• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

’Jadi Semah di Imah Sorangan’

SOK sanajan umat Islam minangka mayoritas padumuk Indonesia, tapi nepi ka kiwari acan bisa méré kelir nu matak ngagumbirakeun pikeun bangsa Indonésia dina enggoning nyorang lampahna. Béda jeung nalika mangsa-mangsa saméméh merdéka. Nalika umat Islam jadi panghareupna dina ngayonan penjajah.

Ieu kungsi dikedalkeun ku Ketua Umum PP Muhammadiyah Prof. Dr. Din Syamsudin, dina hiji acara paguneman di CIDES (Center for Information and Development Studies) Jakarta, ping 4 Oktober nu geus kaliwat. ”Upama teu ngayakeun tarékah nu daria, umat Islam – jeung malahan bangsa Indonesia– bisa jadi semah di nagrina sorangan,” saurna sakumaha nu dicutat ku hidayatullah.com.

Naon rupa nu dikedalkeun ku Din Syamsudin, tangtuna ogé iber nu ahéng. Sok sanajan kitu, panétélaan bieu kudu terus-terusan digaurkeun ka sakumna umat Islam, katohyan di nagri nu kamerdékaanana diperjoangkeun ku jiwa-raga umat Islam ieu, umat Islam kiwari justru condong jadi sémah, lain pangeusi imah. Cicirénna, umat Islam masih kadéséhkeun (termarginalkan) dina rupa-rupa isu kabangsaan jeung kanagaraan, utamana dina kasus idiologi nagara.

Kacida pisan ironisna, di nagara nu mayoritas Muslim, justru syaréat Islam teu dijadikeun minangka idiologi jeung patokan sistim pamaréntahan. Antukna, kahirupan sosial, pulitik, ékonomi, budaya, tug nepi ka media massa katut dunya kaulinan, nu lumaku téh sistim nu jauh tina ajén-ajén Islam. Leuwih ironis deui, jumlah umat Islam nu mibanda karep pikeun ngalarapkeun syaréat Islam, justru jadi minoritas. Mayoritas umat justru ngarasa tingtrim ku sistim sekuler nu kiwari keur lumaku.

Umat Islam teu kudu rumahuh ku kaayaan nagara nu pajurawet, nagara pangkorupna kadua sadunya, pamaréntahan dikadalikeun ku kakuatan deungeun, jeung sabangsana. Ieu balukar tina alatan nagara teu ngajadikeun Islam minangka idiologi nu jadi tatapakan sistim pamaréntahan, perundang-undangan, jeung tata kahirupan sapuratina di ieu nagri.

Sok sanajan kitu urang ogé kudu mibanda kasadaran, mayoritas umat Islam Indonesia masih kénéh digolongkeun ”Muslim abangan”, ”Muslim KTP”, atawa sahanteuna ”Muslim sekuler”. Mayoritas umat di ieu nagri masih diancikan ”kapribadian ganda” (double personality) antara taat kana ajaran Islam jeung paham sekuler. Maranéhna ibadah ritual –saperti sholat, zakat, shaum, katut haji– sacara Islam, éta ogé masih kénéh loba dicampuran ku perkara-perkara bid’ah, khurafat, jeung tahayul. Tapi, nalika ngalaksanakeun kahirupan sosial-pulitik (muamalah), maranéhna nampik ngajalankeun ajaran Islam, tur leuwih sugema pikeun milih hukum Thoghut. Sistim hukum urang malahan masih kénéh mangrupa warisan penjajah Walanda nu tangtuna ogé kacida pisan sekuler tur teu Islamina. Anéhna, nalika aya tarékah pikeun nyangking hukum Islam dina KUHP, ngagedur isu ”Islamisasi KUHP” jeung ngagedurkeun panampikan.

KANYATAAN tadi mangrupa tantangan da’wah Islamiyah di ieu nagri. Bisa disebutkeun, tarékah da’wah nu kudu dilakonan téh nyaéta ”ngaislamkeun kaom Muslim”, ngeliran ku ”keliran Allah” (shibghotallah) sapuratina nepi ka ngawarna Islami.

Tarékah ”ngaislamkeun kaom Muslim” ieu kungsi dilakukeun sababaraha abad nu katukang, ku hudangna ”gerakan kembali kepada Islam” nu kawéntar ”gerakan pembaharuan Islam”, nu poko gerakanana nyaéta ngabalikeun deui umat Islam kana ajaran Islam nu murni tur sapuratina, kaasup ngabuburak tahayul, bid’ah, jeung khurofat.

Khurofat modern nu ku urang disanghareupan kiwari diantarana ajaran demokrasi Barat nu mernahkeun rahayat minangka golongan nu nangtukeun sistim jeung jihat pamarentahan nagara. Sok sanajan kanyataanana, demokrasi téh saukur nerap nalika pemilu wungkul. Rahayat saukur bisa nyarita sawates pemilu wungkul, éta ogé lolobana mah dikeliran ku aksi-aksi ngabodokeun berbicara saat pemilu, itu pun banyak diwarnai aksi-aksi ngabobodo jeung ngolo-ngolo saperti pulitik uang (money politics). Saba’da pamaréntahan ngawujud, pon kitu deui parlemenna, rahayat teu bisa naon-naon saeutik ogé, salian ti aksi demonstrasi atawa némbongkeun kakuatan massa (people’s power).

Gerakan pembaharuan Islam ogé antukna mah pareum, ”padam” sabab dituduh minangka fundamentalisme jeung ekstremisme, ogé alatan kakuatan ”Islam tradisional” (paham Islam sinkretis, pacampur jeung ajaran agama séjén atawa paham lainna) justru ngalawan.

PIKEUN nyalametkeun umat Islam tina jungkrang karuksakan nu mingkin lega di ieu nagri, para ulama jeung inohong Islam sakuduna mah sabilulungan jeung sabeungkeutan ngamumulé akidah jeung moralitas umat, lain malah pahibut marebutkeun kakawasaan, atawa sibuk ngadeukeutan poros kakawasaan (ngadeukeutan pajabat) pikeun nyumponan kapentingan pribadi katut golonganana.

Tengetan baé kumaha tarékah sajumlah ”ulama”, nalika rék prungna Pemilihan Gupernur Jabar 2008, geus ngumpul tur ngalakukeun aksi silih dukung. Nu kkitu mah lain wanda ulama! Ulama mah sakuduna mihak ka umat wungkul, teu némbongkeun dukungan ka hiji calon pamingpin. Saur Imam Al-Ghazali, ulama nu ngadeukeutan panguasa, mah nyaéta Ulama Su’, ulama goréng patut! Atawa ku urang bisa ditétélakeun, ulama modél kitu mah ulama nu geus tumpur kaulamaanana. Ciri atawa Karakter utama ulama mah nyaéta nu ngawaris para nabi, nu saukur sieun ku Alloh, bari mihak kana bebeneran (Islam), lain kalibet dina aksi dukung dukungan atawa silih jagokeun.

Urang miharep tumuwuhna ”kasadaran kolektif” di kalangan umat Islam ngeunaan harepan hadé di ieu nagri ogé harepan Islam. ”Kasadaran kolektif” ieu kudu dimimitian ti para pamingpin umat, saperti ulama jeung pingpinan ormas Islam atawa lembaga-lembaga kaislaman.

Urang merlukeun figur ulama jeung pamingpin umat nu saukur sieun tur inggis ku Alloh, saukur ngaheulakeun kapentingan kajayaan Islam katut kaum Muslimin. Urang ogé butuh pamingpin nagara nu siap pikeun nanjeurkeun ajaran Islam di ieu nagri. Parpol-parpol nu asasna Islam, atawa nu ngaku ngabasis massa umat Islam, mibanda tanggung jawab nu gedé pikeun nyitak kader pamingpin nagara nu mibanda pancen kana Islam.

Indonesia ieu imah umat Islam Indonesia. Sakuduna mah umat Islam sorangan nu ngatur ieu nagri ku aturan jeung hambalan ajaran agamana. Koncina nyaéta ngahudangkeun pamingpin atawa pajabat nu kaffah pamahaman jeung pangamalan kaislamanna. Tapi, kiwari umat Islam katingalina jadi semah di imahna sorangan, nu diatur ku deungeun, sahanteuna dicampuran ku kakuatan deungeun nu mawa misi ngajauhkeun Islam ti umatna, malahan satékah polah mareuman cahaya Islam di nagri Muslim panggedéna di sakuliah dunya.

Dina hirup kumbuh sapopoé, pék tapakuran, naha kahirupan masarakat urang mintonkeun masarakat Islam ? Tingali mal-mal atawa puseur tempat balanja, naha geus mintonkeun minangka kahirupan Islami ? Lenyepan acara-acara tivi jeung radio, naha karasa kahirupan nu Islami ? Pék baca koran atawa media massa, apan éta kalolobaanana mintonkeun kahirupan sekulér jeung budaya Barat nu jauh tina ajén-ajén Islam ? Kudu gura-giru ngabebenahna. Ulama jeung ormas Islam kudu bagerak gancang tur révolusioner pikeun ngarobah kaayaan saperti kitu! Wallahu a’lam. (ASM. Romli. “Gerentes Hate” BD No. 332/November 2007).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: