• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

ADAB ‘AMAR MA’RUP NAHYI MUNKAR

Ku Dr. KH. Miftah Faridl

HIJI MUSLIM mibanda kawajiban pikeun ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar. Haditsna jelas pisan: “Sing saha jalma nu ningali kamunkaran, prak robah kamunkaran téh ku leungeunna, atawa kakawasaan. Upama teu bisa ngarobah ku kakawasaan prak robah ku lisanna, ucapan atawa dina wanda tulisan, lamun masih kénéh tetep teu bisa ngarobah prak robah ku haté”, maksudna teu ridlo, teu satuju, teu ngabantu kana kamunkaran. Malahan ngadu’a sangkan kamunkaran téh leungit.

Dina al-Quranul Karim, loba pisan ayat-ayat nu maparin paréntah, sangkan urang nanjeurkeun amar ma’ruf nahyi munkar. Jadi, ‘amar ma’ruf nahyi munkar éta Fardlu ‘ain atawa kawajiban saban pribadi muslim. Manéhna wajib ngalaksanakeun sholat, ogé mibanda kawajiban pikeun ngajak nu séjén sangkan daék ngalaksanakeun sholat. Manéhna wajib ngaluarkeun zakat, ogé wajib ngajak nu séjén pikeun ngalaksanakeun zakat jeung nu séjén-séjénna.
Pon kitu deui, hiji muslim dipahing, upamana nginum arak, kusabab kitu manéhna ogé mibanda kawajiban pikeun negah jalma séjén tina nginum arak. Dicaram jinah, ogé kudu bisa negah nu séjén sangkan teu jinah.

Jadi, amar ma’ruf nahyi munkar éta lain saukur kawajiban hiji ustadz atawa mubaligh wungkul, tapi kawajiban saban pribadi muslim. Dugika Nabi sasauran: “Upama hiji jalma miceuceub kamunkaran, tapi teu bisa ngarobah boh ku kakawasaanana, ku leungeunna, ku lisanna, saukur ku haténa wungkul, teu ridlo éta kaasup “’Adl’aful iman”, golongan manusa nu imanna paling lemah.

Jadi, upama ku haté ogé geus teu mampuh mangka mibanda harti iman nu lemah ogé geus teu ngancik dina dirina. Nalika jadi hiji mumin manéhna mibanda kawajiban pikeun ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar.

Mémang, salian ti amar ma’ruf nahyi munkar téh hiji kawajiban pribadi ogé bisa dilaksanakeun ku hiji lembaga, organisasi, wadah nu ngahususkeun diri kalawan daria ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar, saperti nu dilaksanakeun ku lembaga-lembaga da’wah salila ieu. Jalaran kitu, amar ma’ruf éta aya nu fardlu kifayah ogé aya nu fardlu ‘ain, amar ma’ruf nahyi munkar éta kaasup fardlu ‘ain, saban pribadi mibanda kawajiban ngalaksanakeun atawa nanjeurkeun amar ma’ruf nahyi munkar.

Amar ma’ruf nahyi munkar ogé bisa dihartikeun, minangka solusi atawa jalan kaluar tina hiji pasualan. Upamana, urang nyaram nu séjén pikeun nongton tv jorok, hiburan awuntah éta kaasup nahyi munkar, bari amar ma’rufna, urang kudu méré bongbolongan, atawa alternatif. Jadi upama ukur nahyi munkar wungkul bari teu dibarengan ku solusi (bongbolongan) sarua jeung teu maparin solusina. Amar ma’ruf éta lain ukur nitah kana kahadéan, tapi ogé maparin jalan kaluarna atawa alternatifna supaya teu kalibet kana kamunkaran.

Pikeun ngalaksanakeun amar ma’ruf éta moal loba pisan totonden jeung risikona, sabab saban jalma bakal miharep, jadi énténg-énténg baé, upama diajak atawa dititah pikeun milampah kahadéan, moal matak kasigeung. Sawangsulna nalika nahyi munkar tangtu bakal loba nu kasigeungna. Nyaram mabok, riba, narima suap, korupsi jeung saniskara laku lampah nu teu uni. Ieu, biasana baris ngalahairkeun réaksi. Jalaran kitu, aya atikan dina agama, kumaha carana sangkan urang bisa nyaimbangkeun atawa nyarasikeun antara sumanget silaturrahim jeung sumanget nahyi munkar. Urang ulah ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar tapi megatkeun silaturrahim, ngantebkeun silaturraim tapi ngamandulkeun amar ma’ruf nahyi munkar. Sangkan teu kasigeung, sangkan teu loba nu nyeri haté, leuwih hadé ulah opénan, kitu peta némbongkeun silaturrahimna dipupusti, tapi ngamomorékeun nahyi munkar.

Pon kitu deui, urang tos biasa ngalaksanakeun nahyi munkar, nyaram kajahatan, tapi kusabab carana kurang hadé, kurang wijaksana, atawa arif, antukna silaturrahim jadi pegat. Anu hadé mah nyaéta narékahan sangkan wangunan silaturrahim tetep diraksa, jaga, tapi nahyi munkarna ogé lumangsung mayeng. Jalaran kitu, aya ajaran-ajaran dina agama ngeunaan cara-cara nu hadé, upamana nalika da’wah aya “bilhikmah wal mauzhotil hasanah”, jeung muzadalah, diskusina ogé billatii hiya ahsan, atawa ku jalan nu hadé.

Atawa nalika ngalaksanakeun nahyi munkar téh nu jadi katangtuan-katangtuan (koridor-koridor) syara’na tetep dicumponan, upamana baé teu meunang ngahina, teu ngarurucah, teu nyacampah pangeran maranéhna, teu meunang kasar, ngalandi ku landian-landian nu teu hadé, salian ti éta ogé kudu ngeliran nahyi munkar ku cara nu hadé.

Mémang, nahyi munkar téh kaasup gawé baha pikeun dilaksanakeun, sabab nabi nyalira nalika maparin conto minangka jalma hadé, teu sirikna saban jalma satuju nepi ka ngaladi al-amin, tapi nalika nabi nyaram jalma pikeun nyembah batu, tapékong, ngadak-ngadak jadi aya musuh. Nu jadi kasang tukangna aya patula-patalina jeung nahyi munkar. Teu meunang mabok ogé aya nu ngamusuhan, sabab tukang mabok jadi kausik. Nalika nyaram jalma sangkan teu ngalakukeun kajahatan-kajahatan, nya jalma-jalma nu jarahat jadi kasigeung jeung kagareuwahkeun. Éta rupa-rupa totonden téh ku urang kudu dipernahkeun minangka hiji risiko tina perjoangan, bari tetep satékah polah narékahan pikeun ngaminimalkeun risiko. Upama, risikona geus kitu, urang kudu tetep sabar. Sing sabar ku risiko, upama téa mah tetep teu bisa dibébérés jalan saterusna nyaéta hijrah, pindah dumuk, saterusna bisa ku ngayakeun sangsi-sangsi nu tangtu.

Amar ma’ruf nahyi munkar, éta kudu tetep jadi hiji paket nu teu bisa dipisah-pisahkeun, demi al-Quran ku anjeun maréntahkeun kitu, teu bisa dipisah-pisahkeun. Jalma mumin mah dina al-Quran ogé ditétélakeun minangka golongan nu “Ya’muruuna bil ma’ruf wa yanhauna ‘anil munkar”, jadi tetep hiji paket. Wani nanjeurkeun amar ma’ruf, nya kudu wani nahyi munkar. Mibanda kawani pikeun nahyi munkar ogé kudu wani amar ma’ruf. Ari jalma munapek mah disebatkeun dina wanda; “Yamuruna bilmunkar wa yanhauna ‘anil ma’ruf”, écés pisan yén sipat jalma munapék mah sok jadi cukang nu ngaluluguan kana kajahatan tur ngahalang-halang kana kahadéan. Jadi, dijadikeun patojaiyah ku al-Quran. Upama jalma mumin mah amar ma’ruf nahyi munkar, ari jalma kapir mah amar munkar jeung yanhauna anil ma’ruf.

Dina nanjeurkeun nahyi munkar éta mibanda tahapan-tahapan nu kudu dilakonan, nyaéta;

Kahiji, Kudu aya paksaan ku kakuatan hukum, saperti ngalaksanakeun hukum pidana, éta mangrupa paksaan ti pamaréntah, pamaréntah bisa maksa hiji jalma pikeun digawé upama mumul digawé. Nu jadi kolot meunang neunggeul nu jadi anak umur sapuluh taun, upama nu jadi anak mumul ngalaksanakan sholat, atawa nu jadi salaki dimeunangkeun pikeun neunggeul pamajikanana, upama nu jadi pamajikan téh milampah nusuj, teu bisa dinaséhatan.

Kadua, Kapaksa. Kapaksa, mangrupa hiji kaayaan kondusip nu diciptakeun nepi ka hiji jalma teu mibanda lolongkrang pikeun milampah kamunkaran, sabab teu aya lolongkrangna. Hiji jalma bakal inggis pikeun miceun runtah di jero masjid, sabab masjidna beresih, sawangsulna nalika ka jalan, tur ningali runtah nambru, nya manéhna jadi jorok sabab teu kondusip, jadi ngajadikeun hiji jalma kapaksa pikeun nyinglarkeun diri tina kamunkaran.
Katilu, Kudu ngalahirkeun budaya biasa, upama geus biasa bakal jadi ni’mat nu baris ngajurung kana jadi karasa.

Jadi dipaksa, kapaksa jeung biasa nepi ka karasa alatan ni’mat, saperti nimat tahajud, ni’mat nulungan jalma séjén, ngarasa bagja upama bisa ngénténgkeun bangbaluh nu karandapan ku nu séjén, éta nu paling éndah. (Alma’/BD)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: