• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Miceun Kabiasaan Goreng

Pangbeurat-Beuratna Usaha: Miceun Kabiasaan Doreng Tina Diri

Ku KH. MIFTAH FARIDL 

NALIKA nagara urang masih dijajah hususna ku Walanda geus loba ummat Islam nu ngalaksanakeun ibadah haji ka tanah suci Makkah. Saba’da balik ka lemah cai maranehna jadi para pejoang atawa mujahid-mujahid nu panghareupna dina nyanghareu pan bangsa Walanda. Walanda nalika teu walakaya dina nyanghareupan para mujahid nu diatik di tanah haram ngalliwatan ibadah haji tadi kungsi nyaram jeung ngahalang-halang kaum muslimin nu rek ngalaksanakeun ibadah haji.  Nu jadi pasualanana, nyaeta;

Kahiji, Naha para hujaj (jalma-jalma nu geus ngalaksanakeun haji) kiwari jadi para mujahid jiga baheula atawa heunteu? Bisa jadi aya nu jadi mujahid, nu ngancokeun umur katut harta pakayana pikeun Islam, demi kalolobaana mah jigana henteu.  

Kadua, di Mesir aya hiji lembaga wakaf kahot tur badag nu mibanda kakayaan luar biasa gede jeung lobana, nyaeta Yayasan al-Azhar, nepika pamarentah Mesir oge remen nginjeman danana téh ti ieu Yayasan lain ti luar nagri. Di Malaysia aya Tabungan Haji, di lembaga ieu ge ngumpul dana nu kawilang gede, nepika Dr. Mahatir Muhammad (Perdana Menteri manten) kungsi netelakeun, “Tabungan Haji Malaysia merupakan garda terdepan dalam menyelamatkan ekonomi Malaysia”. Ieu lembaga kiwari mibanda gedong jangkung tur kaasup kantor nu pangagrengna di Malaysia.  

Di Indonesia dana haji eta sabenerna mah gede pisan, teu kurang ti 4 triliunna dina saban taun bisa kakumpulkeun, malah ummat Islam Indonesia kungsi boga kapal laut sagala, tapi teuing kamana, leutikna di jaman Menteri Agama Dr. H. Tarmizi Taher, dana tina haji nu dijadikeun DAU (Dana Abadi Ummat) jumlahna teu kurang ti 700 milyar, saba’da anjeuna lengser, ieu dana téh lain nambahan tapi kalah ngurangan pisan. Jadi urang minangka ummat Islam dina saban taun mibanda dana nu kawilang gede pisan.  

Demi kiwari nu diperlukeun ku urang nyaeta manusa-manusa nu mibanda amanah jeung tanggung jawab pikeun ngaorganisir atawa ngokolakeun eta dana, nu ngokolakeunana mah bade pamarentah atawa lembaga ummat Islam oge mangga bae, nu penting amanah,  parigel jeung tanggung jawab, keur naon tanggung jawab, parigel oge ari teu amanah mah, saperti nu geus katukang-tukang.  

Mudah-mudahan dina cangkingan Mentri Agama nu ayeuna mah, nu disokong ku ormas-ormas Islam kahareupna teu karandapan deui, dalah kumaha oge dana haji nu dicokot ti saban jama’ah haji bari arikhlas téh kawilang luar biasa gedena, tapi naha tacan mere pangaruh jeung mangpaat pikeun ummat Islam? Jadi, dina ngokolakeun dana haji ieu diperlukeun manusa-manusa nu mibanda wiwaha, amanah jeung ahli. 

Peran para jama’ah haji dina widang da’wah jeung jihad eta sakuduna mah kudu leuwih punjul batan nu sejen. Jama’ah haji kaasup nu geus dilatih atawa ditraining dina training tingkat luhur.  Haji ngarupakeun rukun Islam kalima. Jalaran kitu jalma-jalma nu parantos ngalaksanakeun rukun Islam kalima atawa tingkat klimaks tina ibadah-ibadah sejenna ieu sakuduna mah geus klimaks atawa punjul batan nu sejenna.  

Ku sabab ibadah haji téh rukun Islam kalima kaasupna oge nu klimaks, klimaks tina syahadat, sholat, zakat katut shaum, demi maranehna geus siap pikeun nandonkeun nyawana pikeun kaunggulan Islam, saperti nalika di Mina atawa nalika Jumroh. Minangka jalma nu geus milu training klimaks sakuduna mah jama’ah haji téh kaasup golongan manusa pinilih atawa (khoeru ummah).  

Diharepkeun 200.000 urang jalma nu ngalaksnakeun ibadah haji nalika mulang ka lemah cai Indonesia, dimana jeung iraha bae ayana geus mangjing ngajadi ragi nu bisa mapaes lingkunganana, jadi manusa tuladan, ka masjid jadi mingkin getol, rapekan jeung jujur oge jadi pangdorong hade pikeun nu sejenna, jalaran kitu kudu aya wadah nu bener-bener tetep ngatik jama’ah haji tadi sangkan tetep jadi jalma nu mibanda kualitas unggul jeung jujur. 

Disagedengeun ti eta ibadah haji oge mangrupakeun ibadah nu pepek ku simbol-simbol, saperti thowaf nu ngagambarkeun kumaha sakuduna hiji hamba ngamangpaat keun sakabeh luang nu aya pikeun ngalengkah maju, ngalatih diri pikeun shabar dina ngungkulan jeung nyanghareupan tantangan kaasup ngadalikeun diri tina nganyenyeri nu sejen, demi teu saeutik jalma nalika thowaf gurung rusuh, suka-siku, ngomong teu hade jeung barangasan. 

Jumroh, eta hiji amaliah nu kawilang beurat tina ibadah haji, sabab ngalambangkeun jalma nu satekah polah jeung sakuat tanaga miceun pirang-pirang karakter goreng nu ngancik dina dirina, boh tina tetempoan nu teu payusna, pangdenge gorengna atawa perasaan-perasaan nu teu pararuguhna. Eta kabeh dipiceun sakuat tanaga bari dipungkas ku ngamaha agungkeun Alloh, nyaeta ngucapkeun Allohu Akbar. 

 Jadi pangbeurat-beuratna dina hirup mah nyaeta miceun kabiasaan goreng nu geus ngadaging dina diri, ngeureunan bohong pikeun jalma nu geus biasa bohong pasti beurat, ngeureunan judi, bangsat, nipu atawa korupsi, atawa ngarenten eta pangbeurat-beuratna usaha pikeun nu geus biasa ngalakonanana. 

Mudah-mudahan bae para jama’ah haji nu geus milu trening tingkat luhur nepika mibanda sifat sabar, bisa ngamangpaatkeun lolongkrang jeung luang kalawan maksimal, ngadalikeun diri tina nganyenyeri jalma sejen oge  geus miceun sakabeh sipat gorengna tadi, eta sing ngajadi manusa pinilih dina campur gaul hirupna nepika bangsa jeung nagara urang bisa kawarnaan hade jeung menyat tina jungkrang karuksakan nu karandapan kiwari. Amin! (Hasil Wawancara: Alma Muhsin/BD).*  

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: