• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

NAMPIK SYAREAT ISLAM: KAMUNKARAN RONGKAH

Ku Drs. H. Mohammad Noch Djuremi

NUMUTKEUN basa, syaréah hartina cai nyusu nu teu kungsi eureun ngocor, “sumber mata air”, atawa tempat ngumpulna cai (Lisaanul Arab Hlm. 40), atawa jalan nu ngempray caang (QS. Al-Maidah: 4).
Demi syaréah numutkeun istilah mah, nyaéta undang-undang nu jadi sumber hukum pikeun laku lampah atawa pasualan jalma mukallaf. Upama hiji sumber nu datangna ti Alloh disebutna al-Tasyri’ al-Wadhi. Nu dina al-Quran disebutna tuntunan agama, katangtuan-katangtuan agama, jalan nu ngajugjug kana undang-undang Alloh (QS.Asy-Syuro:13, 21, Al-Jatsiyah:18).

Dina pamahaman Islam, syaréah mibanda dua bagian. Kahiji, Undang-undang nu datangna ti Alloh Swt, ngaliwatan ayat-ayat al-Quran jeung tuntunan Nabi Muhammad Saw nu mangrupa laku lampah, ucapan, atawa katetepanana, nu leuwih loma disebut al-Tasyri al-Ilahi. Kadua, Undang-undang nu datangna ti para ulama nu disebut ijtihad, mimiti para sahabat, tabi’in nu nyukcruk tur nyokot kacindekan tina al-Tasyri al-Wadhi, dumasar kana hubunganana jeung hasil ijtihadna para ulama.

Al-Tahanawi ngajéntrékeun, “Hukum-hukum nu disyaréatkeun Alloh Swt, pikeun hamba-hamba-Na, nu diyugakeun ka Nabi-Na, boh nu mangrupa laku lampah ku cara ngalaksanakeun amal, nu disebut Far’iyah ‘Amaliyah, nu ngayuga déwan élmu kalam. Ogé dingaranan Dien jeung Millah” (Al-Tahanawi, Kasysyaf Ishtilahatial Funun I:835-836).

Anapon dina Ensiklopedi Indonésia (1994:34) ditétélakeun; “Sagala rupa perkara nu diyugakeun Alloh Swt ka Nabi Muhammad Saw dina wanda wahyu nu kaunggel dina al-Quran katut al-Sunnah. Syaréah mangrupakeun nash-nash suci nu dicangkem dina al-Quran katut al-Sunnah.

Tatapakan Syaréah Islam
“Mantenna geus nyaréatkeun pikeun maranéh ngeunaan agama saniskara nu geus diwasiatkeun ku éta agama ka Nuh, jeung nu ku Kami diwahyukeun ka hidep (Muhammad), jeung saniskara nu ku Kami diwasiatkeun ku éta agama ka Ibrahim jeung ka Musa jeung ka Isa, yén maranéh kudu ngadegkeun agama, jeung poma maranéh ulah paburencay dina éta agama. Pikeun musyrikin mah beurat (agama) nu maranéhna diajak ku hidep ka dinya téh, Alloh milih (jalma) kana éta agama sing saha nu dikersakeun sarta Mantenna maparin pituduh kana éta agama sing saha nu mulang (tobat ka Mantenna). (QS.42:13).

Tina tatapakan ayat di luhur, Alloh maparin pépéling ka manusa sakumna, hususna umat Islam, yén syaréat Islam geus berlaku tur dilarapkeun ku nabi-nabi sateuacan Nabi Muhammad Saw. Upama sajarah ku urang ditapakuran, katohyan yén golongan manusa nu nampik syaréah ogé geus aya dijaman para nabi katut Rosul sateuacan Nabi Muhammad diutus.

Saperti kalangan ahli kitab nu nukang nonggong tur nampik kana syaréah dipintonkeun dina pidawuh Alloh:
“Ahli kitab nu dipaparin kitab (Torét), maranéhna ngabalieur nalika digero ku Alloh pikeun netepkeun hukum diantara maranéhna” (QS. Ali Imron:23).

Sayyid Qutub nu nulis Tafsir Fii Dzilalil Quran nafsirkeun ayat di luhur: “Nya kitu Alloh hélok kana sikep ahli kitab, nalika sabagéan ti antara maranéhna ngabalieur tina hukum Alloh dina kayakinan jeung sakabéh kahirupanana”. Sayyid Qutub neraskeun panalékkanana, tuluy kumaha jeung pangakuan jalma nu iman, bari maranéhna teu ngalarapkeun syaréah Alloh dina kahirupan sapuratina, tapi maranéhna boga sangkaan yén dirina téh jalma Muslim?

Jalaran kitu, jalma Muslim nu teu ngalaksanakeun syaréah Islam, sarua jeung jalma nu ingkar ka Alloh. Teu ngalaksanakeun syaréat Islam mangarupa hiji musibah rongkah, jeung bebendon nu taya reureuhna. Kamunkaran kaom sékulér ku cara ngarukal-rékol tafsir Al-Quran ku panafsiran sorangan kana ayat “laa ikrooha fiddien” teu aya paksaan dina agama”. Ayat ieu ku kalangan manusa nu ngaku dirina cendekiawan Muslim, tapi mibanda pikiran eusleum nafsirkeun: “Upama aya hiji jalma muslim teu ngalaksanakeun sholat ulah dipaksa”.

Pon kitu deui ayat Innashsholaata tanha ‘anil fahsyaa-i wal munkar. Satemenna sholat téh baris nyegah laku lampah fahsya jeung munkar. Golongan sékulér nafsirkeun éta ayat ku panafsiran: “Upama hiji Muslim geus ngalaksanakeun sholat, tur bisa nyegah diri tina laku-laku goréng tur munkar, éta hartina geus ngahontal sholatna, jalaran kitu manéhna geus teu kudu ngalaksanakeun deui sholat.

Al-Hafidh Ibnu Katsir nétélakeun, upama para panguasa geus nampik, boh siyasah, mu’amalah, pidana, nangtukeun halal jeung haram tur ngaganti syaréat Islam ku syaréat filsapat hasil pikiranana, mangka nu kitu kaasup golongan manusa sékulér, sok sanajan manéhna umaku minangka cendekiawan Muslim.

Pikiran sarupa kitu, numutkeun para ahli, saperti Hudzaifah al-Yaman, Ibnu Abbas, Abu Raja, Ikrimah, Ubaidillah, Al-Hasan al-Basri, nétélakeun yén kiwari para panguasa geus ngaganti hukum Alloh (syaréah) ku hukum manusa. Tina pikiran jeung kaayaan saperti kitu, Imam Asy-Syaukani mairan ku tatapakan ayat: Sing saha jalma anu teu nantukeun numutkeun saniskara nu diyugakeun ku Alloh, mangka maranéhna kagolongkeun jalma kafir. Demi lapadz “min” (sing saha) éta nuduhkeun kana perkara nu umum. Jalaran kitu, pidawuh Alloh, “Teu kaasup jalma nu iman nu umaku kana dirina kaasup golongan mu-min, tapi teu ngahukuman ku syaréat Alloh dina kahirupanana, atawa teu ridlo kana hukum Alloh upama ditanjeurkeun”.

Nu jadi pasualanana, lain baé panguasa nu teu ngahukuman dumasar kana syaréat Alloh, tapi ogé golongan jalma nu teu ridlo kana syaréat Alloh. Dina surat Al-Maidah: 44 di luhur teu dihususkeun ka golongan nu tangtu, tapi ka saban panguasa. Hartina, ayat di luhur dimaksudkeun ka golongan jalma nu maké hukum salain ti hukum Alloh, boh alatan nyapirakeun hukum Alloh, atawa ngameunangkeun hukum salain ti hukum Alloh.

Luyu jeung sababaraha pamadegan di luhur, Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah mibanda kacindekan, upama hiji jalma geus ngahalalkeun perkara nu haram, tur ngaharamkeun perkara nu halal numutkeun ijma para ulama, tur ngaganti syaréat, mangka temen manéhna geus kafir tur kaluar tina beungkeutan Islam.

Teu aya karaguan deui, yén nampik syaréat Islam geus pasti mangrupa kamungkaran rongkah batan kamunkaran séjénna! Leuwih jauhna, ingkar atawa nampik syaréat Alloh, ditétélakeun ku Sayyid Qutub dina tafsirna: “Iman pamohalan bisa ngancik dina haté, upama teu mihukum ku syaréat Alloh, atawa teu ridlo syaréat Alloh upama dilarapkeun ka dirina. Sikep kitu bisa ngaleupaskeun dirina tina beungkeutan iman, sok sanajan sungutna ngaku iman. Sabab katangtuan saukur kagungan Alloh, manusa teu mibanda hak pikeun mibanda katangtuan”.
Ibnu Katsir dina tafsirna nétélakeun: “Alloh maparin iber ka hamba-Na, yén katetepan, kakawasaan ogé pangersana kabéh saukur milik Alloh. Alloh maréntahkeun sakabéh hamba-Na sangkan teu ibadah kajaba ka Mantenna”.

Imam Ibnu Qoyyim al-Jauziyyah maparin fatwa ngeunaan nu nampik syaréat Islam, di antarana; “Mihukum ku hukum nu lain ti Alloh mibanda dua kakufuran, kufur gedé jeung kufur leutik. Upama manéhna masih ngayakinkeun kana wajibna ngahukuman ku hukum Alloh, mangka kufurna kaasup kufur ashgor (leutik). Sawangsulna, upama manéhna mibanda kayakinan jeung katetepan dina haté yén ngahukuman ku hukum Alloh téh teu wajib tur meunang milih pikeun ninggalkeun, mangka nu kieu mah kaasup kufur badag, sok sanajan dina haténa masih kénéh ngancik kayakinan kana wajibna ngahukum ku hukum Alloh”.

Ibnu Qoyyim ogé nétélakeun, jalma-jalma nu ngaganti syaréat Islam ku undang-undang positif jieunan sorangan, sarua jeung ngamurtadkeun hiji jalma tina Islam. Laku lampah saperti kitu sarua jeung kaluar tina Islam (kafir). Sing saha jalma nu ngahukum tur nangtukeun hukum ku salain ti hukum nu ditetepkeun ku Alloh Swt, mangka kaasup Togut. Togut nyaéta perkara anu méngpar tina katangtuan, boh pikeun ditaatan, disembah, atawa pikeun dituturkeun.

Nalika taun 2002 Majlis Permusyawaratan Rakyat (MPR) ngayakeun sidang madungdengkeun tujuh kecap anu dicontréng ku pamingpin sékulér orde lama, tina 500-an urang anggota MPR jeung DPR nu ceuk béja mah mayoritas Muslim tur masih ngaku iman ka Alloh katut Rosul-Na, matak prihatin, katohyan nu merjoangkeun ngeunaan “menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya” saukur 14 urang anggota MPR wungkul?

Mémang, dina Al-Quran ogé ngélingan, yén dina bajoang mah kadang teu kudu loba batur, cukup sorangan baé (masna wa furoda). Malah Alloh maparin jangji ka sing saha jalma nu iman nu nulungan agama Alloh, baris meunang pitulung ti Mantenna, ogé bakal dipengkuhkeun adeg-adegna.*

Drs. H. Mohammad Noch Djuremi, da’i Dewan Da’wah Islamiyah Indonésia (DDII) Pusat, Pangurus DDII Jawa Barat, Pangurus Déwan Masjid Indonésia Pusat, jeung anggota Majlis Tabligh jeung Da’wah Khusus Muhammadiyah Pusat. Wawancara: Alma/BD.*

%d bloggers like this: