• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Kuring Teu Rido

Islam Dibandingkeun Jeung Ajaran Séjén

Ku KH. Athian Ali M Da’i, Lc, MA

 DITILIK tina jihat kaimaan urang, tinangtu urang yakin yén sagala rupi anu disaurkeun Alloh téh mutlak benerna. Urang dipahing pikeun ngahamhamkeun naon rupi dawuhan Alloh SWT. “Dzaalikal kittaabu laa roibaa fiihi”. Teu aya saeutik ogé kahamham. “Innalladziina aamanu billahi warosuulihi tsumma lam yartaabuu”. Satemenna jalma-jalma anu ariman ka Alloh katut Rosul-Na saeutik ogé teu aya kahamham pikeun maranéhna kana naon-naon anu dawuhan Alloh katut Rosul-Na”. 

Loba pisan ayat-ayat anu didawuhkeun Alloh, ogé disaurkeun deui ku Rosululloh; saukur Islam wungkul agama anu bener mah, salian ti Islam lain agama jeung kaasup kayakinan anu sasab. Sakabéh ajaran jeung kayakinan anu patojaiyah jeung Islam nyaéta ajaran anu salah tur sasab. Ieu kudu diyakinan ku urang minangka jalma mumin Lamun aya jalma anu umaku yén dirina muslim tapi manéhna teu mibanda kayakinan saperti tadi mangka geus gugur kaislamanana. 

Saban poé, urang hayoh baé dibébénjokeun ku tarékah jalma-jalma kafir anu satékah polah méngparkeun prinsif kaimanan urang. Boh ngaliwatan liberalisme, sékularisme, pluralisme nu nyasabkeun aqidahna ummat Islam. Dina conto logika anu basajan, kuring boga babaturan ngaranna téh Hasan. Manéhna getol ka pangajian. Dina hiji waktu, manéhna teu katempo di pangajian, tuluy ku kuring ditanyakeun; “Ka mana Hasan?”  Babaturanana ngawalon, “Hasan keur di Surabaya, ngalongok kolotna, gering,” pokna. Babaturanna anu saurang deui nétélakeun, “Hasan mah keur di Jakarta, tadi isuk-isuk ngobrol jeung kuring,” pokna. Anu saurang deui mah nyebutkeun, “Hasan mah keur di Garut, kawin,” pokna. Tina tilu béja tadi, teu mungkin kabéhanana bener.

Hiji jalma bisa ngalakonan tilu pagawéan anu béda-béda dina waktu anu sarua. Anu mungkin mah kabéhanana salah. Sasatna mah Hasan téh aya di Bandung, keur saré di imahna. Jadi, béja ngeunaan Hasan téh kabéhanana salah, éta perkara anu mungkin. Teu mungkin kabéhanana bener. Anu mungkin mah kabéhanana salah, atawa mungkin baé salahsahijina bener. Misalna Hasan téh bener-bener keur kawin di Garut, mangka béja-béja anu séjénna ngeunaan Hasan téh tangtu salah.  

Nalika urang ngayakinkeun yén Islam téh ajaran anu bener, mangka sakabéh ajaran anu patojaiyah jeung Islam tangtu sasab jeung salah. Teu mungkin kabéhanana bener. Piraku agama anu nétélakeun yén Alloh téh Ahad, Maha Tunggal, teu puputra jeung teu dibabarkeun, sarua benerna jeung agama anu nétélakeun Alloh mibanda anak, nepika aya Pangéran Anak, Pangéran Bapa, jeung Pangéran naon deui tah? Logika séhat mana anu  bisa narima  alesan jiga kitu? 

Jalaran kitu, kuring wajib nétélakeun ka sakumna ummat Islam, teu aya deui agama salian ti Islam; “Innaddiina ‘indallohil Islam”. Teu aya agama salian ti Islam. “Waman yabtaghi ghoirol Islama diina falan yuqbala minhu wahua fil akhiroti laminal khoosyirin”. Lamun kuring ditanya aya, sabaraha rupa agama di dunya? Tangtu bakal dijawab; “Ngan hiji!” Naon? “Islam!”. Ari Kristen, Hindu, Budha naon? Aliran jeung ajaran sasab anu kitu mah. Moal aya anu bisa ngaganggu kana kayakinan kuring. Leuwih hadé ngababatang jadi bangké, batan kudu ngarobah kayakinan kuring, anu kudu meunang panangtayungan ti nagara. 

Ana kitu mah, kumaha jeung di mana nasibna urang Kristen, Hindu, katut Budha jeung anu séjénna? Naraka, lamun teu gura-giru asup Islam mah. Geus lila pisan aqidah ummat Islam diraruksak. Kakara ogé asup SD, aqidah téh geus diruksak ngaliwatan pangajaran PMP. Pék, tanyakeun ka barudak anu kakara sakola di SD, “Aya sabaraha rupa agama, anak-anak? Lima! Kahiji, Islam. Kadua, Kristen. Katilu, Hindu. Kaopat, Budha.

Sakabéh agama ngajarkeun kahadéan. Islam ngajarkeun sangkan urang babakti ka indung jeung bapa. Ari kitu mah Islam téh hadé, barukdak Hadé…! Réang saur manuk. Agama Kristen ngajarkeun sangkan ulah wadul gedebul. Jadi, agama Kristen téh alus barudak? Alus…! Agama Hindu ngajarkeun ulah nipu, jadi agama Hindu téh alus? Alus…!” Kitu jawaban barudak di SD. Kacindekanna téh sakabeh agama Hadé!  Ti barang asup sakola SD, aqidahna geus disasabkeun, kari disolédatkeun.

Ku sabab sakabéh agama téh bener, nya kari milih baé salah sahijina. Rék milih Islam, Kristen, Hindu atawa Budha ogé pék baé da kabéhanana sarua. Rék milih Islam pék, da alus. Ngan lamun milih Islam mah beurat, datang bulan puasa kudu puasa sabulan campleng; boga duit kudu haji ka Makkah; keur resep-resep ulin ngadéngé adzan, kudu sholat; keur tibra saré subuh-subuh kudu hudang. Hadé agama Islam téh ngan beurat. Ari Kristen kumaha? Tah lamun anu ieu mah barudak, énténg pisan, asal percaya ka pangéran anak, sakabéh dosa urang geus ditebus. Teu kudu solat, puasa, haji. Lamun sakali-kali aya luang, nya urang bisa ka garéja, éta ogé lain keur ibadah, tapi rék hahaleuangan, “gélang sipatu gélang……”  Kitu ogé bisa. Lain ibadah, tapi rék hahaleuangan. 

Urang kudu nancebkeun kayakinan ka sakumna ummat Islam, sangkan ulah kabéngbat ku sétan-sétan sangkan ninggalkeun kayakinanana. Saban anu ngajak ummat Islam pikeun ninggalkeun  kayakinanana, éta téh jelas Iblis. Saukur Iblis tangtu ngajak manusa mumin pikeun ninggalkeun kayakinan ka Alloh SWT. Ngan iblis wungkul nu bakal ngagiring manusa mumin, sangkan kaluar tina jalan anu dipikaridlo Alloh SWT. 

Sakabéh kayakinan, naon baé ngaranna numutkeun kayakinan urang Islam, agama mah ngan Islam. Lamun aya anu umaku yén maranéhna ngagem agama Kristen, éta hak maranéhna pikeun ngagem agama. Urang kudu ngajénan kana hak maranéhna. Piraku jalma anu hayang sasab kudu dicaram jeung dihalang-halang ku urang. Urang kudu ngajénan kana kahayang maranéhna pikeun sasab jalan. Tah, ieu anu disebut toléransi téh. Urang kudu ngajénan kana kahayang saban jalma pikeun kafir ka Alloh. Alloh ogé teu maksa ka saban jalma pikeun iman ka Mantenna. “Wa qulil haqqu mirrobbikum faman syaa-a fal yumin wa man syaa-a fal yakfur”.

Bebenaran Islam datangna ti Pangéran aranjeun, anu hayang iman prak geura iman, anu hayang tetep kafir pék téh teuing. Kitu dawuhan Alloh. Alloh teu butuh kana kaimanan manusa, ogé teu rugi ku kakafiran manusa.  Sanajan kitu, urang tetep wajib ngajaga jeung ngabéla kayakinan jeung agama Islam tina kokotor jeung panghalangna jalma-jalma nu rék ngotoran aqidah jeung kayakinan ummat Islam.

Urang salaku ummat mumin, wajib mertahankeun aqidah ummat Islam sakaligus ngada’wahan jalma-jalma kafir. Ngélingan maranéhna yén maranéhna téh sasab. Lamun maranéhna boga karep hayang nuturkeun kayakinan urang, éta hak maranéhna.  Urang kudu nandeskeun boh ka ummat Islam anu masih kénéh héngkér kaimanana atawa ka urang kafir di luareun Islam. Ukur Islam ajaran anu bener, di luar Islam mah sasab. Ngan Islam agama, di luar Islam lain agama.

Lamun agama ditarjamahkeun minangka ajaran anu diturunkeun Alloh. Pamohalan Alloh anu hiji nurunkeun ajaran anu béda-béda tur pasoléngkrah. Pamohalan aya pangéran ngajarkeun ka hiji nabi yén dirina téh teu lahir jeung dilahirkeun, ari ka hiji Nabi deui ngajarkeun dirina téh boga anak, ieu pamohalan kacida.  Urang Yahudi atawa Kristen anu hirup kiwari ti sabada turun al-Quran tug nepi ka Qiamah éngké éta kaasup kafir kitabi, hartina kafir anu baheulana kungsi meunang kitab, nyaéta Injil jeung Taurot. Maranéhna kapir.

Teu aya hiji ogé ahli kitab anu mumin, kajaba lamun maranéh asup Islam. (lenyepan QS. Al-Bayyinah ayat 1, 6).  Ku cara kieu diharepkeun sangkan urang ulah terus-terusan dibébénjokeun ku isu-isu Pluralisme, Sékulérisme jeung isme-isme séjénna anu nétélakeun yén sakabéh agama sarua. “Laqod kafarolladziina qooluu innalloha huwal masiihubnu maryam”. Bener-bener geus kafir jalma-jalma anu nyebutkeun yén al-Masih ibnu Maryam téh putra Alloh. Dina al-Maidah, 73. “Laqod kafarolladziina qooluu innalloha tsaalitsun tsalaatsah”, Bener-bener geus kafir jalma-jalma anu nétélakeun yén Alloh téh trinitas. Atawa dina Qs. At-taubah ayat 30-na. Ieu ku urang salaku kaom muslimin kudu terus-terusan ditancebkeun kana haté-haténa kaom muslimin sangkan ulah sasar jalan. 

Kayakinan kadua, anu kudu ditancebkeun dina haté-haté kaom muslimin nyaéta; sikep jeung laku lampahna urang ahli kitab ti baheula nepi ka poé Qiamah engké éta sarua jeung moal robah-robah dina ngajongklokkeun jeung nyasabkeun ummat Islam (QS.2: 120). Lamun aya urang Kristen atawa Yahudi anu bageur, tara utah-étah jeung opénan kana kayakinan ummat Islam, mangka kudu diragukeun ka-Yahudian atawa ka-Nasronianana.

Lamun aya urang Yahudi atawa Nasrani anu teu boga karep atawa tarékah jeung da’wah pikeun méngparkeun ummat Islam kana jungkrang kasasaban, mangka manéhna kaasup Yahudi atawa Nasroni anu teu kafah. Kafirna téh can kafir enyaan. Acan jadi kafir bolongotan.  

Kayakinan anu katilu, nyaéta kaimanan anu ngancik dina diri urang sakuduna mah geus bisa nganteurkeun urang pikeun mikacinta kana sakabéh perkara anu dipikacinta ku Alloh SWT jeung mikangéwa kana sakabéh perkara anu dipikangéwa ku Alloh SWT. Al-Baqoroh, 165 jeung at-Taubah: 24. ogé hadits-hadits Rosululloh SAW loba midangkeun sikep jalma anu cinta ka Alloh katut Rosul-Na. Kacinta jalma mumin ka Alloh bakal pengkuh tur kuat nepi ka bisa ngéléhkeun kacintana ka salian ti Alloh.

Lamun aya jalma anu umaku iman ka Alloh tapi kacintana ka Alloh masih bisa diéléhkeun ku kacinta ka salian ti Alloh, mangka éta jalma keur boga masalah jeung kaimananana. Jadi konsékwénsi tina kaimanan anu ngancik dina diri urang, bakal nganteurkeun urang pikeun tetep mikacinta ka Alloh jeung mikangéwa sagala rupa anu dipingéwa ku Alloh. Pamohalan hiji jalma anu umaku yén dirina téh bener-bener mikacinta Alloh katut Rosul-Na, dina waktu anu sarua mikacinta ka jalma atawa naon baé anu dipikangéwa ku Alloh.  

Sacara aqidah, kuring pamohalan mikacinta ka jalma-jalma anu dibenduan ku Alloh, paling mungkin ogé mikacinta kamanusaanana, ngajénan kana hakna pikeun hirup salaku manusa jeung hirup salaku urang kafir. Hiji waktu Rosululloh ngariung bareng sareng para sahabat, ngaliwat sagolongan jalma anu mawa mayit urang Yahudi. Lajeng Rosululloh ngadeg, sabada mayit anu dibawa tadi liwat payunen Rosul, lajeng anjeunna calik deui.  Ningali Rosul kitu, aya saurang sahabat anu nganaha-naha ka Rosululloh. Pok ]ta sahabat tumaros, “Ya Rosul mayit anu dibawa tadi téh Yahudi, naha maké jeung ngadeg?” pokna. Rosul malik naros ka sahabat tadi; “Ari Yahudi téh manusa?” tarosna deui. “Manusa!” walonna. “Nya kuring ngajénan kana ka manusaanana.” Kitu toleransina ummat Islam.  

Ti awal mula urang geus diatik jeung diajar ku Alloh ngaliwatan Rosul-Na pikeun ngaku kana hak jalma pikeun kafir jeung kudu ngajénan kana hak manéhna pikeun kafir, “Lakum diinukum walia diini”.  Naon kurangna toléransi urang ka jalma kafir? Urang teu meunang ngaganggu jalma-jalma kafir pikeun ngalaksanakeun ajaran kafirna, salila maranéhna teu ngaganggu kayakinan jeung hak urang salaku mumin. Jalma kafir kieu dina Islam disebut kafir zimmi, jalma-jalma kafir nu boga zimmah, perjanjian pikeun hirup babarengan.  

Urang wajib nyiptakeun katingtriman babarengan jeung maranéhna, ngahargaan, ngabantu jeung ngajénan kana hak tur kayakinan maranéhna. Aya urang kafir zimmi gering, kawajiban urang pikeun ngalongokna. Nalika urang kafir meunang musibah, geuwat bantuan, ulah ningali heula KTP-na, urang nulungan sacara kamanusaanana. Tapi lamun geus asup kana wewengkon aqidah, mangka urang teu bisa toléransi. Urang wajib mertahankeun ogé ngélingan ka maranéhna yén agama anu diagem ku maranéhna téh salah jeung sasab. Lamun teu bisa, mangka saur Rosul mending kénéh cicing. Islam teu ngajarkeun ka urang pikeun mibanda sikep munapék. (Alma’/BD).*   

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: