• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

‘Ekstremitas’ : Tarékah Da’wah Nu Teu Merenah

DA’WAH dibaladah, tapi maksiat ogé beuki ceuyah. Éta gambaran kondisi masarakat urang jaman kiwari. Écés, upama kondisina kitu, mangka aya nu salah dina tarékah da’wah, sajabana ti pangaruh da’wah Islam anu éléh ku pangaruh “da’wah” atawa pangajak ka jalan anu salah jeung sasab.

 Salah sahiji tarékah anu teu merenah dina jalan da’wah nyaéta “sikep ekstrem” atawa ayanya golongan “mutanath-thi’un” (kaum Muslim ekstremis). Akibatna, da’wah téh gagal da ngalantarankeun objek da’wah ngarasa beurat atawa kabebanan dina narima ajakan ka jalan Allah Swt.

Padahal, numutkeun hadits, Islam téh gampil. “Satemenna agama téh gampil. Eung henteu aya hiji jalma anu ngabeuratkeun éta agama kajaba (agama) baris ngéléhkeun éta jalma. Mangka kudu mibanda sikep lempeng, moderat, jeung nyikepan kalayan gumbira (lapang dada).” (HR.  Bukhari). 

Hadits di luhur nandeskeun ka urang, yén aslina Islam nyaéta moderat jeung jauh tina ekstremitas. Al-Qur-an jeung Sunnah geus ngagariskeun sagala anu ngalantarankeun manusa ngahontal kahadéan, kabagjaan, sarta kajayaan dunya jeung akhirat. Aya nash-nash anu kawilang gemet saperti dadaran ngeunaan prakték ibadah mahdhah kayaning solat, puasa, zakat jeung haji.

Pituduh pikeun ibadah-ibadah saperti éta, geus kawilang pertéla tur lengkep. Hal séjén anu didadarkeun sacara gemet nyaéta bagi harta waris. Saha baé anu boga hak meunang harta waris jeung sabaraha bagian séwang pikeun anu mibanda hak téa. 

Iwal ti éta, aya ogé pituduh-pituduh Islam anu sifatna global jeung umum. Rincianana dipasrahkeun ka ijtihad jalmi-jalmi kompeten dina hal éta. Nyatana para ulama kalayan nyumponan kualifikasi anu geus ditangtukeun. Pituduh anu sifatna global ieu, loba patalina jeung masalah-masalah muamalah, pulitik, budaya, jsté.  

Bisa baé ku lantaran hiji jalma henteu resep kana cara babaturanana ngagem islam –anu tacan tangtu salah—saterusna dicap mangrupa “ekstrem”. Sabalikna, jalma anu salawasna nyokot pilihan anu hésé jeung “keras”, baris nuduh jalma anu béda jeung manéhna minangka jalma anu henteu komit, leumpeuh yuni, jeung borangan.  

Rasulullah Saw ngadawuh, “Sing binasa mutanath-thi’un”. Mantenna ngauihan éta kalimat dugi ka tilu kali (HR. Muslim). Imam Nawawi ngécéskeun, Mutanath-thi’un nyaéta jalma anu yang neuleman (sacara maksakeun diri) jeung mibanda sikap keras dina hal anu henteu sakuduna keras. 

Anu ngalantarankeun ekstremitas dina da’wah jeung jihad antarana:

Kahiji, henteu paham syariat Islam sagemblengna alias parsial. Syariat Islam lain saukur ngandung hudud seperti hukum potong leungeun, hukum rajam, atawa hukum cambuk. Dina kacamata Islam, nanjeurkeun syariat Islam lain saukur nanjeurkeun éta hudud.

Patali jeung ieu perkara, Dr. ‘Ali Juraisyah nandeskeun, “Lain saukur ku hudud syariat Islam ditanjeurkeun. Lantaran hudud saukur bagéan tina hukum-hukum mu’amalah. Demi mu’amalah mangrupa lanté tilu atawa opat tina wangunan syariat. Jadi nanjeurkeun hudud atawa malah mu’amalat sacara sagemblengna…” 

Ku kituna, sawangan anu nyebutkeun yén Islam saukur ngatur urusan pribadi sarua kaliruna jeung pamadegan anu nyebutkeun yén jihad leuwih penting batan solat, atawa sabalikna. Sarua salahna deuih jeung sawangan anu nyebutkeun yén “ngadegkeun” nagara Islam atawa Khilafah Islamiyyah leuwih penting batan ngabina akidah jeung ahlak, atawa sabalikna. Sabab, duanana ogé mangrupa bagéan anu henteu bisa dipisahkeun tina integralitas Islam. 

Kadua, déétna élmu. Sumanget wungkul mah tacan cukup pikeun ngabéla Islam. Iwal ti sumanget, kudu nyangking élmu! Akibat déétna pamahaman jeung henteu weruh sendi-sendi hukum dina Islam, bisa ngalantarankeun sikep ekstremitas.

Syaikh Yusuf Qardhawi ngagambarkeun ieu perkara ku ngagunakeun istilah dha’ful-bashirati bihaqiqatid-din (héngkérna pamahaman ngeunaan hakékat agama). “Anu dimaksud ku kuring, lain kabodoan mutlak ngeunaan agama. Kabodoan anu macam téh biasana henteu ngahudang sikep ekstrem malah bisa jadi ngahudang sikep anu sabalikna: henteu boga cecepengan jeung lumer. Anu dimaksud kuring, justru sapotong élmu anu dicangkingna geus ngarasa asup ka kelompok ulama.” Tina déétna élmu ogé, bisa ngahudang prilaku gampil ngafirkeun batur. Mana pantes élmu jeung hujjah mutlak wajib dipibanda ku para dai. Ieu téh ditandeskeun dina Al-Qur-an, “Caritakeun: ‘Ieu pisan jalan (agama)-kaula, kaula jeung jalma-jalma anu nuturkeun ngajak (anjeun) ka Allah ku hujjah anu nyata, Maha Suci Allah, jeung kaula henteu kaasup jalma-jalma anu musyrik’.” (Yusuf: 108) 

Katilu, henteu sabar atawa gurung-gusuh (isti’jal). Sikep isti’jal sering muncul jeung nguniang mangrupa ekstremitas. Kaasup di jalan da’wah. Ieu bisa kajadian lantaran cita-cita nanjeurkeun kadaulatan Islam henteu dibarengan ku kasabaran pikeun nyorang lalakon anu kungsi disorang ku Rasulullah Saw.  

Dr. Sayyid Muhammad Nuh ngagambarkeun: “(Sikep isti’jal éta) manéhna hayang ngarobah kondisi atawa réalita kahirupan kaum Muslimin dina waktu sakédét nétra, tanpa mertimbangkeun akibatna, tanpa nengetan situasi jeung kondisi, jeung tanpa tatahar anu mateng jeung sagala uslub tur wasilahna” (Terapi Mental Aktivis Harakah). 

UMAT Islam nyaéta “ummatan wasathon” atawa umat pertengahan (QS. Al-Baqarah [2]:143), nyaéta kelompok manusa anu salawasna mibanda sikep moderat atawa nyokot jalan tengah –adil jeung lempeng, anu baris jadi saksi kana saban kacenderungan manusa, ke kénca atawa ka katuhu, tina garis tengah anu lempeng.  

Numutkeun Syekh Yusuf Qaradhawi (1995), jalan tengah bisa dima’naan mangrupa sikep proporsional (i’tidal), henteu kaleuleuwihi (israf), henteu kaliwat batas (ghuluw), henteu so pinter atawa so konsékuén jeung pabeulit (tanathu’), jeung henteu ngahésékeun diri (tasydid).  

Ku ayana kitu, minangka umat pertengahan, umat Islam henteu kaleuleuwihi dina sagala hal, kaasup ibadah (contona nepi ka ninggalkeun kahirupan duniawi) jeung sanajan dina kaayaan peperangan (QS. 2:190); henteu ngagegedékeun pasualan nu leutik; ngaheulakeun anu wajib atawa nu leuwih penting batan anu sunah atawa nu kurang penting; nyarita saperluna alias henteu pabeulit; henteu panjang teuing ngaos ayat-ayat dina waktu keur ngimaman solat berjamaah.  

Singkahan ti anjeun sikep liwat bates dina agama, lantaran satemenna jalma-jalma saméméh anjeun geus binasa ku ayana hal éta” (H.R. Ahmad, Nasa’i, Ibnu Majah, jeung Al-Hakim ti Abdullah bin Abbas). 

Minangka umat pertengahan, umat Islam henteu ngalakukeun hal-hal ekstrem, saperti fanatik kana hiji pamadegan sarta henteu daék ngaku pamadegan séjénna, ngawajibkeun pekara anu henteu diwajibkeun Allah, ngabeuratkeun anu henteu dina tempatna, sikep kasar jeung keras dina da’wah, goréng sangka atawa mandang jalma séjén ku “kacamata hideung” atawa negative thinking, atawa tigebrus kana jurang pengkafiran –puncak ekstremitas lantaran ngafirkeun batur hartina ngagugurkeun kahormatanana, ngahalalkeun jiwa jeung hartana, sarta ngapilainkeun hakna pikeun henteu diganggu jeung diperlakukeun sacara adil (Al-Qaradhawi, 1995). Wallahu a’lam.

(ASM. Romli/Laporan Utama BD No. 329/Agustus 2007. Bade Ngalanggan Majalah BD? Mangga, hubungi bagian marketing atanapi kana e-mail: bina_dakwah@yahoo.com ).*

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: