GERENTES HATÉ: ‘Islam Yes, Partai Islam No’

NALIKA Cak Nur (Nurcholish Madjid) baheula ngedalkeun gagasan “Islam Yes, Partai Islam No!”, kontroversi mahabu. Anu “pro” nétélakeun, mémang bener, pikeun merjuangkeun Islam mah teu mesti ku ngadegkeun partéy nu maké cap atawa labél Islam. Anu “kontra” nyebutkeun, Cak Nur ngadagangkeun sékulérisme, misahkeun agama (Islam) jeung nagara (pulitik) –sedengkeun Islam éta ngatur kana sagala aspék kahirupan, kaasup pulitik.

Gerentes Hate: Fatwa Golput MUI

FATWA anyar MUI, hasil Forum Ijtima’ Ulama ping 24 – 26 Januari 2009 di Padang Panjang Sumatera Barat, meunang réaksi pro-kontra, hususna sual fatwa ngeunaan hukum teu milih dina pemilu alias golput (golongan putih). Pemberitaan jeung paguneman ahéng sarta kiwari geus rada sepi. Kamungkinan, isu fatwa golput bakal midang deui bari dipadungdéngkeun nalika poénan Pemilu Législatif, 9 April 2009.

GERENTES HATE

CEUK sawangan mah hawa pulitik bakal karasa beuki ngahéab panas ti saprak awal taun 2009 M/1430 H. Anu jadi cukangna, para calég (calon anggota législatif) mingkin tarik tur harus ngalakukeun kompanyé pulitik. Ayeuna baé kelebat partéy, spanduk, jeung poto-poto calég geus euyeub minuhan pirang-pirang patempatan jeung sisi jalan raya.

’Jadi Semah di Imah Sorangan’

SOK sanajan umat Islam minangka mayoritas padumuk Indonesia, tapi nepi ka kiwari acan bisa méré kelir nu matak ngagumbirakeun pikeun bangsa Indonésia dina enggoning nyorang lampahna. Béda jeung nalika mangsa-mangsa saméméh merdéka. Nalika umat Islam jadi panghareupna dina ngayonan penjajah.
Ieu kungsi dikedalkeun ku Ketua Umum PP Muhammadiyah Prof. Dr. Din Syamsudin, dina hiji acara [...]