• Buku Anyar Medal

  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

    • None
  • ARSIP SERATAN

  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Fanatisme Hizbiyah

Ku KH. Miftah Faridl 

AL-QURAN nétélakeun yén Alloh SWT parantos nyiptakeun manusa jadi sababaraha golongan, “Yeuh manusa! saéstuna Kami ngajadikeun maranéh ti hiji lalaki jeung hiji awéwé, jeung Kami geus ngajadikeun maranéh sababaraha bangsa jeung sababaraha golongan……. “. 

Tujuan tina diciptakeunana manusa jadi sababaraha golongan jeung bangsa dijéntrékeun di tengah ayat surat al-Hujurot éta nyaéta; “Sangkan maranéh silih pikawanoh”. Saterusna masih dina éta ayat, ditétélakeun yén anu pangmulya téh lain golonganana, bangsana, tapi kataqwaanana; “Saéstuna jalma nu pangmulyana mungguh Alloh mah nyaéta nu pangtaqwana ti antara maranéh. Saéstuna Alloh Maha Uninga tur Maha Ningali”. 

Dina prakna mah, ku ayana golongan-golongan, kabilah-kabilah tadi sok dituturkeun kalawan panatik. Ari fanatisme téh nyaéta ngayakinkeun, nuturkeun, ngabéla golongan-golongan, kabilah-kabilah bari ngorbankeun ukhuwah, megatkeun tatali asih jeung papada manusa alatan béda paham jeung sabangsana. Dina Islam sikep kitu téh henteu dibenerkeun. Ku ayana golongan, kabilah kudu jadi lita’arofu, silih pikawanoh dina raraga “Fastabiqul khoirot”, Paheula-heula dina enggoning milampah kahadéan.

Jalaran kitu, kawajiban para tokoh organisasi, boh di ormas atawa LSM nyaéta pikeun ngaleungitkeun panatisme golongan tadi. Urang kudu pengkuh kana kaummatan, dina wangun nu leutikna mah kabangsaan. Fanatisme ukur nuturkeun pendapat golonganana sanajan salah, bari nuding salah ka séjén pihak. Dina fanatisme ngancik unsur apriori, nampik rupa-rupa pépéling jeung pendapat nu jolna ti luareun golonganana, tur mibanda sikep arogan jeung ngarasa bener sorangan. Sikep kieu anu teu dimeunangkeun ku Islam.

Di lemah cai Indonésia ogé lahir golongan-golongan ékslusif, teu daék campur gaul atawa nampik guru anu datangna ti luareun golonganana, cohagna mah nyingkur sorangan. Tangtu bahaya, lamun tina ékslusif tadi jadi agrésif, nu gawéna téh ngan nyalahkeun batur wungkul. Conto dina jaman Nabi SAW, kumaha tarékah Nabi dina ngaléahkeun sikep dua golongan anu geus lila mumusuhan, nyaéta Aus jeung Hojroz atawa Muhajirin jeung Anshor, masing-masing ti golongan ieu tetep dilandi ku golonganana masing-masing, malah ngaran kobilahna ogé tetep dimumulé, tapi lain keur fanatisme saperti saméméh ngagem Islam. Ngaran-ngaran kabilah di Makkah nepi ka kiwari tetep aya jeung loba, tapi lain keur fanatisme, ngan keur ciri atawa idéntitas.

Jadi, anu dicaram tina fanatisme nyaéta nu béak karep ngabéla golongan, kabilah sorangan, sanajan katohyan salahna, mageran diri tina campur gaul jeung papada manusa, apriori tur arogansi. Sikep kitu baris ngadatangkeun mamala, lain ukur keur batur tapi ogé dirina sorangan.

Mémang fanatisme bisa ngalahirkeun kawani, sumanget, tur dimeunangkeun, ari fanatikna kana bebeneran mah, ka Islam atawa kana perkara-perkara nu hadé. Demi fanatik kabilah atawa golongan mah hartina ngamusuhan ka kabilah atawa golongan séjén, saperti anu kajadian di lemah cai urang, nyaéta nalika FPI (Front Pembéla Islam) meredih ka Gus Dur nu geus ngalélécé al-Quran sangkan narik deui omonganana jeung ménta dihampura ka ummat Islam. Tapi éta pameredih kalah disanghareupan ku jalma-jalma nu ngabela Gus Dur kalayan bébéakan, sanajan écés salah. Loba kénéh kajadian-kajadian, hususna di daérah-daérah anu jauh ti kota, alatan béda paham, organisasi nepi ka riributan jeung sasama ummat Islam kénéh. Ieu pisan anu teu diharepkeun jeung teu perelu tumiba.

Urang kudu ngajadikeun golongan, kabilah, organisasi minangka alat bajoang, alat da’wah jeung ijtihad, ulah dijadikeun tujuan. Nu ngaran PERSIS, NU, Muhammadiyah, al-Irsyad, Al-Wasliyah, jsté, alat pikeun ngawangun ummat Islam, ulah sabalikna Islam dijadikeun alat pikeun golongan.

Pikeun numuwuhkeun kasadaran di antara tokoh Islam, hususnya jeung ummat, umumna sangkan sabilulungan jeung papadana, tur ngaleungitkeun sikep fanatis. Ieu kudu dihirupkeun jeung digedurkeun ngaliwatan dialog atawa gunem-catur. Kudu aya katerbukaan jeung mindeng silaturrahim. Lamun sering paamprok, sakumaha keuheul jeung ceuceubna ogé tangtu bakal léah. Leuwih jauhna, ku seringna silaturrahim, bakal silih ajénan jeung sasama, sanajan béda paham. Urang boga musuh anu kudu dikungkulan ku sarerea, mangrupa kamiskinan jeung kabodohan. Naon baé golonganana, hususna muslim, kabéh mibanda kawajiban dina ngabébaskeun ieu bangsa tina karuksakan moral nu mingkin nyirorot, dibarung kabodoan jeung kamiskinan.

Pikeun nyumponan éta kawajiban mémang teu gampang siga malikeun dampal leungeun, nalika aya nu mibanda kapentingan pribadi, lamun urang remen amprok, remen ngayakeun gunem catur, insya Alloh gétréngna urang jeung papada dulur téh bakal léah, moal ngabatu atawa fanatik teuing. Cukang lantaran tumuwuhna kafanatikan dina diri hiji jalma, biasana alatan boga pangaweruh anu heureut, élmu anu teu sabaraha jeung kurang campur gaul, antukna ngarasa panghadéna, pangbisana. Tah, anu kieu pisan anu baris mawa mamala téh.

Cacak dialog-dialog geus kungsi diayakeun ku BKUI, BKPRMI, BAKOMUBIN, MUI nu tujuanana pikeun ngurangan sikep panatik diantara ummat Islam, tapi hasilna masih kénéh saperti kieu, komo lamun euweuh, jigana bakal tambah rumeuk jeung harénghéng baé, godaan pikeun nanjeurkeun bebeneran memang beurat, urang geus narékahanan, tapi golongan séjén sigana milu ngiruhan, aya nu jadi lauk buruk milu mijah.

Sangkan sikep panatik teu ngalegaan di antara papada ummat Islam, mangka kahareupna, ummat Islam kudu ngawangun hiji sikep jeung pamadegan nu tandes ti saban organisasi. Organisasi ukur alat pikeun ngahontal hiji tujuan, nyaéta izzul Islam wal muslimin. Sapanatik kumaha ogé kana organisasi, ari jihat tujuanana mah pikeun izul Islam wal muslimin saeutikna mah bakal léah nalika béda paham.

Urang ulah nganggap dulur nu béda organisasi minangka jalma luar, tapi tetep dulur, ngan boga alat nu béda. Lamun urang organisasina PERSIS mangka ka NU ulah dianggap luar, pon kitu deui sabalikna. Eta kabéh dulur, alatna wungkul nu béda. Ieu pamadegan kudu digedurkeun tur mekarkeun ku urang. Jalaran kitu, melakeun sikep panatik dina ormas kurang hadé. Pék baé aya ajaran ka-Muhammadiah-an, ka Persis-an, ka Nu-an, lain sangkan jadi panatik, tapi pikeun ngawanohkeun alat anu dipake téh kieu sajarahna, kieu khittohna. Jigana ceuk kuring mah kitu pipikiran para panaratas organisasi baheula téh, minangka alat pikeun da’wah.

Urang ogé sadar, panatisme bakal ngagedur lamun geus paaduhareupan jeung pilihan pulitik anu aya pakuat-pakaitna jeung korsi atawa nu séjénna. Dina sajarah ogé katohyan yén ummat Islam mah rémpan lamun geus béda paham dina pulitik téh, gampang paraséa, béda paham dina pikih mah camberut meueusan lah, tapi lamun geus kana ambahan pulitik mah, nu asalna sobat dalit ogé dipaséaan. (Wawancara: Alma’/BD).* 

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: