PULITIK ISLAM ATAWA PULITIK ANU IDEOLOGI ISLAM

KIWARI saba’da Pemilu Legislatif (Pileg) jeung Pemilu Présidén (Pilprés) 2009 réang saur manuk madungdéngkeun naon nu ku maranéhna disebut Pulitik Islam malahan maranéhna nétélakeun yén pulitik Islam mah geus pareum. Cicirén nu ku maranéhna digunakeun nyaéta ku bangkarna partéy-partéy Islam, matak sedih mah, ceuk maranéhna, nu disebut partéy-partéy Islam téh saukur nu ngalengkepan kameunangan ti partéy unggul di Pileg, dina wangun koalisi.

LOLONG BONCONONG

Ku Ki Édas

SIM kuring gaduh kayakinan, yén sadayana ogé parantos papada arapal, naon ari nu disebat lolong. Nyaéta teu ningal téa. Margi socana resak. Dupi bonconong mah sami sareng bolotot. Moncorong saperti bulan tanggal opat welas atanapi panon poé nuju sumirat di palih wétan. Katingali buleudna, kalayan atra. Naon atuh pihartoseunana babasan lolong bonconong téh?

NGEUNTEUNG

Pedaran : Ki Édas

Ngeunteung ngerupakeun kecap pagawéan, robahan tina kecap eunteung. Nya moal aya nu bireuk deui atuh kana barang nu ngaranna eunteung mah. Pikeun awéwé atawa wanoja mah eunteung teu sirikna geus dijieun dulur pet ku hinis. Layeut lir gula jeung peueut. Tara pukah. Éstu gegentétan baé. Kamana waé nyi mojang indit éta eunteung teu weléh ngukuntit.

NGABUNTUT BANGKONG

Pedaran : Ki Edas

BUNTUT ngarupakeun daging atawa tulang anu jadi, atawa nonjol dina awak. Cungcurungan mun di manusa mah. Mun di hayam mah tunggir ngaranna téh. Anu disebut buntut, biasana mah panjang ngagebay, kawas pecut, saperti buntut oray, buntut maung, buntut ucing, buntut singa, buntut gajah jeung sajabana. Tapi ogé aya buntut anu parondok, saperti manuk atawa hayam. Anu kaciri buntut dina hayam atawa manuk mah nyaéta buluna.

Teu Kaur Buluan

* Pedaran: Ki Edas
MOAL aya nu teu apaleun kana nu ngaran bulu mah, demi kabéh manusa baroga bulu. Kaistiméwaanna bulu nyaéta dina soal rupa-rupa ngaranna. Di mana éta bulu jadi ngaranna séjén deui. Geura ieuh urang tataan.
Upama bulu téh jadina dina sirah, ngaranna buuk, lemesna rambut. Di luhureun panon, halis. Luhureun biwir, kumis. Dina gado, [...]

NAMPIK SYAREAT ISLAM: KAMUNKARAN RONGKAH

Ku Drs. H. Mohammad Noch Djuremi
NUMUTKEUN basa, syaréah hartina cai nyusu nu teu kungsi eureun ngocor, “sumber mata air”, atawa tempat ngumpulna cai (Lisaanul Arab Hlm. 40), atawa jalan nu ngempray caang (QS. Al-Maidah: 4).
Demi syaréah numutkeun istilah mah, nyaéta undang-undang nu jadi sumber hukum pikeun laku lampah atawa pasualan jalma mukallaf. Upama hiji sumber [...]