Posted on June 8, 2009 by Romeltea
* Ambara: HM Daud Gunawan
SABA’DA ngabandungan hasil ahir partéy-partéy Islam dina pemilu legislatif anu kurang nyugemakeun, nya agénda kahareup anu kudu dilakukeun ku partéy-partéy Islam tadi taya lian iwal kudu ngalaksanakeun;
Kahiji, Évaluasi. Naon pangna partéy-partéy Islam sorana lain nambahan tapi sabalikna kalahka ngurangan, malah aya nu nepika teu nyumponan kana katangtuan nu disebut parliamentry threshold.
Filed under: Ambara_Kolom | Tagged: Koalisi Partey | Leave a Comment »
Posted on June 8, 2009 by Romeltea
Ambara: KH. Athian Ali M. Da’i, M.A
AYA sawatara tuduhan anu ditujukeun ka Islam, yén hukum Islam mah beurat, kejem jeung teu manusiawi. Padahal upama diguar kalawan maké pikiran nu waras tangtu tuduhan kitu téh teu aya alesanana.
Paling henteu, aya opat kaistimewaan syaréat Islam, nyaéta; kahiji, Islam minangka papagon hirup manusa
Filed under: Ambara_Kolom | Tagged: Syareat Islam | Leave a Comment »
Posted on June 8, 2009 by Romeltea
* Ambara: KH Athian Ali M Da’i, Lc., MA
DINA prinsip Islam, saban amal manusa éta kabéh alatan ku ayana hidayah Mantenna. Dina harti, saban manusa, boh mumin atawa kapir bolongkotan éta geus narima hidayah-Na. Tapi, sok sanajan kitu aya sababaraha hidayah nu saukur dipibanda ku jalma-jalma anu tangtu. (QS. 87:1-3, 20 : 50, 90 : 10 jeung 76 : 3). Ma’na tina ayat-ayat di luhur méré hiji kacindékan yén sakabéh mahluk-Na, lain saukur manusa wungkul tapi sakabéh mahluk ciptaan-Na éta parantos dipaparin hidayah, dina énggoning nyorang prosés kahirupanana.
Filed under: Ambara_Kolom | Leave a Comment »
Posted on March 12, 2009 by binadakwah
Ambara: KH. Athian Ali M Da’I, Lc, MA.
AYA sababaraha hikmah di satukangeun tobatna urang tina sagala dosa. Hikmah kahiji, urang meresihan jiwa atawa qolbu nu bisa jadi geus loba teuing dikotoran ku titik-titik hideung akibat laku lampah ma’siat jeung dosa nu dilakukeun ku urang. Lamun teu gura-giru tobat, nya titik-titik hideung éta bakal ngalobaan nepika nutupan sakabéh haté antukna urang bakal hésé pikeun meunang hidayah ti Mantenna.
Filed under: Ambara_Kolom | Tagged: Artikel Sunda | Leave a Comment »
Posted on January 26, 2009 by Romeltea
Ambara: Prof. Dr. KH. Miftah Faridl
Ketua Majelis Syuro Dewan Da’wah Islamiyah Jawa Barat.
TARÉKAH anu kudu dilakukeun tur disanghareupan ku umat Islam kiwari téh nyaéta ngabénténgan umat tina pangaruh-pangaruh sékulérisme. Salian ti pangaruh-pangaruh Barat anu nyasarkeun umat Islam, ogé pangaruh-pangaruh nu tumuwuh di tengah masarakat Islam sorangan, saperti bentuk syirik, bid’ah, jeung khurofat.
Filed under: Ambara_Kolom | Leave a Comment »
Posted on January 26, 2009 by Romeltea
AMBARA: KH. ATHIAN ALI M. DA’I
DINA ayat-ayat awal Quran Surat Al-Baqoroh (1-8), Alloh SWT maparin gambaran yén dina kahirupan di dunya téh aya tilu golongan manusa anu nangtukeun sikepna kana bebeneran, nyaéta mumin, kafir, jeung munapék.
Golongan kahiji diécéskeun dina tilu ayat (ayat 3, 4 jeung 5); golongan kadua dijelaskeun dina dua ayat (ayat 6 jeung 7); jeung golongan katilu diécéskeun dina tilu welas ayat (ayat 8 nepika 20).
Filed under: Ambara_Kolom | 1 Comment »
Posted on October 10, 2008 by Romeltea
Parantos medal, buku kumpulan seratan Dr. KH. Miftah Faridl dina rubrik AMBARA Majalah Bina Da’wah. Pamedal: Bina Da’wah. Tebal: 250 halaman. Pemesanan hubungi bagian marketing BD.*
Filed under: Ambara_Kolom, Bewara, Uncategorized | Leave a Comment »