• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

NGARÉNGSÉKEUN “RÉVOLUSI UMAT TAHAP KATILU”

URANG hirup di “nagara sékulér” parantos kapahamkeun ku umat Islam nu daria ku kaislamanana. Rupa-rupa tarékah geus dilakukeun ku umat Islam pikeun ngajadikeun Indonésia minangka nagara nu dikokolakeun dumasar kana padoman hirup umat Islam, Al-Quran jeung As-Sunnah.

Tapi nepi ka umur kamerdékaan nagri ieu geus nincak kana 62 taun, Indonésia tetep baé ngalarapkeun sistim hukum luar-Islam. Hiji kanyataan nu matak miris tur mrihatinkeun, sabab padumuk nagara ieu téh mayoritas Muslim.
Sering kedal patalékan, misalna, naha ku naon syaré’at Islam téh hésé pisan pikeun ditanjeurkeun di ieu nagara ? Apan lain mayoritas padumuk di Indonésia téh ngagem Islam ? Apan numutkeun sajarah ogé Islam téh mibanda “saham” nu kawilang gedé dina ngawangun ieu nagara ?

Mémang, masalah kieu lain saukur karandapan ku Indonesia wungkul, tapi ogé karandapan ku ampir sakabéh nagara nu padumukna mayoritas Muslim di ieu dunya. Sajauh ieu, kakarék Iran jeung Sudan nu mroklamasikeun nagarana minangka Republik Islam. Nagri Muslim séjénna, malahan nu di jero konstitusina ngajadikeun Islam minangka agama resmi nagara, apan masih acan sapuratina ngajalankeun syaré’at Islam, utamana di widang pulitik jeung hukum.

Padungdengan perkara nagara Islam atawa pulitik Islam, mémang jadi pasualan heubeul “klasik” jeung “klise”, samalah masih lumangsung tug nepi ka kiwari. Intina, tumuwuh “polarisasi” pamikiran jeung gerakan pulitik. Di hiji pihak, umat Islam nu boga karep hayang kaffah dina ber-Islam, bajoang sangkan dilarapkeunna syaré’at Islam dina sistim pamaréntahan. Tapi di pihak séjén, nyaéta kaum “Muslim Sékulér” nu jadi lulugu golongan “Lan tardlo” (Yahudi katut Nasrani), ditambah ku manusa nu kakeunaan panyakit “Islamophobia” (sieun ku Islam bari teu aya alesan nu écés), leuwih harus tur tarik deui ngawawarkeun pamisahan agama jeung nagara, Islam jeung pulitik, sarta ngahalang-halang pikeun dilarapkeunana syaré’at Islam dina kahirupan nagara.

Cendekiawan jeung pakar pulitik Dr. M. Amien Rais dina bubuka buku “Beberapa Pandangan tentang Pemerintahan Islam” karya Salim Azam (Mizan, 1983) nétélakeun, rarancang atawa wacana ngeunaan nagara atawa pamaréntahan Islam éta lumangsung saba’da rungkadna sistim kholifah di Turki taun 1924. Dina jaman penjajahan, kaom Muslimin kalawan ngahaja dipisahkeun tina ajaran Islam ku penjajah Barat (Kristen).

Numutkeun Amien, dina prosés nyélongkeun (alienasi) masarakat Islam tina agamana, kolonialisme jeung imperialisme Barat ngalakukeun “Westtoxication” atawa tarékah Barat nu ngaracun dunya Islam. Balukarna, sawaréh masarakat Islam saterusna kaancikan panyakit nu ku Abul Hasan Bani Sadr disebut “Westomania”, panyakit kajiwaan nu nganggap yén Barat téh sagala-galana. Antukna, masarakat Islam ukur jadi konsumén idéologi ti Barat jeung geus teu bisa nolih kana kabeungharan (perbendaharaan) nu kawilang loba nu dipibanda ku umat Islam.

Amien saterusna nétélakeun, kiwari umat Islam keur nyorang “Révolusi Tahap Katilu”, nyaéta révolusi méntal jeung intelektual pikeun manggihan deui ajaran Islam sapuratina, kaasup soal kahidupan bernegara sacara Islami. “Revolusi Tahap Kahiji” nyaéta perjoangan ngarebut kamerdékaan dina mangsa Perang Dunia II. “Revolusi Tahap Kadua” nyaéta ngawangun nagara merdéka ku aturan-aturan Barat –demokrasi liberal atawa sosialisme.

Alhasil, kiwari urang masih aya dina “Révolusi Tahap Katilu”, nyaéta satékah polah pikeun balik kana papagon Islam sacara kaffah. Di Indonésia, revolusi nu sakuduna mah lumangsung kalawan gancang jeung geus bisa metik hasilna, lumangsung saprak merdéka taun 1945.

Saprak Proklamasi Kamerdékaan 1945, para pamingpin umat Islam gagal nyepeng kadali pamaréntahan, tug nepi ka gagal ngajadikeun syaré’at Islam minangka padoman (papagon) dina sistim pamaréntahan ieu nagara.

Kasempatan kadua datang taun 1966, nalika rezim Soekarno rungkad. Kitu kénéh deui, para pamingpin Islam teu bisa ngamangpaatkeun kaayaan atawa moméntum. Nalika kasempatan katilu datang taun 1998, ku runtuhna rezim Soeharto, para pemimpin Islam nyakitu kénéh gagal deui ngamangpaatkeun kaayaan, utamana balukar tina “teu kompak” alias paburencay tur “lumampah séwang-séwangan”.

Kusabab kitu, umat Islam kiwari keur nungguan kasempatan saterusna. Moméntum nu pangdeukeutna nyaéta Pemilu 2009. Tapi, naha umat Islam geus nyiapkeun diri, misalna ku cara ngarapetkeun barisan ?

Mémang, moméntum parobahan sabenerna mah aya dina saban waktu. Gunta-gantina rezim atawa pemilihan umum éta ukur bagian leutik tina sakitu puluh médan joang pikeun para pajoang syaré’at Islam. Medan joang éta taya lian anging da’wah Islamiyah nu kudu terus digedurkeun tur lumangsung taya reureuh jeung tungtungna –da’wah lisan, da’wah tulisan, da’wah bil hal, jeung sabangsana— ngajugjug kana nanjeurna syaré;at Islam sapuratina. Wallahu a’lam. (ASM. Romli/BD. Laporan Utama BD Edisi 330 – September 2007).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: