• Buku Anyar Medal

  • Parantos Medal Buku Kumpulan Khutbah Jum'at & Idul Fitri - Basa Sunda (455 halaman). Tiasa di Galeuh di 085294062010 / Bina Da'wah
  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

  • ARSIP SERATAN

  • qiozweb
  • ”amung
  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Khutbah Iedul Adlha 1432 H: Hirup Saimbang Wujud Tina Harti Qurban

MAHA Agung Allóh anu parantos maparin ni’mat hirup jeung kahirupan ka urang sadaya, nepi ka dina wanci haneut moyan ieu urang tiasa ngantengkeun haté jeung haténa papada muslim. Maha Luhur Allóh, anu nyiptakeun sagala perkara, anu Esa dina wujud, pangawasa, gagah sareng kagagahan-Na. Maha Gagah Allóh, anu kagungan karajaan, anu kagungan kadali paréntah jeung panyaram, henteu aya anu maréntah atanapi ngabantah ka Mantenna. Maha Asih Allóh, anu ngatur sakabéh mahluk katut kahirupanana, anu aya saméméh diayakeunana sagala perkara. Maha Mulya Allóh anu henteu aya hiji perkara ogé anu nyarupaan Mantenna, suci tina sagala sipat-sipat anu lemah. Maha Esa Allóh, Esa kaagungan katut kalungguhan, pikeun kaagungan katut kakawasaanna henteu aya awal sareng ahirna. Maha Murah Allóh, anu henteu aya mimitina sareng henteu aya tungtungna, puncak hakékat anu sajati, anu hamo bisa dihontal ku akal manusa. Maha Jembar ku Pangampurana, anu ginuluran kurnia sareng pangampura ka abdi-abdi-Na anu tobat.

Allóhu Akbar, Allóhu Akbar, Allóhu Akbar wa Lilláhil Hamdu!
‘Aidin wa ‘Aidat Rohimakumullóh!
Dina poénan Iedul Adlha ieu aya tilu kajadian penting anu dijadikeun ‘momentum’ sajarah pikeun kahirupan ummat manusa.
Kajadian kahiji, ku rempeg sauyunanna ummat manusa diulem Allóh SWT pikeun ngalaksanakeun sholat Iedul Adha berjama’ah, turta dianjurkeun sangkan dilaksanakeun di tegalan. Kasawang kacida pisan lobana tempat anu digunakeun ku ummat Islam di sakuliah dunya ieu pikeun sholat Iedul Adlha. Ieu ngarupakeun ‘momen’ aksi rempeg anu ngalambangkeun sabeungkeutan jeung ngahijina kaom muslimin.
Kajadian anu kadua, patulayahna jutaan sato kurban jeung ngocorna getih tanda pangorbanan ummat Islam. Biasana ngocorna getih téh ngalambangkeun kakejeman jeung kabengisan. Tapi peristiwa qurban ummat Islam dina poénan Iedul Adlha mah ngarupakeun wujud tina kato’atan ka Allóh SWT jeung ngarupakeun hiji kagiatan sosial anu ngalambangkeun kaasih jeung kanyaah ka sasama ummat manusa, malahan rohmatan lil ‘álamin. Ku meuncit qurban ieu mawa pangaruh hadé dina ngungkulan pasualan kamasarakatan salian ti ngaronjatkeun sumanget pangorbanan. Naha lain anu jadi aki urang sadaya salaku kaom muslimin, nyaéta Nabi Ibrohim parantos némbongkeun conto, réhna anjeunna parantos henteu mangmang deui pikeun qurban ku meuncit putrana nyalira Ismail? Pék sawang, lamun téa mah Nabi Ismail bener-bener digérésél dipeuncit nepi ka maotna, bakal jiga kumaha sajarah dunya anu ku urang dicicingan kiwari?
Kajadian anu katilu, ibadah haji di tanah suci Makkah al Mukarromah anu dilaksanakeun ku kaom muslimin anu dipaparin kurnia ngawaler uleman Allóh SWT, ieu ngarupakeun muktamar dunya anu diluuhan ku pirang-pirang bangsa, basa jeung rupa anu béda-béda, anu ngedalkeun soanten, jeung gerak anu sarua, takbir, tahmid jeung tahlil. Sorana ngambah sagara alam, saigel jeung satujuan, nyaéta ngawaler panghiap Allóh SWT.

Allóhu Akbar, Allóhu Akbar, Allóhu Akbar wa Lilláhil Hamdu!
‘Aidin wa ‘Aidat Rohimakumullóh!
Lamun téa mah tilu kajadian tadi dirékam di sakaliguskeun tur ditémbongkeun deui ka urang pikeun ditongton, tanwandé saban jalma anu lalajona bakal kagum, nepi ka ahirna tumuwuh dina dirina rasa henteu boga daya jeung upaya, kacida pisan leutikna dirina di payuneun Allóh Anu Maha Agung.

Salengkepna aos di BD edisi NOPEMBER 2011 – Info langganan 085220570547 (ust. ALit Supriana)

About these ads

2 Responses

  1. pamugi elmu anu tos disebar luaskeun janten pangaping lebet ka sawarga

  2. pamunut artikel di update kumargi seueur nu tos lami sapertos khutbah jum,at, pami tiasa mah tiap jum,at di perbaharui…!!!

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: