• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Iman Tatapakan Kahadéan

Aweuhan Mimbar: Khotib A. Muhsin.

Hadirin Rohimakumulloh!
Alhamdulillah, urang sadaya muji ka Alloh. Nu parantos maparin kasempatan sareng kakiatan ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa ngaréngsékeun ibadah shaum sabulan campleng, dina bulan Romadlon. Mugia Alloh Swt nampi kana amal ibadah nu ku urang dilakonan, nepi ka jadi pangjajap kana dihampurana dosa-dosa urang ku Mantenna. Amin yaa robbal ‘alamin.

Pon kitu deui sholawat miwah salam, mugia dihaturkeun ku Alloh ka Nabi nu ahir tur Rosul pamungkas, nyaéta Muhammad Saw. Kakuatan, kasobaran, kaunggulan, mugia ku Alloh dilungsurkeun ka mujahidin muslim nu sibuk bajoang mélaan hak Alloh, Rosul-Na jeung hak-hak maranéhna salaku kaom muslimin.

Hadirin Rohimakumulloh!
Sifat mulya jeung amal hadé, nu geus dibiasakeun dina bulan Romadlon, éta kacida pisan alusna upama ku urang dijadikeun bekel pikeun milampah amal-amal hadé nu bisa ngajajap urang ka sawarga. Tur urang yakin, bakal aya dina kaunggulan nepi ka bisa ngaréngsékeun pirang-pirang totondén nu kiwari keur karandapan ku urang salaku umat Islam jeung bangsa Indonesia dina umumna.

Ibadah shaum salami sabulan sampleng dina bulan Romadlon nu dilakukeun ku urang kalawan bener luyu jeung tuntunan katut conto ti Rosululloh Saw, éta mibanda dorongan sumanget jeung karep nu gedé, boh nu aya pakaitna jeung kahirupan pribadi atawa kahirupan masarakat jeung nagara, pikeun ngalampahkeun amal-amal hadé, nu dina istilah al-Quran mah disebut al-Islah. Saban amal-amal al-Islah éta ngawengku kana ajén-ajén jeung unsur nu sifatna ngawangun.

Hadirin Rohimakumulloh!
Dina Al-Quran, teu kurang ti 169 kalina kecap nu nyoko kana kecap sholaha, saperti, ash-sholah, al-islah, ash-sholih, al-mushlihun jeung nu néjén-séjénna.

Numutkeun ajaran al-Quran, kahadéan-kahadéan éta kudu leuwih tiheula dilarapkeun ku diri urang sorangan saméméh dilaksanakeun ka nu séjén, masarakat jeung nagara. Demi rék bisa milampah kahadéan ka jalma séjén kumaha, sedengkeun diri urang sorangan ogé masih lamokot ku kajahatan jeung karuksakan?

Aya ahli hikmah nu netélakeun:
“Jalma-jalma nu hadé (ash-sholihun) éta saukur bisa ngatik jeung ngadidik dirina sorangan, tapi jalma-jalma anu milampah kahadéan (al-mushlihun) mah nyaéta nu mampuh ngabina umat”.

Sakuduna mah, urang ngabina diri urang sorangan leuwih tiheula saméméh ngabina jalma séjén atawa masarakat. Hal éta diécéskeun ku Imam al-Ghozali:

“Kawajiban saban muslim nyaéta ngamimitian hiji kahadéan ka dirina sorangan, nyumponan kawajiban (fardlu) jeung ningalkeun rupa-rupa paharaman (nu haram). Saba’da kitu kakarék dilarapkeun ka nu jadi anak jeung pamajikanana, kaom kulawargana. Upama geus bisa kakarék undak kana hambalan nu lega nyaéta tatanggana, lingkungan bangsa di jero nagarana, jeung nu saterusna ka umat manusa sakabéhna, numutkeun kaparigelan jeung kamampuhanana….”

Hadirin Rohimakumulloh!
Dina ajaran Islam tugas jeung kawajiban pikeun ngalaksanakeun rupa-rupa kahadéan atawa dina istilah kiwari mah pangwangunan éta nyampay dina taktakna saban muslim jeung muslimah. Dina hadits nu diriwayatkeun ku Anas bin Malik Rosululloh SAW katos nétélakeun ka Abu Ayyub,

“Naha anjeun hayang ku kaula dituduhkeun kana hiji perniagaan? Abu Ayyub ngajawab, tangtos baé ya Rosulalloh! Nabi ngadawuh: Anjeun kudu satékah polah milampah kahadéan di tengah-tengah manusa nu nyieun karuksakan, jeung ngadeukeutkeun maranéhna upama maranéhna pajauh”.

Dina énggoning milampah kahadéan atawa pangwangunan, éta kudu maké titik panginditan jeung ditatapakan ku tatapakan nu kuat. Ulah saukur ngaharepkeun kauntungan nu sipatna lahiriyah saperti kama’muran jeung karaharjaan, ogé ulah digerakkeun ku prikamanusaan, tapi kudu ditatapakan ku babakti jeung taqwa ka Alloh SWT. Jadi didorong ku sumanget iman.

Dina al-Quran urang baris manggihan kecap as-sholihat éta sok loba dihubungkeun jeung kecap iman nepi ka leuwih ti 50 kalina, ieu nuduhkeun yén antara laku lampah hadé atawa pangwangunan téh sabeungkeutan jeung iman, teu bisa dipisah-pisahkeun.
Saban kahadéan nu ditatapakan ku iman, éta lain saukur bakal tinemu jeung kabagjaan hirup lahiriyah di dunya wungkul tapi ogé bakal tinemu jeung kani’matan hirup rohaniyah di ahérat éngké.

Hadirin Rohimakumulloh!
Dina surat an-Nuur ayat 55 Alloh ngadawuh, nu unggelna:

“Jeung Alloh geus jangji ka jalma-jalma nu ariman tur milampah amal sholéh ti antara maranéh, yén Mantenna ngangkat maranéhna jadi kholifah di ieu bumi sakumaha geus ngangkat jalma-jalma saméméh maranéhna jadi kholifah” (QS. An-Nuur: 55)

Dina ayat nembé ditétélakeun, jangji Alloh ka jalma-jalma nu milampah amal sholéh nu ditatapakan ku iman, yén maranéhna bakal ditetepkeun pikeun jadi kholifah atawa pamingpin, nepi ka maranéhna bisa ngarasakeun kabagjaan hirup nu dipiharep ku maranéhna.

Jabatan kapamingpinan nu disebutkeun dina ayat diluhur ku istilah kholifah, ku Yusuf Ali disebut minangka, “Kakuatan jeung kakawasaan pikeun mingpin nagri”. Sedengkeun nu dimaksud ku kakawasaan pikeun mingpin nagri téh saur Sayyid Quthub mah nyaéta; “Kakawasaan nu mibanda tugas pikeun ngayugakeun kama’muran jeung kahadéan, lain nyiptakeun karuksakan jeung kasangsaraan, kakawasaan pikeun nanjeurkeun hak-hak kaadilan jeung kabébasan rohani, lain nanjeurkeun kazholiman jeung kajahatan, kakawasaan pikeun ngaronjatkeun darajat kahormatan manusa jeung ajén-ajén pri-kamanusaan, lain kakawasaan nu ngusrukkeun manusa jeung masarakat kana jungkrang nu satingkat tur sadarajat jeung sato.

Dina surat al-Maidah ayat 9. Alloh ngadawuh, unggelna;
“Jeung Alloh ngajangjikeun jalma-jalma nu ariman turta nu milampah amal sholeh, pangampura jeung ganjaran nu kacida pisan gedena pikeun maranéhna” (QS. Al-Maidah: 9).

Ogé diécéskeun jangji Alloh ka jalma-jalma nu milampah amal sholéh nu ditatapakan ku iman téa, yén maranéhna bakal meunang pangampura, ogé dipaparin ganjaran, nu nganteurkeun maranéhna pikeun neuleuman kani’matan rohaniyah dina kahirupan ahérat jaga.

Hadirin Rohimakumulloh!
Kabagjaan hirup nu kumaha nu baris dirasakeun tur kapibanda ku jalma-jalma nu milampah amal sholéh nu ditatapakan ku iman, sakumaha nu dijangjikeun ku Alloh dina ayat diluhur téh?

Amal sholéh nu ditatapakan ku kaimanan éta baris ngayugakeun kabagjaan jeung karaharjaan di dunya, nu mangrupa:
1. Baris Meunang Rezeki nu loba.
Saban laku lampah hadé éta baris ngadatangkeun rizki jeung kahirupan nu hadé boh di dunyana saperti diécéskeun dina pidawuh Alloh:

“Nya jalma nu ariman tur milampah amal sholéh, pikeun maranéhna pangampura jeung rejeki nu mulya” (QS. Al-Hajj:50)

2. Bakal Meunang Darajat Nu Luhur
Darajat, kalungguhan, kahormatan jeung nu séjénna éta ngarupakeun kabagjaan hirup di dunya, nu salawasna diperjoangkeun jeung dipicangcam ku saban manusa, sok sanajan kudu nandonkeun pangorbanan nu baha. Darajat nu luhur, dina harti nu séhat jeung dipihormat, baris dipaparinkeun Alloh ka jalma-jalma nu milampah amal sholéh, saperti nu didawuhkeun ku Mantenna

“Jeung sing saha jalma nu madep ka Pangéranana dina kaayaan iman turta geus ngalampahkeun amal sholéh, nya maranéhna bakal meunang darajat nu luhur” (QS. Thoha:75)

3. Baris Meunang Kauntungan.
Kauntungan ngarupakeun hiji perkara nu loba dipicangcam ku manusa. Urang baris tinemu jeung kauntungan, upama urang milampah amal sholéh atawa amal hadé. Sabab Alloh moal jalir kana jangjina, sakumaha pidawuh-Na

“Tapi ari jalma nu tobat jeung iman tur ngalampahkeun amal sholéh mah, nya mugia waé maranéhna kaasup jalma nu pinanggih jeung kabagjaan atawa kauntungan” (QS. Al-Qoshosh : 67).

4. Baris Meunang Rohmat jeung kacinta.
Kanyaah katut welas asih ogé kacinta Alloh Swt nu dipaparinkeun Mantenna ka hamba-Na, éta ngarupakeun kani’matan nu sayakti. Alloh Swt baris ngucurkeun rohmat jeung kanyaah-Na ka jalma-jalma nu milampah amal hadé, sakumaha nu dijelaskeun dina pidawuhna;

“Anapon jalma-jalma nu ariman tur ngalampahkeun amal sholéh mah bakal diasupkeun ku Pangéranana kana Rahmat-Na. Éta téh kabagjaan nu tétéla” (QS. al-Jatsiyah:30).

5. Bakal dileungitkeunna rasa karempan.
Karempan, éta ngarupakeun hiji perasaan nu matak ngaganggu tur nyiksa jiwa manusa. Jalma nu milampah amal hadé bakal dileungitkeun kakeueungna ku Alloh tina jiwana sakumaha dawuhanana

“Jeung sing saha jalma nu ngalampahkeun amal sholéh bari manéhna iman, henteu kudu ngarasa rempan bisi dikaniaya, atawa dikurangan” (QS. Thoha: 112).

Hadirin Rohimakumulloh!
Masih seueur, kabagjaan dunya nu bakal dirasa jeung ditarima ku urang, upama amal-amal hadé éta dilakukeun ku urang bari ditatapakan ku iman. Sedengkeun dina kahirupan ahérat mah bakal meunang pangampura ti Alloh SWT.

Pangampura Alloh kana sagala rupa dosa nu kungsi dipilampah di dunya kiwari éta geus ngarupakeun hiji karunia nu ngahampangkeun kasangsaraan hirup di ahérat engké. Pangampura Alloh ieu bakal dicawiskeun ka jalma-jalma nu milampah amal hadé.

Mugia Alloh maparin kakiatan ka urang nepi ka urang bisa ngalampahkeun amal hadé nu ditatapakan ku iman ka Mantenna. Amal hadé hasil atikan jeung didikan ogé latihan salami sabulan campleng dina bulan Romadlon ieu sing parat nepi ka Romadlon deui, nepi ka hirup urang téh salawasna euyeub jeung leubeut ku kahadéan nu ditatapakan ku iman ka Mantenna. (Aweuhan Mimbar, BD Edisi 331)*

One Response

  1. Assalamu’alaikum…
    alhamdulillah majalah bina da’wah masih keneh eksis…..
    pami tiasa khutbah jum’ahna di tambihan deui… sim kuring peryogi pedaran anu nyangkut dunia kiwari tur di bahas dina khutbah jum’at supados teu bosen

    syukron!!!

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: