TAUHID CECEKELAN POKO ANUNANGTUKEUN KAHIRUPAN MANUSA

* Aweuhan Mimbar: Khotbah Jumat

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh!

Sagala puji éta kagungan Alloh, Robb jeung sesembahan sakumna alam, anu parantos namplokkeun kani’matan katut kurnia-Na anu taya kendatna, boh anu mangrupa kaséhatan, kasugemaan nepika urang tiasa nyumponan kawajiban sholat juma’ah. Read more »

DAULAH ISLAM: AGÉNDA POLITIK UMAT

madinaLAPORAN Utama BD anu ayeuna dimaksudkeun minangka tadzkiroh pikeun urang, hususnya para calég jeung umumna umat Islam, pikeun naratas jalan kana Daulah Islam atawa Darul Islam, sacara konsitusional. Koncina, rempeg tur sauyunan ogé nyadarkeun umat Islam ngeunaan kawajiban ngalaksanakeun ajaran Islam sapuratina. Read more »

Gerentes Hate: Fatwa Golput MUI

golputFATWA anyar MUI, hasil Forum Ijtima’ Ulama ping 24 – 26 Januari 2009 di Padang Panjang Sumatera Barat, meunang réaksi pro-kontra, hususna sual fatwa ngeunaan hukum teu milih dina pemilu alias golput (golongan putih). Pemberitaan jeung paguneman ahéng sarta kiwari geus rada sepi. Kamungkinan, isu fatwa golput bakal midang deui bari dipadungdéngkeun nalika poénan Pemilu Législatif, 9 April 2009. Read more »

Ngantep Kama’siatan

Ambara: KH. Athian Ali M Da’I, Lc, MA.

athian-ali-sAYA sababaraha hikmah di satukangeun tobatna urang tina sagala dosa. Hikmah kahiji, urang meresihan jiwa atawa qolbu nu bisa jadi geus loba teuing dikotoran ku titik-titik hideung akibat laku lampah ma’siat jeung dosa  nu dilakukeun ku urang. Lamun teu gura-giru tobat, nya titik-titik hideung éta bakal ngalobaan nepika nutupan sakabéh haté antukna urang bakal hésé pikeun meunang hidayah ti Mantenna. Read more »

AKHLAK RAMIJUD BALUKAR PANGARUH PAHAM ANU SALAH

Ambara: Prof. Dr. KH. Miftah Faridl
Ketua Majelis Syuro Dewan Da’wah Islamiyah Jawa Barat.

miftah-faridlTARÉKAH anu kudu dilakukeun tur disanghareupan ku umat Islam kiwari téh nyaéta ngabénténgan umat tina pangaruh-pangaruh sékulérisme. Salian ti pangaruh-pangaruh Barat anu nyasarkeun umat Islam, ogé pangaruh-pangaruh nu tumuwuh di tengah masarakat Islam sorangan, saperti bentuk syirik, bid’ah, jeung khurofat. Read more »

JIHAD Jalan Da’wah Para Nabi jeung Rosul

Hadirin Rohimakumulloh!
Sagala puji éta kagungan Alloh, Robb katut sesembahan sakumna alam, anu parantos maparin kani’matan jeung kurnia-Na anu taya kendat-kendatna sapanjang jaman ka mahluk-Na. Boh nu mangrupa kaséhatan, kasempetan tug nepika urang bisa nyumponan kawajiban sholat jum’at. Read more »

GERENTES HATE

CEUK sawangan mah hawa pulitik bakal karasa beuki ngahéab panas ti saprak awal taun 2009 M/1430 H. Anu jadi cukangna, para calég (calon anggota législatif) mingkin tarik tur harus ngalakukeun kompanyé pulitik. Ayeuna baé kelebat partéy, spanduk, jeung poto-poto calég geus euyeub minuhan pirang-pirang patempatan jeung sisi jalan raya. Read more »