• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

ISLAM KUDU NGABÉNTÉNG DINA HATÉ

Ku KH. Miftah Faridl 

Islam asup ka Indonésia, ditepikeun ku para saudagar (padagang), nu ngawanohkeunana téh estu bener-bener jalma dagang. Hartina nalika dagang bisa payu nepi ka loba nu datang. Bisa jadi, kaom pedagang ieu teu mibanda élmu nu luhung tur jembar ngeunaan bag-bagan agama. Tapi maranéhna mibanda kapengkuhan nu weweg ngeunaan pentingna nyebarkeun Islam.

Di sagédéngeun éta, Islam ogé dibawa ku para tarékat atawa gerakan-gerakan tarékat nu jolna ti Asia kidul, kayaning India jeung nu séjénna. Antukna Islam nu datang ka Indonésia ieu leuwih loba muatan tasawwufna batan muatan—sebut baé—hukum pikih.  Di hiji sisi, ku cara kieu mémang babari ditarima ku masarakat Indonésia, hususna masarakat Jawa. Jadi tambah toléran kana prakték-prakték nu sabenerna mah geus aya waktu harita.

Di sagédéngeun ti éta, urang ogé ngarasakeun yén Islam nyanghareupan salain ti pasualan nu jolna ti luar, ogé pasualan ti jero Islam sorangan. Pacampur adukna ajaran Islam jeung ajaran-ajaran nu sabenerna lain ti Islam.  Aya nu disebut bid’ah, khurofat, tahayyul, jeung sinkritisme. Éta kabéh ku urang masih karasa nepi ka kiwari. Aya hiji penulis nu nétélakeun, aya Islam santri, ogé aya Islam abangan. Islam santri mungkin maksudna mah Islam anu to’at tur pengkuh, ogé aya Islam anu teu to’at.

Lamun panggolongan Islam tadi ditempo tina jihat komitmen, ngarujuk kana surat al-Asyr. Jadi aamanu, tangtu baé iman. Aya anu iman wungkul tapi teu ngamalkeun. Ogé aya anu iman tur ngamalkeunana tapi teu daria jeung mumul pikeun neuleuman Islam kalawan sapuratina. Naon anu ditarima téh ngan éta sakitu-kituna, teu aya kamajuan naon-naon. 

Aya deui jalma-jalma, anu ahir-ahir ieu neuleuman Islam, tapi mungguh maranéhna ngajadikeun Islam téh saukur keur maraban uteukna wungkul, atawa jadi paélmuan wungkul. Mungkin saperti para oriéntalis lamun di Barat mah. Kiwari di satengahing ummat Islam Indonésia rentul para orientalis-oriéntalis. Jalma-jalma anu jembar tur euyeub ku paélmuan Islam, tapi maranéhna teu kagero ku sumanget Islam. Rohna leungit. Islam minangka élmu, lain Islam minangka hiji prinsip hirup.  

Aya deui jalma anu iman, ogé satékah polah diajar neuleuman jeung ngamalkeun ajaran Islam dina harti rukun Islam, tapi maranéhna teu mibanda sumanget pikeun ngada’wahkeun jeung nyebarkeun Islam. Teu mibanda karep pikeun merjoangkeun Islam. Padahal lamun urang neuleuman surat al-Asyr, mangka urang baris manggihan yén muslim nu hadé mah nyaéta manéhna kudu iman, ngamalkeun, ngada’wahkeun, ngulik jeung neuleuman Islam kalawan daria tur mayeng.  

Kitu pangolompokan rupa-rupa ummat Islam tina sisi komitménna kana Islam nu kaungel dina surat al-Asyr. Jadi Islam nu lengkep mah tangtu baé anu; Aamanu, wa a’milushoolihat, wa tawa shau bil haq watawaa shaubil shob. Di sagédéngeun ti éta, urang ogé manggihan golongan ummat Islam, jeung ieu mah jumlahna ogé kaasup nu loba, ti kalangan ummat Islam, anu mibanda panatisme kana Islam. Lamun teu disebut Islam, bakal ngamuk jeung wani galungan, toh pati jiwa raga, tapi dirina sorangan teu ngamalkeun Islam.  

Kiwari aya kacenderungan ummat Islam, maranéhna ngalaksanakeun syaréat Islam dina wates-waets rukun Islam wungkul. Sholatna Alhamdulillah hadé, zakatna dicumponan, shaumna ogé tara belang-betong, atuh hajina dilaksanakeun bari leuwih ti sakali. Tapi dina ngalaksanakeun ahlak Islam nu aya pakaitna, saperti jeung bisnis, rumah tangga, atawa papakéanana éta can Islami. Konsép dina masarakat can Islami. Maranéhna boga anggapan yén Islam téh saukur rukun Islam wungkul. Padahal Islam mah mibanda rukun nu séjén-séjénna di luar anu lima, saperti; kajujuran, kadariaan, kaadilan, kapadulian sosial, disiplin, duduluran, kasantunan jeung sajumlah ahlakul karimah nu diajarkeun ku agama.  

Rupa-rupa kaayaan ummat Islam nu aya di nagara urang. Ditilik tina jihat perjoanganana, aya ummat Islam nu mibanda komitmen kana Islam jeung mibanda karep merjoangkeun Islam ngaliwatan jalur-jalur pulitik di luhur. Golongan ieu meureun nu ngagabung ka partéy-partéu Islam. Jadi, hayang merjoangkeun Islam ngaliwatan pangwangunan sistem, nyaéta aya aturan katut undang-undang nu Islami. Malah aya sawatara ti golongan bieu nu ngaharepkeun miharep ngaranna ogé kudu nu Islami, éta mah rék nagara Islam atawa syaréat Islam. Saterusna posisina ogé kudu dieusi jeung dicepeng ku jalma-jalma Islam. Tah, ieu ngarupa perjoangan-perjoangan pulitik.  

Di sisi séjén, aya golongan anu mibanda léngkah usaha pikeun merjoangkeun Islam téh lain ti luhur tapi leukeun ngawangun nu ngaranna “moslem sociated”, atawa masarakat Islam. Manéhna teu loba mikir, teu loba gawé pikeun kumaha, upamana cara ngatur undang-undang di luhur, ngatur kumaha carana posisi pulitik. Maranéhna leuwih loba tur daria pikeun melak di handap, tuluy ngagedurkeun gerakan da’wah jeung pendidikan nu kiwari kawéntar minangka gerakan kultural. Ieu sabenerna mangrupa gerakan Islam nu langsung jeung masarakat.

Numutkeun pangalaman ogé, teu saeutik nagara, contona Spanyol, nagara anu kepala nagarana jelas ti Islam, kholifah, menteri-menterina ogé kabéhanana Islam, nu dilaksanakeunana ogé ajaran Islam, malah mungkin undang-undangna ogé Islam. Nalika panguasana rungkad, rayatna ogé milu tumpur, teu Islami. Kasang tukang pangna jadi kitu? Sabab Islam teu ngabaju jadi agama masarakat, Islam teu ngabasis di ummat.  

Jalaran kitu, kudu aya kadariaan urang. Islam kudu ngabasis di rayat, nanceb kalawan weweg ngabénténg dina haté ummat; Islam kudu jadi aqidah ummat. Sabab naon baé aturan nu aya di luhur, saha baé anu jadi pamingpinna, lamun ummat Islam nu aya di handapna konsékwén atawa pengkuh kana Islam, tinangtu moal parna balukarna. Sabab kakuatan Islam geus ngabasis dina haté rayat, dipikameumeuet ku rayat saperti di jaman Umar bin Khottob, malah Khulafaur Rasyidin, komo di jaman Nabi SAW.  Islam sumebar ka mana-mana minangka nu nulungan rayat. Maranéhna nu nulungan rayat dina énggoning ngalawan panguasa Romawi atawa Persia. Jadi, jalma-jalma Islam datang minangka pahlawan.

Jigana Islam nalika dibawa asup ka Spanyol mungkin Islam nu dibawa ku Abdurrahman Addakhil, dianggap minangka penjajah. Sahingga rayat ningali ummat Islam téh minangka penjajah.  Ieu ceuk kuring mah kudu jadi bahan pamikiran urang saréréa kiwari. Tarékahan sangkan Islam téh ngabasis jadi kakuatan rayat, mayoritas nu aya kiwari kudu tetep dipertahankeun ku cara dironjatkeun ku kualitas.

Jalaran kitu, gerakan pendidikan jeung da’wah kudu jadi perhatian utama para pamingpin Islam. Kumaha narékahana sangkan ummat téh kabina, ma’mur, atikanana jadi hadé. Ieu ngabutuhkeun katangguhan jeung kadariaan sakumna pihak salian ti dana jeung sabangsana. (Alma’/BD).*

One Response

  1. heu da nanaon ge balik deui kana hate

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: