Posted on August 28, 2007 by binadakwah
Tisaprak mardika, umat Islam Indonesia geus ngabogaan pamarentahan sorangan. Hanjakal, umat Islam gagal ngagulkeun Islam jadi “ideologi negara”. Balukarna, geus 62 taun leuwih umat Islam hirup di nagara sekuler, anu teu ngajadikeun Islam minangka papagon hirup berbangsa jeung bernegara.
Kumaha hukumna hirup di nagara nu teu nanjeurkeun hukum Islam? “Dosa,” ceuk Syekh Al-Qorodhowi mah. ”Dosa atawa kafir,” ceuk [...]
Filed under: Bewara | Leave a Comment »
Posted on August 22, 2007 by binadakwah
DA’WAH dibaladah, tapi maksiat ogé beuki ceuyah. Éta gambaran kondisi masarakat urang jaman kiwari. Écés, upama kondisina kitu, mangka aya nu salah dina tarékah da’wah, sajabana ti pangaruh da’wah Islam anu éléh ku pangaruh “da’wah” atawa pangajak ka jalan anu salah jeung sasab.
Salah sahiji tarékah anu teu merenah dina jalan da’wah nyaéta “sikep ekstrem” [...]
Filed under: Laporan Utama | Leave a Comment »
Posted on August 22, 2007 by binadakwah
Hadirin Rohimakumulloh!
Hayu urang taraqwa ka Alloh Swt. Ieu mangrupa uar pangajak nu remen diwawarkeun ku para khotib dina saban khutbah jum’at nu ku aranjeunna didugikeun. Taqwa, taya lian bénténg kahirupan jeung taméng haté. Taqwa hartina, “Ngaraksa diri sangkan teu tikusruk kana laku lampah nu teu dipikaridlo ku Alloh, ngaraksa paréntah-Na sangkan ditanjeurkeun”.
Aya sawatara jalma nu [...]
Filed under: Khutbah Jumat | 1 Comment »
Posted on August 21, 2007 by binadakwah
Ku KH. MIFTAH FARIDL
“Ucapan ku laku lampah eta leuwih anteb tur kuat balukarna tibatan laku lampah ku ucapan wungkul. Atawa nyarita ku gawe mah leuwih gede mangpaatna batan gawe ku nyarita wungkul”.
Siti Aisyah kantos ditaros ku para sohabat, naon rusiah kaberhasilan perjoangan Nabi, anjeuna ngawaler; “Rusiah kaberhasilan perjoangan nabi SAW nyaeta akhlakna”. Akhlak eta pisan [...]
Filed under: Ambara_Kolom | Leave a Comment »
Posted on August 21, 2007 by binadakwah
Islam Dibandingkeun Jeung Ajaran Séjén
Ku KH. Athian Ali M Da’i, Lc, MA
DITILIK tina jihat kaimaan urang, tinangtu urang yakin yén sagala rupi anu disaurkeun Alloh téh mutlak benerna. Urang dipahing pikeun ngahamhamkeun naon rupi dawuhan Alloh SWT. “Dzaalikal kittaabu laa roibaa fiihi”. Teu aya saeutik ogé kahamham. “Innalladziina aamanu billahi warosuulihi tsumma lam yartaabuu”. Satemenna [...]
Filed under: Ambara_Kolom | Leave a Comment »
Posted on August 21, 2007 by binadakwah
Ku KH. Miftah Faridl
Islam asup ka Indonésia, ditepikeun ku para saudagar (padagang), nu ngawanohkeunana téh estu bener-bener jalma dagang. Hartina nalika dagang bisa payu nepi ka loba nu datang. Bisa jadi, kaom pedagang ieu teu mibanda élmu nu luhung tur jembar ngeunaan bag-bagan agama. Tapi maranéhna mibanda kapengkuhan nu weweg ngeunaan pentingna nyebarkeun Islam.
Di [...]
Filed under: Ambara_Kolom | 1 Comment »
Posted on August 21, 2007 by binadakwah
Ku KH. Miftah Faridl
AL-QURAN nétélakeun yén Alloh SWT parantos nyiptakeun manusa jadi sababaraha golongan, “Yeuh manusa! saéstuna Kami ngajadikeun maranéh ti hiji lalaki jeung hiji awéwé, jeung Kami geus ngajadikeun maranéh sababaraha bangsa jeung sababaraha golongan……. “.
Tujuan tina diciptakeunana manusa jadi sababaraha golongan jeung bangsa dijéntrékeun di tengah ayat surat al-Hujurot éta nyaéta; “Sangkan maranéh silih [...]
Filed under: Ambara_Kolom | Leave a Comment »