kudu siap pikeun pasalia paham, sikep jeung pamadegan “Lanaa ‘amaluna wa lakum ‘amalukum”, pikeun kami amal kami jeung pikeun maranéh amal maranéh. Kadua, Siap pasalia paham pikeun ijtihad. Upama urang mibanda pameunteun nu béda ngeunaan kamaslahatan hiji pasualan dumasar kana tinimmbangan akal pikiran atawa pangrasa jeung pangalaman masing-masing, nu kieu geus asup kana hambalan ijtihadiyah.  Musawaarah dina ngaréngsékeun ikhtilafiyah ijtihadiyah éta mangrupa hiji ikhtiar paréntah Islam. Jalaran kitu, nganyahokeun jeung sadar kana bakal ayana ikhtilafiyah ijtihadiyah furuiyah éta mangrupa sikep Islami. Ijtihad minangka ikhtiar akal pikiran manusa nu aya pakaitna jeung masalah katangtuan syara, nu bebeneranana dina waktu kiwari bisa ditarima acan karuhan bener dina mangsa nu bakal datang, pasalia paham dina hiji mangsa acan tangtu béda dina mangsa nu bakal datang. Jalaran kitu ukhuwah kudu tetep nanjeur sok sanajan pamadegan jeung paham geus béda. Katilu, Béda dina mibanda harta pakaya kudu ngayugakeun kaakraban. Béda tingkat ékonomi éta mangrupa sunnatulloh nu teu bisa disinglarkeun; Saéstuna Pangéran hidep ngajembarkeun rejeki ka sing saha nu dikersakeun ku Mantenna, sarta ngaheureutkeun keur sing saha nu dikersakeun ku Mantenna, jeung saéstuna Mantenna Maha Uninga tur Maha Ningali ka abdi-abdi-Na. (bani Isroil : 30).Kaopat. Ngamalkeun Akhlak Islam. Kaasup hambalan nu kawilang penting dina énggoning ngawujudkeun ukhuwah Islamiyah, nyaéta  kamampuhan masing-masing pikeun nyinglarkeun dirina tina rupa-rupa sikep nu bisa ngarenggangkeun tataliwarga jeung nu bisa ngagénjlongkeun tatapakan ukhuwah. Tegesna nanjeurna akhlakul karimah, akhlak ukhuwah Islamiyah. Nu jadi cukang héngkérna ukhuwah Islamiyah, nyaéta héngkérna akhlakul karimah. Krisis ukhuwah éta balukar tina héngkérna akhlakuk karimah. Salila akhlak ukhuwah kuat, pasalia paham atawa pamadegan dikalangan umat éta moal ngabalukarkeun mahabuna pacéngkadan jeung patukangtonggong. Sikep jeung tarékah nu kudu dipibanda tur jadi ciri muslim sangkan ukhuwah Islamiyah tetep ngagedur dina dirinya, ku al-Quran diécéskeun, nyaéta,a.       Husnudzon, hadé sangka ka papada muslim. b.      Tabayyun, milih jeung ngawilah-wilah pirang-pirang iber jeung béja nu datang.c.       Silih papagahan jeung tausiahan, silih naséhatan, jeung silih élingan.d.      Islah, tarékah jeung ihtiar pikeun pikeun mémérés nu kurang merenah.e.       Silih ajénan jeung papada manusa.f.        Silaturrahim jeung sasama. Ku silaturrahim hiji muslim bisa nepungkeun tataliwarga jeung duduluran ogé sakaligus ngaleungitkeun rupa-rupa hahalang jeung karumeuk. Ku silaturrahim hiji muslim bisa ngalaksanakeun tabayyun katut islah, tausiah jeung amar ma’ruf nahyi munkar sakaligus. Loba pasualan-pasualan nu kawilang baha tur rumeuk bisa diungkulan ku jalan silaturrahim, padahal ku cara resmi mah hamo bisa diréngsékeun jeung dikungkulan.  Nalika Rosululloh SAW ditaros ngeunaan panghadé-hadéna manusa mungguh Alloh. Rosul ngawaler kalawan teges, manusa nu paling hadé mungguh Alloh SWT mah nyaéta nu paling takwa ka Mantenna, nu daria nepungkeun silaturrahim ogé  jalma-jalma nu ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar. *** (Alma’/BD).   

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: