• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

AJEN TAQWA DI JAMAN MODERN

Hadirin Rohimakumulloh!

Hayu urang taraqwa ka Alloh Swt. Ieu mangrupa uar pangajak nu remen diwawarkeun ku para khotib dina saban khutbah jum’at nu ku aranjeunna didugikeun. Taqwa, taya lian bénténg kahirupan jeung taméng haté. Taqwa hartina, “Ngaraksa diri sangkan teu tikusruk kana laku lampah nu teu dipikaridlo ku Alloh, ngaraksa paréntah-Na sangkan ditanjeurkeun”.

Aya sawatara jalma nu nalék; “Naha ku naon dina saban khutbah jum’at téh, ngan taqwa waé nu remen diguarna téh? Naék mimbar kiyai anu, nyawalakeun taqwa, ustadz pulan ogé ngadugikeun taqwa. Naha teu aya deui guaran séjen nu luyu jeung kamajuan dunya modérn katut téknologi canggih?  Apan kiwari mah ngabutuhkeun téori nu bisa ngurilingan angkasa, pakarang nu sarwa canggih jeung mutahir, nepi ka para khotib téh bisa mawa manusa kana dunya nyata, dunya modérn, lain saukur ngadurényomkeun kaayaan kubur, jeung alam akhérat jaga, lain saukur mromosikeun sawarga ku kaéndahan jeung kageulisan bidadarina, lain saukur nyingsieunan manusa ku ngaguruhna seuneu naraka katut kabengisan para Malaikat nu ngajagana. 

Hadirin Rohimakumulloh!

Hayu urang perenahkeun pasualanana kana tempat nu sakuduna. Urang kudu mibanda kasadaran yén wasiat taqwa, mangrupa hiji rukun dina khutbah jum’at, nepi ka aya nu boga anggapan teu syah upama dina khutbah jum’at teu maparin wasiat ku taqwa. Jadi, wasiat jeung uar pangajak sangkan taqwa nu daria diulang-ulang tur diwawarkeun ku para khotib téh mangrupa hiji kakuduan, lain karepna para khotib atawa alatan kakurangan bahan atawa matéri khutbah.  

Upama para khotib nyawalakeun masalah maot, alam kubur, alam akhérat, sawarga jeung naraka, tangtu baé wajar, sabab mangrupa jalan nu paling pantes pikeun ngajak kana jalan taqwa. 

Hadirin Rohimakumulloh!

Aya sawatara jalma, nu ngapilainkeun pungsi taqwa dina kahirupan. Urang bakal ngarasakeun pentingna taqwa dina kahirupan, upama urang geus ngadurényomkeun kahirupan, atawa dimana geus mahabuna karuksakan alatan manusa loba nu geus teu taqwa.  Contona, kiwari loba jalma-jalma nu ngadurényomkeun tercemarna lingkungan hirup, ku érosi jeung polusi téa, loba nu madungdengkeun taneuh loba nu arurug, leuweung loba nu dibuburak, ogé loba gunung nu barotak. Naon nu jadi kasangtukangna?

Tercemarna lingkungan hirup, mahabuna érosi jeung polusi, éta alatan tercemarna batin manusa, akibat tina érosi iman jeung polusina jiwa manusa, balukar tina leupasna ahlak, budi pekerti tina dada jeung haténa manusa. Ku tercemarna batin, érosina iman jeung leupasna ahlak atawa budi pekerti manusa, éta ngayugakeun manusa-manusa nu mibanda prilaku awuntah, sarakah, sakarep ingsun, mentingkeun diri sorangan, jeung ngapilainkeun kapentingan jalma loba atawa pihak séjén. 

Upama manusa, batin jeung jiwana geus ditaméngan ku taqwa, tanwandé dina laku lampah jeung milampah sagala rupa perkara, baris dibarengan ku perhitungan, manéhna bakal merhitungkeun hadé jeung goréngna, manéhna bakal nyaimbangkeun antara kapentingan dirina jeung kapentingan nu séjén.  

Upama manusa geus mibanda karep saperti kitu, tanwandé akibat-akibat goréng nu teu dipiharep saperti tercemarna lingkungan hirup moal mahabu teuing atawa sakurang-kurangna bisa dikadalikeun, sanajan teu bisa dipupus sama sakali. 

Hadirin Rohimakumulloh!

Mémang kalolobaan manusa mah daria pikeun merhatikeun perkara-perkara nu nembrak, nu katingali, bari aranglangka mikiran kana masalah-masalah batin, nu jadi pangdorong ngayugana laku lampah katut sakabéh akibatna. Saban poé, urang ngeunteung dina kaca, mapaés beungeut, ngaraksukan awak ku raksukan nu éndah, dipupusti sangkan éndah.  

Tapi, jiwa jeung batin ku urang diantep teu diatur jeung dipapaés, ampir saban poé urang nyemir jeung nyikat sapatu sangkan leucir jeung herang, tapi urang sok ngantep kana haté nu katihiyangan (kakotoran), tihiyang atawa kokotor jiwa nu jadi cukang mahabuna karuksakan hirup. Urang manghariwangkeun ku ledis jeung bangkrutna alam materi, tapi urang teu ngarasa inggis ku bangkrutna alam rohani.  

Urang parigel dina ngitung untung jeung rugi bari ngagunakeun komputer canggih diwuwuh ku uteuk rancagé, tapi urang poho pikeun ngitung ajén-inajén pangabdian urang ka Alloh Swt katut sumbangsihna ka sasama manusa. Urang bisa ngahurungkeun tur nyaangan imah jeung kantor, tapi urang poho pikeun nyaangan haté nu aya dina dada urang sorangan.

Urang saukur apal kana nu nembrak ti dunya sakumaha nu disaurkeun ku Al-Quran:  “Maranéhna ngan sakadar nyahoeun kahirupan dunya tina lahiriahna wungkul, sedengkeun dina urusan ahérat mah maranéhna mopohokeun” (QS. Ar-Ruum:7). 

Hadirin Rohimakumulloh!

Di antara urang geus loba nu nyawalakeun tur ngadurényomkeun mangsa taun 2050-an, madungdengkeun nasib nu bakal karandapan dina taun nu bakal datang. Ngayakeun seminar, lokakarya, ngeunaan bakal kurangna sandang jeung pangan, prihatin ku undakna jumlah padumuk dunya, kagigis ku bakal ledisna kakayaan alam nu aya di jero beuteung bumi, hariwang ku tercemarna udara bumi jeung sabangsana.

Padahal éta kabéh geus dijawab ku Alloh dina pidawuh-Na.   “Sing saha nu taqwa ka Alloh, tanwandé Mantenna ngayugakeun hiji jalan kaluar (bongbolongan) pikeun maranéhna. Jeung Mantenna bakal maparin rizki ka maranéhna  tina jalan nu henteu disangka-sangka ku manéhna, lantaran sing saha nu tawekal ka Alloh, nya Mantenna nu nyumponanana” (QS. Ath-Tholaq:2-3). 

Ogé dina ayat séjén, Alloh ngadawuh,“Upama pangeusi éta nagri ariman sarta taqwa, tanwandé Kami maparin pirang-pirang barokah ka maranéhna ti langit jeung ti bumi, tapi maranéhna nganggap bohong. Nya Kami nibankeun siksaan ka maranéhna lantaran saniskara paripolah maranéhna” (QS. Al-A’rof:98). 

Hadirin, ku dua ayat al-Quran di luhur, tiasa kapahamkeun yén taqwa mibanda ajén penting pikeun kahirupan manusa. Sing sadar, bencana alam di ditu, bancang pakewuh di dieu, musibah di nagri pulan, bala di nagara anu, éta kabéh alatan ku diangkatna barokah ti luhur bumi jeung kahalanganana rohmat ti langit. Nu jadi cukangna, alatan kagerusna iman jeung lunturna taqwa tina batin manusa. 

Disagédéngeun para khotib, ustadz atawa ajengan koar-koar dina mimbar nétélakeun perkara tadi, aya sawatara manusa nu nétélakeun nu kitu mah lagu heubeul, piwuruk atawa naséhat bau hapeuk, mangsa nu bakal datang mah euyeub ku tangtangan, moal bisa disanghareupan ku ngagalindengkeun kecap taqwa, mangsa nu bakal datang mah kudu disanghareupan ku kasiapan téknologi canggih, élmu pangaweruh jeung alat mutahir. Éta ogé, aya benerna, jeung mémang sakuduna mah umat Islam téh tatahar kalawan asak jeujeuhan. Sabab dalah kumaha ogé éta téh paréntah Alloh. “Yeuh jalma-jalma nu ariman! Masing taqwa ka Alloh jeung saban jalma kudu nengetan naon-naon nu geus ditataharkeun pikeun jaga. Jeung masing taqwa ka Alloh, lantaran saéstuna Alloh Maha Uninga kana saniskara nu ku maranéh dilampahkeun” (QS. Al-Hasyr:18). 

Upama urang ngalenyepan ayat di luhur, Alloh mémang maréntahkeun ka urang sangkan tatahar pikeun ngigelan mangsa nu bakal datang. Mangsa kahareup nu paling deukeut nyaéta isuk pageto, mangsa kahareup pertengahan mungkin bisa disebutkeun taun 2030 atawa 2050-an, mangsa kahareup nu jauh nyaéta poé kiamah. 

Jadi, tatahar téh urusan nu kudu dilakukeun ku urang. Apan Alloh parantos maparin paréntah dina merhatikeun waktu nu bakal datang téh dimimitian ku paréntah taqwa tur dipungkas ku paréntah taqwa. Mémang, numutkeun kanyataan nu aya ogé, urang teu bisa meungpeun panon, sakabéh tatahar atawa persiapan nu ku urang diatur, moal aya hartina, upama teu dibarengan ku taqwa. Téknologi canggih, élmu pangaweruh nu luhur, pakarang mutahir, éta kabéh bisa disalahgunakeun ku manusa-manusa nu mibogana, upama teu dibarengan ku taqwa. Alam, bumi, langit, katut sagala eusina bakal hancur, upama nu jadi padumukna teu mibanda rasa jeung sikep taqwa. 

Hadirin, jalaran kitu, pantes upama dina saban khutbah jum’at, sering aya pépéling ngeunaan iman jeung taqwa. Iman nu disampurnakeun ku amal sholéh jeung taqwa nu sabener-benerna taqwa, nyaéta taqwa dina préstasi, taqwa dina laku lampah, taqwa dina nalika digawé jeung nalika milampah amal pagawéan dina enggoning nyanghareupan mangsa nu bakal datang.  

“Jeung maranéh kudu bebekelan, ari bekel nu panghadé-hadéna nyaéta taqwa. Ku kituna, maranéh kudu taraqwa, yeuh jalma-jalma nu baroga pikiran” (QS. Al-Baqoroh:197).

(Aweuhan Mimbar BD Edisi 329/Agustus 2007. Bade Ngalanggan Majalah BD? Mangga, hubungi bagian marketing atanapi kana e-mail: bina_dakwah@yahoo.com ).*   

One Response

  1. Ass….kumaha pami urang parantos sadar kana pentingna iman sareng taqwa kalayan urang sadar mun urang ninggalkeun sagala parentahna tur ngalakuken sagala anu dilarangna urang bakal menang balitungan diakhirat. tapi urang masih teu acan tiasa ngalakuken anu saestuna anu dipikahayang ku hate urang nya eta taat tur patuh kamantena.
    anu jadi pertarosan
    1.hukuman naon anu bakal katampi ku urang didunnya kalih akhiratna?
    2. teras kumaha carana atanapi kedah timana awalna sangkan urang tiasa ngajalankeun iman kalayan taqwa anu leres-leres sesuai anu dipiharep ku Alloh swt.
    hatur nuhun sateuacana.
    wass…..

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: