• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

RUSIAH PUNJULNA DA’WAH ROSULULLOH

Ku KH. MIFTAH FARIDL

  “Ucapan ku laku lampah eta leuwih anteb tur kuat balukarna tibatan laku lampah ku ucapan wungkul. Atawa nyarita ku gawe mah leuwih gede mangpaatna batan gawe ku nyarita wungkul”.  

Siti Aisyah kantos ditaros ku para sohabat, naon rusiah kaberhasilan perjoangan Nabi, anjeuna ngawaler; “Rusiah kaberhasilan perjoangan nabi SAW nyaeta akhlakna”. Akhlak eta pisan nu janten konci kasuksesan perjoangan Rosululloh SAW. Lajeng Siti Aisyah ditaros deui, akhlak nabi teh saperti kumaha? Waler Siti Aisyah; “akhlaquhu, akhlaqu al-Quran”, akhlak Nabi teh nyaeta al-Quran. Jadi lamun hayang nyaho ngeunaan akhlak nabi, prak baca al-Quran.   

Tapi sok sanajan kitu Siti Aisyah macakeun sababaraha ayat al-Quran nu nyaeta nu kaunggel dina surat al-Mu-minun: 1-11. bisa jadi diantara ieu ayat ngarupakeun konci kasuksesan Nabi dina da’wah. Demi ayat-ayat dina surat al-Muminun ieu nyangkem tujuh konci kasuksesan da’wah Rosululoh SAW, nyaeta;

Kahiji, Iman.Kadua, sholat khusyu.Katilu, ngajauhkeun diri tina laku lampah nu teu aya mangpaat jeung  gunana.Kaopat, ngaluarkeun zakat.Kalima, ngaraksa kahormatan, ngocorkeun cai ngan wungkul ka nu jadi istrina.Kagenep, jujur, jeung Katujuh, panceg dina ngalaksanakeun sholat. Ngamumule sholat.  Ieu ngarupakeun tujuh konci kasuksesan perjoangn Nabi, sing saha jalma ngalaksanakeun tujuh konci perjoangan nabi ieu pasti bakal meunang sawarga nyaeta Sawarga Firdausy.

Kitu gunem caturna Siti Aisyah sareng para sahabat tadi.Lamun urang ngadu renyomkeun kasuksesan da’wah nabi, urang oge bisa maca tina sajarah Muhammad bin Abdullah samemeh jadi nabi, hartina samemeh jadi nabi oge, anjeuna tos disiapkeun mentalna ku Alloh, nyaeta mibanda sikep jujur (al-Amin). Disagedengeun tikitu anjeuna mibanda sikep tabah atawa tahan banting, teu getas harupatan, epes meer, tara gede ambek jeung sikep goreng sejenna. Salajengna, anjeuna oge mibanda sikep mandiri, teu gumantung ka jalma sejen.   

Saba’da anjeuna sukses dina usaha nyiar kipayah, nepika dina yuswa 24 taun tos janten jalma nu punjul tur nyongcolang dina widang usaha. Mangka dina yuswa 25 taun anjeuna ngayakeun “sinergi” antara diri anjeuna nu mibanda kaparigelan dina usaha jeung nu ngabogaan modal nyaeta Siti Khodijah. Ieu tarekah kawilang hade pisan, demi nu saurang ahli ngokolakeun duit, nu saurang deui boga modal, sabeungkeutan. Ku ayana sabilulungan atawa “sinergi” ieu ngalahirkeun akibat nu gede pisan.   

Saba’da di tengah keluarga mibanda komara hade, ekonomi oge nyakitu deui, anjeuna merhatikeun laku lampah masarakat nu loba patukang tonggong jeung papagon-papagon hirup bener, demi kitu anjeuna ngayakeun gerakan “tahannuts”, nafakuran kaayaan masarakat nu teu bina ti sato, di guha Hiro, dina yuswa 40 taun nalika nuju tahannuts ieu anjeuna kengeng parentah, diangkat jadi Nabi dimimitian ku turunna surat al-Alaq, “Iqro, Bismirobbikalladzii kholaq….. jeung saterusna  

Ieu ayat mibanda palajaran lamun dikaitkeun kana da’wah, diparentah ku Alloh sangkan loba maca, salian ti maca kitab oge maca kaayaan nu aya disabudereun urang, “Baca ku anjeun Muhmmad! kumaha kahirupan masarakat Kota Makkah teh, tuluy ngaevaluasi deui kana kaayaan?” Jadi nganyahokeun kaayaan. Dipeunteun hade, gorengna ngaliwatan pameunteun Alloh nyaeta bismirobbika, ku asma Alloh.   Poko atawa inti tina wahyu munggaran lamun dikaitkeun jeung da’wah nu turun ka Nabi Muhammad nyaeta;  saha ari pangeran, manusa kaasup elmu, elmu eta asalna ti pangeran tapi kudu ngaliwatan proses nyaeta baca tulis atawa bil Qolam tea.  

Nalika Rosululloh Muhammad SAW nandangan panglelece, panghina, pangancam, dilandi jalma gelo, ku masarakat Arab jahiliyyah nu nolak kana kanabianana alatan kabodoan maranehna. Rosul ngaraos sedih nu taya dikieuna, demi kitu Alloh nurunkeun ayat-ayat nu kaunggel dina Surat al-Qolam, tujuanana sangkan Nabi mibanda kayakinan kana karosulan anjeuna oge kuat nyepeng bebeneran nu datangna ti Alloh, surat al-Qolam ieu oge minangka iber yen Nabi baris punjul tur kuat dina kalungguhanana minangka Nabi. “Anjeun mah Muhammad lain jalma nu gelo, ulah salempang engke oge baris ka boke ku sajarah!”.

Surat al-Qolam ieu turun pikeun ngahibur jeung nguatan kana kalungguhan nabi Muhammad minangka utusan Alloh.   Jadi, optimis, surat al-Qolam. Jadi surat kahiji Iqro mah barang kali aya pakuat pakaitna jeung kacerdasan rasional, demi nu kadua, jeung kacerdasan emosional, nyaeta sabar, pengkuh, optimis. Katilu, masih keneh aya pakaitna jeung kasiapan da’wah nyaeta surat al-Muzzamil, ku surat ieu Nabi dipaparin bekel spiritual sangkan tangguh dina nyanghareupan tantangan, tahan bantingan dina nandangan cocoba malahan sukses, nyaeta ngamumule sholat peuting, jeung maca al-Quran.   

Alloh maparin jangji, lamun dua amalan ieu dilakonan mangka Alloh baris maparin Qoulan tsaqiila, mibanda omongan nu ngandung ajen jeung wiwaha. Hudang tengah peuting pikeun sholat eta baris numuwuhkeun iman nu kuat jeung ngamantapkeun rohani. Inna naasyiatallaili qiya asysyaddu watha wa aqwamuqiila  

Saba’da kitu lungsur surat al-Muddatsir minangka pituduh da’wah; “Yaa ayyuhal muddatsir”He jalma-jalma nu mumul, Qum fa andzir, anjeun geura ngamimitian da’wah, kalawan mibanda syarat: Kahiji, Warobbaka fakabbir anjeun kudu ikhlas ngagungkeun asma Alloh sangkan sukses.Kadua, Wa Tsiaabaka fathohhir, diri anjeun sorangan kudu hade, ngaberesihan diri. Ulah ngajak batur sangkan beresih ari diri sorangan lamokot ku kokotor, jauhan laku lampah teu hade.

Katilu, Warrujza fahjur, ngajauhkeun diri tina dosa atawa lolongkrang pikeun ngalakukeun dosa. Lamun geus ancrub kana da’wah urang kudu ngajauhkeun diri tina laku lampah nu teu uni. Ulah da’wah hayoh dilakonan dosa oge dikeureuyueh, teu bisa kitu.  Kaopat, wa laa tamnun tastaksir. Ieu kaasup perkara beurat, ulah loba miharep balesan ti manusa, bisi leungit komara jeung wiwaha, da’wahna sangkan mibanda ajen jeung komara. Lobakeun menta ka Alloh, jalaran kitu nabi dicaram narima shodaqoh, sidkah atawa zakat, diantarana dina raraga ngajaga ajen jeung komara anjeuna.

Kalima, wa lirobbika fashbir, nalika da’wah kudu shobar, teu bisa gurung rusuh, ulah babari pundung, ulah gampang kuciwa kudu shobar. Saba’da kitu turun ayat-ayat nu sejen-sejenna.  

Urang bisa nyokot kacindekan naon nu dilakonan ku nabi Muhammad SAW dina raraga nanjeurkeun da’wah tadi, nyaeta;  

Kahiji, ngawangun basis kulawarga nu kuat, istri (Siti Khodijah) jadi pangdukung, pembela utama perjoangan, tuluy Ali bin Abi Tholib oge nyakitu keneh. Lamun hayang sukses dina da’wah leuwih tiheula kudu meunang pangrojong ti nu jadi keluarga, moal mungkin tinemu jeung kasuksesan lamun keluarga jadi panghalang, istri jadi piduit eta mah komo bakal hese pisan. Lain bae dukungan nu mangrupa moril atawa mental tapi oge harta pakaya jeung nyawa saperti Siti Khodijah, da’i mah kudu mibanda istri saperti Siti Khodijah nu siap sagala-galana.  

Saterusna nganepikeun da’wah ka keluarga nu rada jauh, saperti nalika Rosululloh nganepikeun risalahna ka nu jadi pamanna Rosululloh tos paham saha nu bakal jadi pendukung saperti Hamzah pamanna jeung saha nu bakal jadi panghalang kalawan gangas saperti Abu Lahab kaasup nu netral-netral jiga Abu Tholib, jadi Rosululloh parantos ngaimpentarisir saha kawan jeung saha lawan ditengah-tengah kulawarga. Jadi petana teh tos digambarkeun ku Nabi SAW. Nalika Nabi ngadugikeun da’wah secara “terbuka”, anjeuna nempo kumaha Abu Tholib, Hamzah, katut Abu Lahab nu remen ngahina eta tos apal saha-saha bae nu bakal jadi pendukung atawa nu nukang nonggong kana da’wahna.   

Kadua, ngawangun basis kagiatan, lamun ieu kagiatan teh dipuseurkeun di Masjidil Harom teu mungkin, demi kitu anjeuna museurkeun kagiatanana nu kiwari ayana disabudereun Marwah nyaeta di imahna Al-Arqom bin Arqom minangka puseurna kagiatan, “Islamic Centre”na lamun basa kiwarina mah, ti dinya lahir kader-kader, nya kitu deui tantangan katut ujian nu disanghareupan oge mingkin loba, nu ngalantarankeun Rosululloh nampi pangalaman spiritual nyaeta Isro sareng Mi’raj, oge ninggalkeun kota Makkah ngajugjug kota Madinah pikeun ngawangun masarakat muslim di Madinah. Rosululloh SAW mampuh ngawangun masarakat kuat di Madinah dina waktu nu teu lila 9 taunan, jadi hiji nagara nu punjul jeung maju.   

Al-Quran sorangan mibanda sababaraha padoman atawa papagon kanggo nabi kaasup urang nu icikibung dina da’wah kumaha kuduna da’wah nu hade, umpamana Quran ngajarkeun yen katuladan eta leuwih efektif batan ucapan dina basa da’wahna mah disebut “Lisanul haali afshohu min lisaanil qaul”, ucapan ku laku lampah eta leuwih anteb tur kuat batan laku lampah ku ucapan wungkul. Nyarita ku gawe mah leuwih gede mangpaatna batan gawe ku nyarita.  

Saba’da di Madinah nabi tetep ngajadikeun masjid minangka puseurna atikan jeung pembinaan, malahan masjid dijadikeun tempat pikeun ngarengsekeun pasualan-pasualan nu aya. Para sahabat nu beda-beda dina kasang tukang elmu jeung pendidikan atawa kaayaan ekonomina, sangkan remen paamprok di masjid, pikeun ngurangan kangewa, kakeuheul, kaijid jeung sabangsana jadi leungit sabab remen amprok di masjid, rek pasea teh amprok deui amprok deui di masjid antukna lear kabehna.  Saba’da masjid ma’mur Rosul oge norobos pasar, atawa ngaronjatkeun ekonomi para sahabatna, nalika pasar geus aya dina cangkeman, saterusna ningkat kana gerakan perang dina raraga ngaladenan musuh-musuh ku cara perang sabab musuh merangan.  

Urang baris punjul jeung nyongcolang dina da’wah saperti nyongcolangna Rosululloh dina da’wah lamun mibanda hambalan-hambalan saperti tadi. Demi  urang mah tingkatanana oge masih keneh sarua jeung rayat biasa mangka bakal angger jiga kieu bae, moal menyat-menyat salilana oge.

Sakuduna mah nu jadi da’i atawa penda’wah mah leuwih punjul batan nu diajakna, teu kaci lamun tukang da’wah sholatna ngan 17 rokaat dina sapoe sapeutingna. Sholat subuh remen kabeurangan bae, atuh dina zakatna oge kudu rada gede batan nu sejenna ulah koret,  urang ulah mumul ka masjid.   

Lamun urang mumul ka masjid mangka nu pangheulana kudu dilakukeun ku urang nyaeta nyiptakeun masjid sangkan endah, resik, beresih tur pikagenaheun boh tempat atawa katingalina nepika jadi resep jeung betah di masjid.

Sakumaha para sahabat jaman Rosul nu resep di masjid sabab hayang amprok jeung Nabi, hayang ngupingkeun Nabi, sasalaman sareng nabi oge sono kana nasehat nabi, disagedengeun ti eta masjid diwangun kalawan pikabetaheun jama’ahna.   

Tah urang kudu nyiptakeun kaayaan jiga kitu, nepika jama’ah teh resep ka masjid, ngarasa kaduhung lamun teu sholat berjama’ah di masjid, imam kudu bener-bener paseh dina bacaan al-Quran, jero dina elmu katut pamahamanana oge amalanna leuwih punjul batan jama’ah. Ulah masjid teh bararau, sarumpek komo bari jeung aya jama’ah nu leungit sendal tinangtu bakal kapok pikeun ka masjid. (Alma’/BD).*

One Response

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: