• Buku Anyar Medal

  • Parantos Medal Buku Kumpulan Khutbah Jum'at & Idul Fitri - Basa Sunda (455 halaman). Tiasa di Galeuh di 085294062010 / Bina Da'wah
  • ROHANGAN

  • SERING DIAOS

  • ARSIP SERATAN

  • qiozweb
  • ”amung
  • Pangjajap Edisi Desember

      URANG tetep syukur ka Allóh, réhna urang bisa kénéh tepung deui jeung taun anyar Islam, 1433 Hijriyah. Kana taun Islam ieu, urang salaku umat Islam boga kapentingan anu pohara gedéna pikeun nyosialisasikeun atawa ngamasarakatkeun pananggalan Islam, sabab éta téh ngarupakeun asét urang salaku umat Islam. Salian ti éta ibadah-ibadah urang, saperti shaum, boh anu sunatna atawa anu wajibna tug nepi ka shaum haram, zakat, haji, kabéhanna diatur ku pananggalan taun Hijriyah.

      Kalintang pentingna urang nyaho tur apal kana pananggalan hijriyah ieu, sangkan urang boga sumanget hijrah. Naon pangna para sahabat, milih ‘moméntum’ hijrah ieu salaku titik panginditan taun anyar Islam? Demi dina peristiwa hijrah téh euyeub ku katuladanan, kapahlawanan, pangorbanan, kacerdasan, karancagéan, sanasib sapihanéan jeung réa-réa deui ajén-ajén anu kudu jadi karakter urang kiwari. Hijrahna Kangjeng Rosul sareng para shahabat, ti Kota Makkah ka Madinah, ku kholifah Umar bin Khoththob RA ditetepkeun salaku titik panginditan taun anyar Islam, anu loma disebut taun hijriyah, anu dikawitan ti sasih Muharram. Hijrah téh dijadikeun moméntum pikeun ngagedurkeun sumanget anyar umat Islam. Sacara pisik, hijrah ti Makkah ka Madinah téh parantos teu aya. Tapi sacara spiritual mah sumanget hijrah téh nepi ka kiwari ogé tetep lumaku sarta hirup. Tilu alinéa nembé téh nyaéta cutatan tina Ambara-1 sareng Ambara-4 pidangan BD sasih ieu. Jejer sareng Laporan Utama BD sasih ieu nyaéta perkara hijrah. Salian ti medar perkara hijrah, BD sasih ieu medar perkara koruptor. Naha payus koruptor dihukum pati, saperti anu diperedih ku salah sawios inohong Islam. Waleranna aya dina Ambara-3. Bina Da’wah, kanggo jaga teu hilap ayeuna. Cag!

Laput BD Maret 2012 : “Makar Kaom Kuffar, TI GERAKAN DERADIKALISASI NEPIKA NGABUBARKEUN FPI”

GOLONGAN lantardho(Yahudi jeung Nashroni) moal eureun merangan ummat Islam satungtung ummat Islam encan serah-bongkokan pikeun nuturkeun agama maranéhna. Sagala cara pasti dilakonan boh ngaliwatan cara anu nyamuni atawa ku gerakan anu terang-terangan, kaasup ku cara ngadu-domba ummat Islam. Éta pisan anu dilakukeun ku Amérika kafir jeung konco-koncona ngaliwatan gerakan nu disebut ‘Deradikalisasi Islam’. Ieu gerakan téh kacida bahayana pikeun ummat Islam sabab bakal ngondang perpecahan di internal ummat Islam. Ieu gerakan téh bahrutengna dikocorkeun ti pihak asing jeung APBN. Maranéhna ngupayakeun sangkan ummat Islam sasar dina ngama’naan jihad, khilafah, thogut jeung réa-réa deui.

Salian ti ngalakukeun Gerakan Deradikalisasi Islam, golongan lanthardo anu ngagunakeun LSM jeung Ormas pro Barat ogé ngarorojok pikeun ngabubarkeun Ormas Islam nu dianggap radikal kayaning Front Pembela Islam (FPI), JAT jeung réa-réa deui. BACA SAMBUNGANNANA !

MÉDIA ISLAM VÉRSUS MÉDIA SÉKULÉR

SING saha nu ngawasa média informasi nya bakal ngawasa alam dunya. Éta adagium téh karasa pisan benerna dina jaman kiwari mah. Asup kana abad informasi jeung komunikasi, kahirupan jalma jeung opini sarta sikep kana hiji kajadian kacida pisan ditangtukeun ku pangawasaan média massa, ti mimiti televisi, radio, koran, majalah nepika buletin.

Rék diaku atawa henteu, kanyataanana kiwari média massa boh tingkat internasional, nasional atawa régional mayoritasna didominasi ku média sékulér. Bari media Islam mah masih kénéh pabeulit ngurus diri pribadi.

Pikeun ngaronjatkeun kualitas média Islam jeung ngaraketkeun gawé-bareng diantara jurnalis muslim sa-alam dunya, nya Liga Muslim Dunia ngayakeun hiji gempungan nu disebut KMII-2. Continue reading

MANAN LÉWÉH MENDING WALÉH

KAWAS nu geus disétting ti anggangna, saminggu saméméh pangsiun, KPK pingpinan Busyro Muqoddas saolah-olah meunang kado istiméwa mangrupa kacerekna buron korupsi kelas kakap, Nunun Nurbaéti, tersangka mahkota kasus suap chék pelawat 24 Milyar dina pemilihan Deputi Gubernur Senior BI Miranda Gultom. Nunun dicerek ku Royal Police Thailand poé Rebo, 7 Desémber 2011 tur dibawa ka lemah cai dina poé Saptu, 10 Desémber 2011. Méh ampir sataun leuwih ieu pamajikan Adang Darojatun téh apruk-aprukan kabur ka sababaraha nagara. Ceuk Busyro, KPK teu bisa néwak Nunun gagancangan téh kusabab manéhna dibacking ku hiji kakuatan anu rongkah.

Continue reading

HIJRAH YU…….!!!

ASA cikénéh taun anyar Hijriyah kaalaman ku urang, ayeuna tos tepung deui. Alhamdulillah, hartina urang masih kénéh diwidian ku Mantenna pikeun ngaronjatkeun deui sumanget hijrah ka Alloh SWT. Judul sareng téma édisi ieu ngahaja diwangun ku kalimah provokasi. Enya provokasi. Tapi provokasi keur kahadéan. Maksudna sangkan sakumna anu maca ieu majalah kageuing deui ghirohna pikeun hijrah ka Alloh.

Panyeluk jeung pangajak kieu téh méh ampir unggal taun anyar Hijriyah diaweuhankeun ku para ulama, ustadz jeung kiayi dina raraga ngingetan anu geus poho atawa gaplah. Da rumasa urang mah sok gampang pohoan. Sumaget hijrah ieu teu meunang pareum sabab kondisi umat kiwari keur aya dina titik anu kacida handapna.

Dina Risalah Tabukiyah, Imam Ibnul Qoyyim ngabagi hijrah jadi dua rupa; kahiji, hijrah ku haté nuju ka Alloh jeung Rosulna. Hijrah nu ieu hukumna fardluaén pikeun unggal jalma iraha baé tur dimana waé. Nu kadua hijrah badan ti nagri kapir ka nagri Islam.

Continue reading

NAON ARI MUNJUNG?

DINA basa Sunda aya papagah anu unggelna “Ulah munjung ka gunung ulah muja ka sagara. Munjung mah kudu ka indung muja mah kudu ka bapa”. Éta papagah téh biasana diucapkeun ku hiji nini atawa ku hiji aki ka incuna. Lain ku kolot ka anakna. Da mémang kitu étikana. Lamun hiji nini atawa hiji aki boga incu geus gedé hég rada carékeun, biasana si nini atawa si aki sok papagah anu kawas kitu. Munjung téh asalna tina kecap punjung. Numutkeun Kamus Umum Basa Sunda Lembaga Basa jeung Sastra Sunda hartina “muja lantaran hayang beunghar jeung sajabana ku jalan kotor”. Ari munjungan nyaéta sasalaman kalawan hormat ka kolot atawa ka saluhureun (404, 1-11).

Continue reading

DU’A NANDANGAN KANYERI

 Upami di urang aya anu teu damang atawa anu kamusibatan diwajibkeun pikeun ngalongok sarta kudu ngedalkeun du’a pikeun anu dilongok. Upami urang anu kamusibatanana, aya du’a pikeun nandangan kanyeri?

Ikhwan ti Panjalu

Waleran : Dina hadits riwayat Attirmidzi shahabat Usman bin Ail’ash anjeunna ngalalakonkeun nalika

Continue reading

DIMÉNSI HJRAH

AYA sababaraha diménsi hijrah nu kudu diwujudkeun ku urang dina kahirupan sapopoé dina jaman modéren ieu, sangkan urang meunang berkah.

Kahiji, diménsi personal, yén unggal mu’min kudu leuwih alus kualitas kaimananna poé ayeuna tibatan poé kamari. Ku kituna dina al-Quran Alloh salawasna ngagunakeun kecap ahsanu amalan (panghadéna amal).

Continue reading