• Buku Anyar Medal

  • Parantos Medal Buku Kumpulan Khutbah Jum'at & Idul Fitri - Basa Sunda (455 halaman). Tiasa di Galeuh di 085294062010 / Bina Da'wah
  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

  • ARSIP SERATAN

  • qiozweb
  • ”amung
  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Khutbah Iedul Adlha 1432 H: Hirup Saimbang Wujud Tina Harti Qurban

MAHA Agung Allóh anu parantos maparin ni’mat hirup jeung kahirupan ka urang sadaya, nepi ka dina wanci haneut moyan ieu urang tiasa ngantengkeun haté jeung haténa papada muslim. Maha Luhur Allóh, anu nyiptakeun sagala perkara, anu Esa dina wujud, pangawasa, gagah sareng kagagahan-Na. Maha Gagah Allóh, anu kagungan karajaan, anu kagungan kadali paréntah jeung panyaram, henteu aya anu maréntah atanapi ngabantah ka Mantenna. Maha Asih Allóh, anu ngatur sakabéh mahluk katut kahirupanana, anu aya saméméh diayakeunana sagala perkara. Maha Mulya Allóh anu henteu aya hiji perkara ogé anu nyarupaan Mantenna, suci tina sagala sipat-sipat anu lemah. Maha Esa Allóh, Esa kaagungan katut kalungguhan, pikeun kaagungan katut kakawasaanna henteu aya awal sareng ahirna. Maha Murah Allóh, anu henteu aya mimitina sareng henteu aya tungtungna, puncak hakékat anu sajati, anu hamo bisa dihontal ku akal manusa. Maha Jembar ku Pangampurana, anu ginuluran kurnia sareng pangampura ka abdi-abdi-Na anu tobat.

Continue reading